Ulah kapalang ngarahul, kieu geura:
Engke jaga, duka iraha-irahana mah, heueuh sugan jeung meureun... teknologi 
beuki maju, sanajan sumber enerji fosil beak, salila panon poe aya keneh mah 
ulah keueung, urang jepang keur ngakalan nyieun imitasi proses fotosintesis anu 
ilahar lumangsung dina dangdaunan, ceuk kolot baheula mah disebutna proses 
asimilasi cenah. Anu diudag lain nyieun bahan pi-gula-eun (karbohidrat), tapi 
ngureikeun cai sangkan ngahasilkeun enerji. Keun tong dipikiran kumaha-kumahana 
mah, pondok carita eta proses geus hasil, malah leuwih ti kitu. Ku majuna 
teknologi, jelema teu kudu indit-inditan, ayeuna karasa perlu BBM teh keur 
transportasi, jaga mah teu perlu transportasi, sagala nu dipikahayang teu kudu 
diteang, kari mencet remot atawa noel angin, jol nyampak hareupeun. Komputer 
aya di mana-mana, sawareh narapel dina awak, bari teu perlu listrik, ku panas 
awak cukup ngahirupan komputer jeung sapuratina, komputer nu teu napel dina 
awak cukup ku dideukeutan bisa hirup, nyieun naskah/artikel  teu kudu ngetik 
jeung ngeprint, karak ngalamun naskah jol kaluar we tina printer. Lantaran teu 
kudu loba gidig, awak jelema ngaleutikan, kari sirah we nu nyesa teh ... malah 
sawareh ngagedean lantaran otakna loba eusina, sawareh ngaleutikan lantaran 
geus bisa nyieun otak imitasi siga flash-disk anu bisa ngamuat memori rebuan 
jutaan Giga. Ku maju-majuna teknologi, manusa teu perlu nyatu, asal make baju 
khusus anu bisa nyieun proses nu siga dina daun tea, salila panon poe aya keneh 
mah cukup ku moyan ge seubeuh da ... peujit ge boa aya keneh boa geus euweuh. 
GEUS ah bisi kalalanjoan.... pek tuluykeun.

Setiadi.
--- In [email protected], Maman <manz2002@...> wrote:
>
> Bah Waluya,.. imajinasi we sanes ngaramal ieu mah.
> Soal transportasi, sigana engke kahareup mangsa energi minyak tina fosil 
> beak, bakal loba kareta gantung anu
> mangfaatkeun kamiringan/levitasi bumi nyaeta ngamangfaatkeun gaya tarik 
> gravitasi. 
> Bayangan kuring lamun ti Dago arek ka Buahbatu, gampil tinggal naek we kareta 
> gantung...serrrr we ngagolosor ti luhur ka handap. he.he.he..
> 
> Warokaya, lamun ti Buahbatu arek ka Dago, wayahna naek Sado, Delman atawa 
> Karetek atawa engkle we.
> 
> :)
> 
> On Tue Mar 29th, 2011 10:47 AM ICT Waluya wrote:
> 
> >> YADI supriadi wendy <yadi@> wrote:
> >> buah  jarak lain teu bisa dipake bahan dasar biodiesel, bisa pisan 
> >> malah, leuwih ti eta buah "nyamplung" nu seueur di sisi basisir oge 
> >> bisa dijadikeun bahan dasar biodiesel. Ah pokona mah bungbuahan nu 
> >> sarupaning jarak, nyamplung, jagong, sampeu jrrd, dina dasarna mah 
> >> bisa dijadikeun energi (nu aya eusi hidro karbon). 
> >
> >Terus terang kuring pesimis bahan bakar tina nabati bisa ngaganti bahan 
> >bakar tina fosil. Sababna diperlukeun lahan anu lega pisan di sakuliah dunya 
> >keur melakna. Tah umpama kitu, ari lahan keur melak pangan/NYATUna jelema 
> >dimana? Leuleutikan masalah ieu kungsi kajadian kurang leuwih 3 taun 
> >katukang, waktu harga minyak nerekel jadi 150 dollar/ barrel. Lahan lahan 
> >pertanian di Amerika nu tadina melak bahan pangan dikonversi jadi pelak 
> >jagong kabeh keur bahan biofuel. Akibatna urang Mexico amuk-amukan da jagong 
> >ti AS nu di ekspor ka Mexico jadi mahal, padahal jagong keur urang Mexico 
> >lain keur "inumeun" mobil, tapi hakaneun jelema. Kitu deui di Indonesia nu 
> >ngilu kababuk pangpangana kadele nu jadi mahal, da patani kedele ngonversi 
> >lahanna jadi jagong nu leuwih mahal.
> >
> >Biofuel ukur bisa ngasubtitusi, tapi moal bisa ngaganti peran bahan bakar 
> >tina fosil. Kitu deui sumber enerji sejen: geothermal, sinar panonpoe atawa 
> >nuklir. Sabab nuklir oge perlu bahan bakar uranium, nu engkena beak oge.
> >
> >Tah kulantaran kitu, di mangsa kahareup, duka teuing iraha-irahana mah, 
> >sigana gaya hirup manusa bakal robah, beda pisan jeung ayeuna. Gaya hirup 
> >model ayeuna, moal bisa dipertahankeun deui ...da sumber-sumber enerjina 
> >kawatesan (terbatas). Cik aya nu bisa ngaramal kira-kira gaya hirup model 
> >kumaha 200-300 taun kahareup?
> >
> >Baktos,
> >WALUYA
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke