Naon anu dipedarkeun ku kang Oman di handap bisa jadi salah sahiji strategi kebudayaan masyarakat Sunda dina nyanghareupan globalisasi, utamana dina nyanghareupan pasar bebas ACFTA. Minggu kamari, UI kadongkapan salah saurang pangusaha urang Korea anu dibaturan ku urang kamenterian Koperasi jueng UKM. Eta urang Korea teh rek menta dipanglatihkeun perkara potensi usaha UKM di Indonesia pikeun para pengusaha UKM Korea. Dina sataun aya welasan CEO UKM korea ka Indonesia dilatih jeung dididik di UI. Ti dinya maranehana rek ngembangkeun industri UKM Korea, anu engkena dipasarkeun di Indonesia. Program ieu teh cenah ceuk urang Korea geus diterapkeun di China, dimana para pangusaha Korea dilatih di China, nyieun produk anu dipasarkeun di China.
Tah batur mah nepi ka kitu pikeun ngadorong industri kecilna teh. Ari Urang kumaha atuh? Januari kamari kuring ka Lombok jalan-jalan ngajak barudak jeung pamajikan. Salah sahiji diantara anu jadi tempat tujuan teh industri karajinan tina sabansaning taneuh. Tetela maju, upama dibandingkeun jeung kaayaan 20 tahun katukang, dimana kuring kungsi mukim di Lombok. Ceuk cenah mah kamajuan eta teh ku sabab industri kerajinan keramik dilatih ku urangJepang. Pasaran Keramik Lombok ayeuna loba pesenan ti turis Rusia jeung nagri-nagri Eropa. Ieu mah hiji conto, kumaha ku ayana tangtangan ti luar bisa jadi ngadorong bisa leuwih maju, heunteu gimir sumawona keok samemeh dipacok. Tapi upama urang gumantung pisan kana kawijakan pamarentah, repot bin rese tea. Kudu aya inisiatif ti kalangan swasta atawa perorangan pikeung ngamajukeun masyarakat. mrachmatrawyani ________________________________ From: oman abdurahman <[email protected]> To: [email protected] Cc: urang sunda <[email protected]> Sent: Wed, April 6, 2011 7:09:42 PM Subject: [Urang Sunda] Haramay, potensi sandang anu merlukeun tekad jeung politik tekstil Pamarentah - Garut deui Baraya, Warta di koran Kompas poei ieu, 7 April 2011, kaca 17 (rohangan Ekonomi) judulna: "Batik Terpukul Bahan Baku". Mataholangna eta warta netelakeun yen industri batik urang, jembarna industri tekstil urang, kaancam ku tambah susahna (atawa mahalna) meunangkeun bahan baku (kapas, sutera) sabab eta bahan baku teh impor. Ancaman sejenna, gondorukem (bahan lilin keur ngabatik anu asalna tina geutah pinus) oga naek hargana sabab eta barang jadi tambah sulit nhayakeun alatan Perhutani salaku produsen eta barang leuwih milih ngaekspor. Ancaman sejenna: Cina geus ngintip pasar domestik urang ku cara eta nagara ngaborong katun (bahan batik) ti Amerika jeung lianna. Cina ka hareup baris gede-gedean ngabatik pikeun merangan produksi jeung tataniaga batik urang. Ditambah deui ku pernyataan Menteri Perdagangan anu negeskeu yen perdagangan bebas ACFTA teu perlu dibatalkeun. Ceuk nyi Menteri: dampak negatif akibat ACFTA masih bisa ditanggulangan ku cara nego antara Pemerintah jeung pelaku usaha. Inget kana masalah bahan baku tekstil atawa sandang sok ras inget ka Ibu Aminah. Ieu isteri sakaligus ustadzah oge pelaku usaha teh asgar, pasna mah ti Wanaraja, Garut. Anjeunna anggota DPRD, gaduh pasantren jeung binaan-binaan paekonomian masyarakat. Anu leuwih penting ti eta, tekad jeung prakna usaha ieu puteran ajengan sohor ti Garut, KH Anwar Musaddad, salah saurang pendiri NU, oge anu ngadegkeun yayasan Al Musadaddiyah, Garut. Ibu Aminah di Wanaraja tekun jeung daria pisan mekarkeun jeung ngabina industri bahan sandang anu lain kapas, tapi HARAMAY. Emut keneh, 5 taunan ka tukang nalika si kuring ngalongok percontohan industri bahan sandang tina haramay di lembur Ibu Aminah di Wanaraja. ibu Aminah satengah ngaramal anu ayeuna ramalanana mimiti kabuktian. Ramalan ibu Aminah ieu oge sarimbag jeung perkiraan sepuh anu ti Panaruban. Yen, hiji mangsa Indonesia bakal kasulitan ku bahan sandang (nyatana benang) ku sabab salila ieu benang di urang asalna tina kapas, sedeng ari kapas eta henteu cocok dipelak di taneuh urang (Indonesia) umumna. Saur Ibu Aminah harita kl kieu: "Indonesia kuduna geus tatan-tatah konversi bahan baku sandang tina kapas kana haramay, sabab, haramay ngabogaan kapinujulan dibanding kapas. Anu pang-pangna, kusabab haramay leuwih cocok dipelak di taneuh urang". Kitu kurang leuwih kasauran anjeunna harita. Saterusna, Ibu Aminah maea kuring jeung rombongan jalan-jalan ningalian proses nyieun benang tina haramay katut ka produk akhirna (raksukan anu geus kari make anu bahan benangna tina haramay). Di kompleks pengembangan usaha anjeunna di Wanaraja, kumplit pisan ti mimiti kebon haramay, mesin paragi ngolah haramay ti mimiti motong, nepi ka jadi benang, tur mesin pemintalan/tenun. Anjeunna harita nyaur kl kieu:"Anu masih jadi masalah teh eta mesin-mesin keur nyieun benang tina haramay masih mesin-mesin anu spec bahan bakuna kapas. Jadi wae bahan pibenangeun anu tadina paranjang (sakumaha tangkal haramay) anu bisa sapanjang hiji baju, ku mesin spec kapas ieu jadina kudu diteukteukan, padahal engke disambung-sambung deui. Jadi loba gawe anu muter-muter", saurna. Bari nutup obrolan di rohangan pemintalan benang, anjeunna ngaharepkeun aya ahli mesin bangsa urang anu bisa ngarancang mesin pemintalan benang khusus pikeun bahan baku haramay. Usaha Ibu Aminah sabenerna kungsi dideugdeug ku Presiden SBY nalika ibu Aminah pameran di Bandung. Pon kitu keneh, gubernur Jabar mustahil lamun henteu terang kana ieu kagiatan ibu Aminah. Nyawang ayeuna jeung kahareup urang bakal werit ku urusan tekstil ieu, aya hadena naon rupa anu tos prak dilakonan ku Ibu Aminah teh ditiron terus dibudayakeun jadi hiji teknologi mandiri bangsa urang dina urusan sandang. Masaalah permesinan dicoba diungkulan, piraku euweuh nu nu bisa?. Sugan wae kahontal hiji budaya anu bisa bertahan tina masalah bahan baku tekstil dunia, industri tekstil daerah (heula, Jabar, upanana) jeung nasional anu bahan bakuna henteu gumantung ka nagara sejen. Aya anu katantang ku haramay? mangga tepangan wae Ibu Aminah di Wanaraja (sugan aya keneh dikieuna eta usaha anjeuna teh). Sugan jadi ketak ti Jabar tea. manar
