Maksudna Kang Kumi :) Punten rarusuh nulisna. manar
2011/4/7 oman abdurahman <[email protected]> > Kang Setiadi, ngeunaan Haramay atawa Ramie, mangga toong di alamat ieu: > http://su.wikipedia.org/wiki/Haramay > > Eta wikipedia basa Sunda jasana jang Kumi. > > manar > > > 2011/4/7 setiadi_rs <[email protected]> > >> >> >> Punten kang, dupi tangkal haramay teh siga kumaha? Aslina ti mana? Bilih >> di daerah abdi aya mung benten namina. >> >> Setiadi. >> >> >> --- In [email protected], oman abdurahman <omanarah@...> wrote: >> > >> > Baraya, >> > >> > Warta di koran Kompas poei ieu, 7 April 2011, kaca 17 (rohangan Ekonomi) >> > judulna: "Batik Terpukul Bahan Baku". Mataholangna eta warta netelakeun >> yen >> > industri batik urang, jembarna industri tekstil urang, kaancam ku tambah >> > susahna (atawa mahalna) meunangkeun bahan baku (kapas, sutera) sabab eta >> > bahan baku teh impor. Ancaman sejenna, gondorukem (bahan lilin keur >> ngabatik >> > anu asalna tina geutah pinus) oga naek hargana sabab eta barang jadi >> tambah >> > sulit nhayakeun alatan Perhutani salaku produsen eta barang leuwih milih >> > ngaekspor. Ancaman sejenna: Cina geus ngintip pasar domestik urang ku >> cara >> > eta nagara ngaborong katun (bahan batik) ti Amerika jeung lianna. Cina >> ka >> > hareup baris gede-gedean ngabatik pikeun merangan produksi jeung >> tataniaga >> > batik urang. Ditambah deui ku pernyataan Menteri Perdagangan anu >> negeskeu >> > yen perdagangan bebas ACFTA teu perlu dibatalkeun. Ceuk nyi Menteri: >> dampak >> > negatif akibat ACFTA masih bisa ditanggulangan ku cara nego antara >> > Pemerintah jeung pelaku usaha. >> > >> > Inget kana masalah bahan baku tekstil atawa sandang sok ras inget ka Ibu >> > Aminah. Ieu isteri sakaligus ustadzah oge pelaku usaha teh asgar, pasna >> mah >> > ti Wanaraja, Garut. Anjeunna anggota DPRD, gaduh pasantren jeung >> > binaan-binaan paekonomian masyarakat. Anu leuwih penting ti eta, tekad >> jeung >> > prakna usaha ieu puteran ajengan sohor ti Garut, KH Anwar Musaddad, >> salah >> > saurang pendiri NU, oge anu ngadegkeun yayasan Al Musadaddiyah, Garut. >> Ibu >> > Aminah di Wanaraja tekun jeung daria pisan mekarkeun jeung ngabina >> > industri bahan sandang anu lain kapas, tapi HARAMAY. >> > >> > Emut keneh, 5 taunan ka tukang nalika si kuring ngalongok percontohan >> > industri bahan sandang tina haramay di lembur Ibu Aminah di Wanaraja. >> ibu >> > Aminah satengah ngaramal anu ayeuna ramalanana mimiti kabuktian. Ramalan >> ibu >> > Aminah ieu oge sarimbag jeung perkiraan sepuh anu ti Panaruban. Yen, >> hiji >> > mangsa Indonesia bakal kasulitan ku bahan sandang (nyatana benang) ku >> sabab >> > salila ieu benang di urang asalna tina kapas, sedeng ari kapas eta >> henteu >> > cocok dipelak di taneuh urang (Indonesia) umumna. Saur Ibu Aminah harita >> kl >> > kieu: "Indonesia kuduna geus tatan-tatah konversi bahan baku sandang >> tina >> > kapas kana haramay, sabab, haramay ngabogaan kapinujulan dibanding >> kapas. >> > Anu pang-pangna, kusabab haramay leuwih cocok dipelak di taneuh urang". >> Kitu >> > kurang leuwih kasauran anjeunna harita. >> > >> > Saterusna, Ibu Aminah maea kuring jeung rombongan jalan-jalan ningalian >> > proses nyieun benang tina haramay katut ka produk akhirna (raksukan anu >> geus >> > kari make anu bahan benangna tina haramay). Di kompleks pengembangan >> usaha >> > anjeunna di Wanaraja, kumplit pisan ti mimiti kebon haramay, mesin >> paragi >> > ngolah haramay ti mimiti motong, nepi ka jadi benang, tur mesin >> > pemintalan/tenun. Anjeunna harita nyaur kl kieu:"Anu masih jadi masalah >> teh >> > eta mesin-mesin keur nyieun benang tina haramay masih mesin-mesin anu >> spec >> > bahan bakuna kapas. Jadi wae bahan pibenangeun anu tadina paranjang >> > (sakumaha tangkal haramay) anu bisa sapanjang hiji baju, ku mesin spec >> kapas >> > ieu jadina kudu diteukteukan, padahal engke disambung-sambung deui. Jadi >> > loba gawe anu muter-muter", saurna. Bari nutup obrolan di rohangan >> > pemintalan benang, anjeunna ngaharepkeun aya ahli mesin bangsa urang anu >> > bisa ngarancang mesin pemintalan benang khusus pikeun bahan baku >> haramay. >> > >> > Usaha Ibu Aminah sabenerna kungsi dideugdeug ku Presiden SBY nalika ibu >> > Aminah pameran di Bandung. Pon kitu keneh, gubernur Jabar mustahil lamun >> > henteu terang kana ieu kagiatan ibu Aminah. Nyawang ayeuna jeung >> kahareup >> > urang bakal werit ku urusan tekstil ieu, aya hadena naon rupa anu tos >> prak >> > dilakonan ku Ibu Aminah teh ditiron terus dibudayakeun jadi hiji >> teknologi >> > mandiri bangsa urang dina urusan sandang. Masaalah permesinan dicoba >> > diungkulan, piraku euweuh nu nu bisa?. Sugan wae kahontal hiji budaya >> anu >> > bisa bertahan tina masalah bahan baku tekstil dunia, industri tekstil >> daerah >> > (heula, Jabar, upanana) jeung nasional anu bahan bakuna henteu gumantung >> ka >> > nagara sejen. >> > >> > Aya anu katantang ku haramay? mangga tepangan wae Ibu Aminah di Wanaraja >> > (sugan aya keneh dikieuna eta usaha anjeuna teh). Sugan jadi ketak ti >> Jabar >> > tea. >> > >> > manar >> > >> >> >> > >
