Kang Setiadi, ngeunaan Haramay atawa Ramie, mangga toong di alamat ieu:
http://su.wikipedia.org/wiki/Haramay

Eta wikipedia basa Sunda jasana jang Kumi.

manar

2011/4/7 setiadi_rs <[email protected]>

>
>
> Punten kang, dupi tangkal haramay teh siga kumaha? Aslina ti mana? Bilih di
> daerah abdi aya mung benten namina.
>
> Setiadi.
>
>
> --- In [email protected], oman abdurahman <omanarah@...> wrote:
> >
> > Baraya,
> >
> > Warta di koran Kompas poei ieu, 7 April 2011, kaca 17 (rohangan Ekonomi)
> > judulna: "Batik Terpukul Bahan Baku". Mataholangna eta warta netelakeun
> yen
> > industri batik urang, jembarna industri tekstil urang, kaancam ku tambah
> > susahna (atawa mahalna) meunangkeun bahan baku (kapas, sutera) sabab eta
> > bahan baku teh impor. Ancaman sejenna, gondorukem (bahan lilin keur
> ngabatik
> > anu asalna tina geutah pinus) oga naek hargana sabab eta barang jadi
> tambah
> > sulit nhayakeun alatan Perhutani salaku produsen eta barang leuwih milih
> > ngaekspor. Ancaman sejenna: Cina geus ngintip pasar domestik urang ku
> cara
> > eta nagara ngaborong katun (bahan batik) ti Amerika jeung lianna. Cina ka
> > hareup baris gede-gedean ngabatik pikeun merangan produksi jeung
> tataniaga
> > batik urang. Ditambah deui ku pernyataan Menteri Perdagangan anu negeskeu
> > yen perdagangan bebas ACFTA teu perlu dibatalkeun. Ceuk nyi Menteri:
> dampak
> > negatif akibat ACFTA masih bisa ditanggulangan ku cara nego antara
> > Pemerintah jeung pelaku usaha.
> >
> > Inget kana masalah bahan baku tekstil atawa sandang sok ras inget ka Ibu
> > Aminah. Ieu isteri sakaligus ustadzah oge pelaku usaha teh asgar, pasna
> mah
> > ti Wanaraja, Garut. Anjeunna anggota DPRD, gaduh pasantren jeung
> > binaan-binaan paekonomian masyarakat. Anu leuwih penting ti eta, tekad
> jeung
> > prakna usaha ieu puteran ajengan sohor ti Garut, KH Anwar Musaddad, salah
> > saurang pendiri NU, oge anu ngadegkeun yayasan Al Musadaddiyah, Garut.
> Ibu
> > Aminah di Wanaraja tekun jeung daria pisan mekarkeun jeung ngabina
> > industri bahan sandang anu lain kapas, tapi HARAMAY.
> >
> > Emut keneh, 5 taunan ka tukang nalika si kuring ngalongok percontohan
> > industri bahan sandang tina haramay di lembur Ibu Aminah di Wanaraja. ibu
> > Aminah satengah ngaramal anu ayeuna ramalanana mimiti kabuktian. Ramalan
> ibu
> > Aminah ieu oge sarimbag jeung perkiraan sepuh anu ti Panaruban. Yen, hiji
> > mangsa Indonesia bakal kasulitan ku bahan sandang (nyatana benang) ku
> sabab
> > salila ieu benang di urang asalna tina kapas, sedeng ari kapas eta henteu
> > cocok dipelak di taneuh urang (Indonesia) umumna. Saur Ibu Aminah harita
> kl
> > kieu: "Indonesia kuduna geus tatan-tatah konversi bahan baku sandang tina
> > kapas kana haramay, sabab, haramay ngabogaan kapinujulan dibanding kapas.
> > Anu pang-pangna, kusabab haramay leuwih cocok dipelak di taneuh urang".
> Kitu
> > kurang leuwih kasauran anjeunna harita.
> >
> > Saterusna, Ibu Aminah maea kuring jeung rombongan jalan-jalan ningalian
> > proses nyieun benang tina haramay katut ka produk akhirna (raksukan anu
> geus
> > kari make anu bahan benangna tina haramay). Di kompleks pengembangan
> usaha
> > anjeunna di Wanaraja, kumplit pisan ti mimiti kebon haramay, mesin paragi
> > ngolah haramay ti mimiti motong, nepi ka jadi benang, tur mesin
> > pemintalan/tenun. Anjeunna harita nyaur kl kieu:"Anu masih jadi masalah
> teh
> > eta mesin-mesin keur nyieun benang tina haramay masih mesin-mesin anu
> spec
> > bahan bakuna kapas. Jadi wae bahan pibenangeun anu tadina paranjang
> > (sakumaha tangkal haramay) anu bisa sapanjang hiji baju, ku mesin spec
> kapas
> > ieu jadina kudu diteukteukan, padahal engke disambung-sambung deui. Jadi
> > loba gawe anu muter-muter", saurna. Bari nutup obrolan di rohangan
> > pemintalan benang, anjeunna ngaharepkeun aya ahli mesin bangsa urang anu
> > bisa ngarancang mesin pemintalan benang khusus pikeun bahan baku haramay.
> >
> > Usaha Ibu Aminah sabenerna kungsi dideugdeug ku Presiden SBY nalika ibu
> > Aminah pameran di Bandung. Pon kitu keneh, gubernur Jabar mustahil lamun
> > henteu terang kana ieu kagiatan ibu Aminah. Nyawang ayeuna jeung kahareup
> > urang bakal werit ku urusan tekstil ieu, aya hadena naon rupa anu tos
> prak
> > dilakonan ku Ibu Aminah teh ditiron terus dibudayakeun jadi hiji
> teknologi
> > mandiri bangsa urang dina urusan sandang. Masaalah permesinan dicoba
> > diungkulan, piraku euweuh nu nu bisa?. Sugan wae kahontal hiji budaya anu
> > bisa bertahan tina masalah bahan baku tekstil dunia, industri tekstil
> daerah
> > (heula, Jabar, upanana) jeung nasional anu bahan bakuna henteu gumantung
> ka
> > nagara sejen.
> >
> > Aya anu katantang ku haramay? mangga tepangan wae Ibu Aminah di Wanaraja
> > (sugan aya keneh dikieuna eta usaha anjeuna teh). Sugan jadi ketak ti
> Jabar
> > tea.
> >
> > manar
> >
>
>  
>

Kirim email ke