Pel anti gravitasi?
Tah lebah dieu kudu sing alus takeranana, bisi gede teuing, ari diteureuy ari 
berrr ngapung teu bisa turun deui...rek kumaha? Maksud ti Bandung rek ka 
Jakarta ari turun di mana boa..., leuheung mun pel boga keneh bisa balik deui. 
Sabalikna mun leutik teuing, maksud ti Bandung rek ka Jakarta ari gejebur di 
Cirata...ha..ha... Tapi anu kacida pentingna mah eta pel teh ulah neundeun 
sagawayah atawa rag-rag di mana bae, bisi dihakan gajah...atuh meureun eta 
gajah jadi hiber...leuheung mun ragrag di leuweung, kumaha mun eunteup dina 
suhunan imah...??? Gustiiii (OMG ceuk Kang Oman)...mun enya eta pel teh aya, 
geuning mantak loba mamalana!

Setiadi.


--- In [email protected], Maman <manz2002@...> wrote:
>
> Ulah kapalang ngarahul, kieu geura:
> Engke jaga, duka iraha-irahana mah, heueuh sugan jeung meureun... teknologi 
> beuki maju, sanajan sumber enerji fosil beak, salila panon poe aya keneh mah 
> ulah keueung, urang jepang keur ngakalan nyieun imitasi proses fotosintesis 
> anu ilahar lumangsung dina dangdaunan, ceuk kolot baheula mah disebutna 
> proses asimilasi cenah. 
> Anu diudag lain nyieun bahan pi-gula-eun (karbohidrat), tapi ngureikeun cai 
> sangkan ngahasilkeun enerji.
> ==========================
> Ah ceuk kuring mah lain ngarahul, da dina elmu fisika mah, anu kaluar ti 
> heula teh biasana teori (rumusan-2), anu mana ngabuktikeunna teuing iraha. 
> Luhungna elmu fisika mah palebah dieu, bisa ngaramal, aya hipotesa(teori) ti 
> heula anu pembuktianna ti pandeuri.  
> Hiji conto ceuk Einstein, cahaya teh bisa melengkung (dibelokkeun) ku gaya 
> tarik
> gravitasi, kusabab cahaya boga sifat partikel. Anu ngarana partikel bisa 
> katarik ku medan gravitasi. Ku teknologi ayeuna eta phenomena nu asalna tina 
> dugaan(eta hipotesa) bisa katingali jeung kabuktikeun ku efek peneropongan 
> bintang Hubble. 
> 
> Balik ka soal ngureikeun cai(H20), bisa jadi hiji mangsa kapanggih metode 
> pikeun ngureikeun H20 ku jalan anu sederhana jeung murah.  Bisa katimu 
> Hidrogen (bebas) anu bisa jadi bahan energi. Numutkeun wikipedia Hidrogen 
> gampil terbakar, rumusna :
>     2 H2(g) + O2(g) â†' 2 H2O(l) + 572  kJ (286 kJ/mol) 
> 
> Duka kumaha teknikna ngureikeun H20 (cai) jadi  H2 jeung O2. ( Tong dipikiran 
> nya bisi lieur)
> 
> ==================
> Keun tong dipikiran kumaha-kumahana mah, pondok carita eta proses geus hasil, 
> malah leuwih ti kitu. 
> 
> Ku majuna teknologi, jelema teu kudu indit-inditan, ayeuna karasa perlu BBM 
> teh keur transportasi, jaga mah teu perlu transportasi, sagala nu 
> dipikahayang teu kudu diteang, kari mencet remot atawa noel angin, jol 
> nyampak hareupeun. Komputer aya di mana-mana, sawareh narapel dina awak, bari 
> teu perlu listrik, ku panas awak cukup ngahirupan komputer jeung sapuratina, 
> komputer nu teu napel dina awak cukup ku dideukeutan bisa hirup, nyieun 
> naskah/artikel teu kudu ngetik jeung ngeprint, karak ngalamun naskah jol 
> kaluar we tina printer. Lantaran teu kudu loba gidig, awak jelema 
> ngaleutikan, kari sirah we nu nyesa teh ... malah sawareh ngagedean lantaran 
> otakna loba eusina, sawareh ngaleutikan lantaran geus bisa nyieun otak 
> imitasi siga flash-disk anu bisa ngamuat memori rebuan jutaan Giga. Ku 
> maju-majuna teknologi, manusa teu perlu nyatu, asal make baju khusus anu bisa 
> nyieun proses nu siga dina daun tea, salila panon poe aya keneh mah cukup ku 
> moyan ge
>  seubeuh da ... peujit ge boa aya keneh boa geus euweuh. GEUS ah bisi 
> kalalanjoan.... pek tuluykeun.
> 
> ==========
> Tuluykeun ? Sok lah.
> 
> Aya oge pamikiran, lamun hiji mangsa ditimukeun unsur antanapi elemen "anti 
> gravitasi", anu mana bisa nimbulkeun efek bisa ngapung teu kudu make 
> pendorong. Jadi mun kitu indit-inditan cukup ku ngapung ka luhur,
> we da geus "nginum pil anti gravitasi". Hiber we kamana.. he.he..he..
