Bah Waluya,.. imajinasi we sanes ngaramal ieu mah.
Soal transportasi, sigana engke kahareup mangsa energi minyak tina fosil beak,
bakal loba kareta gantung anu
mangfaatkeun kamiringan/levitasi bumi nyaeta ngamangfaatkeun gaya tarik
gravitasi.
Bayangan kuring lamun ti Dago arek ka Buahbatu, gampil tinggal naek we kareta
gantung...serrrr we ngagolosor ti luhur ka handap. he.he.he..
Warokaya, lamun ti Buahbatu arek ka Dago, wayahna naek Sado, Delman atawa
Karetek atawa engkle we.
:)
On Tue Mar 29th, 2011 10:47 AM ICT Waluya wrote:
>> YADI supriadi wendy <yadi@...> wrote:
>> buah jarak lain teu bisa dipake bahan dasar biodiesel, bisa pisan
>> malah, leuwih ti eta buah "nyamplung" nu seueur di sisi basisir oge
>> bisa dijadikeun bahan dasar biodiesel. Ah pokona mah bungbuahan nu
>> sarupaning jarak, nyamplung, jagong, sampeu jrrd, dina dasarna mah
>> bisa dijadikeun energi (nu aya eusi hidro karbon).
>
>Terus terang kuring pesimis bahan bakar tina nabati bisa ngaganti bahan bakar
>tina fosil. Sababna diperlukeun lahan anu lega pisan di sakuliah dunya keur
>melakna. Tah umpama kitu, ari lahan keur melak pangan/NYATUna jelema dimana?
>Leuleutikan masalah ieu kungsi kajadian kurang leuwih 3 taun katukang, waktu
>harga minyak nerekel jadi 150 dollar/ barrel. Lahan lahan pertanian di Amerika
>nu tadina melak bahan pangan dikonversi jadi pelak jagong kabeh keur bahan
>biofuel. Akibatna urang Mexico amuk-amukan da jagong ti AS nu di ekspor ka
>Mexico jadi mahal, padahal jagong keur urang Mexico lain keur "inumeun" mobil,
>tapi hakaneun jelema. Kitu deui di Indonesia nu ngilu kababuk pangpangana
>kadele nu jadi mahal, da patani kedele ngonversi lahanna jadi jagong nu leuwih
>mahal.
>
>Biofuel ukur bisa ngasubtitusi, tapi moal bisa ngaganti peran bahan bakar tina
>fosil. Kitu deui sumber enerji sejen: geothermal, sinar panonpoe atawa nuklir.
>Sabab nuklir oge perlu bahan bakar uranium, nu engkena beak oge.
>
>Tah kulantaran kitu, di mangsa kahareup, duka teuing iraha-irahana mah, sigana
>gaya hirup manusa bakal robah, beda pisan jeung ayeuna. Gaya hirup model
>ayeuna, moal bisa dipertahankeun deui ...da sumber-sumber enerjina kawatesan
>(terbatas). Cik aya nu bisa ngaramal kira-kira gaya hirup model kumaha 200-300
>taun kahareup?
>
>Baktos,
>WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/