> 
> Mangga nu sanes bilih bade neraskeun.  :)
> 
> On Tue Mar 29th, 2011 10:53 PM ICT setiadi_rs wrote:
> 
> >Ulah kapalang ngarahul, kieu geura:
> >Engke jaga, duka iraha-irahana mah, heueuh sugan jeung meureun... teknologi 
> >beuki maju, sanajan sumber enerji fosil beak, salila panon poe aya keneh mah 
> >ulah keueung, urang jepang keur ngakalan nyieun imitasi proses fotosintesis 
> >anu ilahar lumangsung dina dangdaunan, ceuk kolot baheula mah disebutna 
> >proses asimilasi cenah. Anu diudag lain nyieun bahan pi-gula-eun 
> >(karbohidrat), tapi ngureikeun cai sangkan ngahasilkeun enerji. Keun tong 
> >dipikiran kumaha-kumahana mah, pondok carita eta proses geus hasil, malah 
> >leuwih ti kitu. Ku majuna teknologi, jelema teu kudu indit-inditan, ayeuna 
> >karasa perlu BBM teh keur transportasi, jaga mah teu perlu transportasi, 
> >sagala nu dipikahayang teu kudu diteang, kari mencet remot atawa noel angin, 
> >jol nyampak hareupeun. Komputer aya di mana-mana, sawareh narapel dina awak, 
> >bari teu perlu listrik, ku panas awak cukup ngahirupan komputer jeung 
> >sapuratina, komputer nu teu napel dina awak cukup ku dideukeutan bisa hirup,
>  nyieun naskah/artikel  teu kudu ngetik jeung ngeprint, karak ngalamun naskah 
> jol kaluar we tina printer. Lantaran teu kudu loba gidig, awak jelema 
> ngaleutikan, kari sirah we nu nyesa teh ... malah sawareh ngagedean lantaran 
> otakna loba eusina, sawareh ngaleutikan lantaran geus bisa nyieun otak 
> imitasi siga flash-disk anu bisa ngamuat memori rebuan jutaan Giga. Ku 
> maju-majuna teknologi, manusa teu perlu nyatu, asal make baju khusus anu bisa 
> nyieun proses nu siga dina daun tea, salila panon poe aya keneh mah cukup ku 
> moyan ge seubeuh da ... peujit ge boa aya keneh boa geus euweuh. GEUS ah bisi 
> kalalanjoan.... pek tuluykeun.
> >
> >Setiadi.
> >--- In [email protected], Maman <manz2002@> wrote:
> >>
> >> Bah Waluya,.. imajinasi we sanes ngaramal ieu mah.
> >> Soal transportasi, sigana engke kahareup mangsa energi minyak tina fosil 
> >> beak, bakal loba kareta gantung anu
> >> mangfaatkeun kamiringan/levitasi bumi nyaeta ngamangfaatkeun gaya tarik 
> >> gravitasi. 
> >> Bayangan kuring lamun ti Dago arek ka Buahbatu, gampil tinggal naek we 
> >> kareta gantung...serrrr we ngagolosor ti luhur ka handap. he.he.he..
> >> 
> >> Warokaya, lamun ti Buahbatu arek ka Dago, wayahna naek Sado, Delman atawa 
> >> Karetek atawa engkle we.
> >> 
> >> :)
> >> 
> >> On Tue Mar 29th, 2011 10:47 AM ICT Waluya wrote:
> >> 
> >> >> YADI supriadi wendy <yadi@> wrote:
> >> >> buah  jarak lain teu bisa dipake bahan dasar biodiesel, bisa pisan 
> >> >> malah, leuwih ti eta buah "nyamplung" nu seueur di sisi basisir oge 
> >> >> bisa dijadikeun bahan dasar biodiesel. Ah pokona mah bungbuahan nu 
> >> >> sarupaning jarak, nyamplung, jagong, sampeu jrrd, dina dasarna mah 
> >> >> bisa dijadikeun energi (nu aya eusi hidro karbon). 
> >> >
> >> >Terus terang kuring pesimis bahan bakar tina nabati bisa ngaganti bahan 
> >> >bakar tina fosil. Sababna diperlukeun lahan anu lega pisan di sakuliah 
> >> >dunya keur melakna. Tah umpama kitu, ari lahan keur melak pangan/NYATUna 
> >> >jelema dimana? Leuleutikan masalah ieu kungsi kajadian kurang leuwih 3 
> >> >taun katukang, waktu harga minyak nerekel jadi 150 dollar/ barrel. Lahan 
> >> >lahan pertanian di Amerika nu tadina melak bahan pangan dikonversi jadi 
> >> >pelak jagong kabeh keur bahan biofuel. Akibatna urang Mexico amuk-amukan 
> >> >da jagong ti AS nu di ekspor ka Mexico jadi mahal, padahal jagong keur 
> >> >urang Mexico lain keur "inumeun" mobil, tapi hakaneun jelema. Kitu deui 
> >> >di Indonesia nu ngilu kababuk pangpangana kadele nu jadi mahal, da patani 
> >> >kedele ngonversi lahanna jadi jagong nu leuwih mahal.
> >> >
> >> >Biofuel ukur bisa ngasubtitusi, tapi moal bisa ngaganti peran bahan bakar 
> >> >tina fosil. Kitu deui sumber enerji sejen: geothermal, sinar panonpoe 
> >> >atawa nuklir. Sabab nuklir oge perlu bahan bakar uranium, nu engkena beak 
> >> >oge.
> >> >
> >> >Tah kulantaran kitu, di mangsa kahareup, duka teuing iraha-irahana mah, 
> >> >sigana gaya hirup manusa bakal robah, beda pisan jeung ayeuna. Gaya hirup 
> >> >model ayeuna, moal bisa dipertahankeun deui ...da sumber-sumber enerjina 
> >> >kawatesan (terbatas). Cik aya nu bisa ngaramal kira-kira gaya hirup model 
> >> >kumaha 200-300 taun kahareup?
> >> >
> >> >Baktos,
> >> >WALUYA
> >>
> >
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke