Muhun kang ulang keok samemeh dipacok.... 
urang teh kedah tiasa bersaing sinareng mun tiasa mah mikacontoh ka bangsa 
sejen 
nu tiasa manfaat kanggo urang sadayana. 

Da mencari ilmu mah kedah tiasa kamana-mana (carilah ilmu walau ke negeri Cina, 
Eropa, Asia, dll.).





________________________________
Dari: MRachmat Rawyani <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Cc: [email protected]
Terkirim: Kam, 7 April, 2011 13:29:51
Judul: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Haramay, potensi sandang anu merlukeun tekad 
jeung politik tekstil Pamarentah - Garut deui

  
Naon anu dipedarkeun ku kang Oman  di handap bisa jadi salah sahiji strategi 
kebudayaan masyarakat Sunda dina nyanghareupan globalisasi, utamana dina 
nyanghareupan pasar bebas ACFTA. Minggu kamari, UI kadongkapan salah saurang 
pangusaha urang Korea anu dibaturan ku urang kamenterian Koperasi jueng UKM. 
Eta 
urang Korea teh rek menta dipanglatihkeun perkara potensi usaha UKM di 
Indonesia 
pikeun para pengusaha UKM Korea. Dina  sataun aya welasan CEO UKM korea ka 
Indonesia dilatih jeung dididik di UI. Ti dinya maranehana rek ngembangkeun 
industri UKM Korea, anu engkena dipasarkeun di Indonesia. Program ieu teh cenah 
ceuk urang Korea geus diterapkeun di China, dimana para pangusaha Korea dilatih 
di China, nyieun produk anu dipasarkeun di China.

Tah batur mah nepi ka kitu pikeun ngadorong industri  kecilna teh. Ari Urang 
kumaha atuh?

Januari kamari kuring ka Lombok jalan-jalan ngajak barudak jeung pamajikan. 
Salah sahiji diantara anu jadi tempat tujuan teh industri karajinan tina 
sabansaning taneuh. Tetela maju, upama dibandingkeun jeung kaayaan 20 tahun 
katukang, dimana kuring kungsi mukim di Lombok. Ceuk cenah mah kamajuan eta teh 
ku sabab industri kerajinan keramik dilatih ku urangJepang. Pasaran Keramik 
Lombok ayeuna loba pesenan ti turis Rusia jeung nagri-nagri Eropa.

Ieu mah hiji conto, kumaha ku ayana tangtangan ti luar bisa jadi ngadorong bisa 
leuwih maju, heunteu gimir sumawona keok samemeh dipacok. Tapi upama urang 
gumantung pisan kana kawijakan pamarentah, repot bin rese tea. Kudu aya 
inisiatif ti kalangan swasta atawa perorangan pikeung ngamajukeun masyarakat.

mrachmatrawyani


 




________________________________
From: oman abdurahman <[email protected]>
To: [email protected]
Cc: urang sunda <[email protected]>
Sent: Wed, April 6, 2011 7:09:42 PM
Subject: [Urang Sunda] Haramay, potensi sandang anu merlukeun tekad jeung 
politik tekstil Pamarentah - Garut deui

  
Baraya,
 
Warta di koran Kompas poei ieu, 7 April 2011, kaca 17 (rohangan Ekonomi) 
judulna: "Batik Terpukul Bahan Baku". Mataholangna eta warta netelakeun yen 
industri batik urang, jembarna industri tekstil urang, kaancam ku tambah 
susahna 
(atawa mahalna) meunangkeun bahan baku (kapas, sutera) sabab eta bahan baku teh 
impor. Ancaman sejenna, gondorukem (bahan lilin keur ngabatik anu asalna tina 
geutah pinus) oga naek hargana sabab eta barang jadi tambah sulit nhayakeun 
alatan Perhutani salaku produsen eta barang leuwih milih ngaekspor. Ancaman 
sejenna: Cina geus ngintip pasar domestik urang ku cara eta nagara ngaborong 
katun (bahan batik) ti Amerika jeung lianna. Cina ka hareup baris gede-gedean 
ngabatik pikeun merangan produksi jeung tataniaga batik urang. Ditambah deui ku 
pernyataan Menteri Perdagangan anu negeskeu  yen perdagangan bebas ACFTA teu 
perlu dibatalkeun. Ceuk nyi Menteri: dampak negatif akibat ACFTA masih bisa 
ditanggulangan ku cara nego  antara Pemerintah jeung pelaku usaha.
 
Inget kana masalah bahan baku tekstil atawa sandang sok ras inget ka Ibu 
Aminah. 
Ieu isteri sakaligus ustadzah oge pelaku usaha teh asgar, pasna mah ti 
Wanaraja, 
Garut. Anjeunna anggota DPRD, gaduh pasantren jeung binaan-binaan paekonomian 
masyarakat. Anu leuwih penting ti eta, tekad jeung prakna usaha ieu puteran 
ajengan sohor ti Garut, KH Anwar Musaddad, salah saurang pendiri NU, oge anu 
ngadegkeun yayasan Al Musadaddiyah, Garut. Ibu Aminah di Wanaraja tekun jeung 
daria pisan mekarkeun jeung ngabina industri bahan sandang anu lain kapas, tapi 
HARAMAY.
 
Emut keneh, 5 taunan ka tukang nalika si kuring ngalongok percontohan industri 
bahan sandang tina haramay di lembur Ibu Aminah di Wanaraja. ibu Aminah 
satengah 
ngaramal anu ayeuna ramalanana mimiti kabuktian. Ramalan ibu Aminah ieu oge 
sarimbag jeung perkiraan sepuh anu ti Panaruban. Yen, hiji mangsa Indonesia 
bakal kasulitan ku bahan sandang (nyatana benang) ku sabab salila ieu benang di 
urang asalna tina kapas, sedeng ari kapas eta henteu cocok dipelak di taneuh 
urang (Indonesia) umumna.  Saur Ibu Aminah harita kl kieu: "Indonesia kuduna 
geus tatan-tatah konversi bahan baku sandang tina kapas kana haramay, sabab, 
haramay ngabogaan kapinujulan dibanding kapas. Anu pang-pangna, kusabab haramay 
leuwih cocok dipelak di taneuh urang". Kitu kurang leuwih kasauran anjeunna 
harita. 

 
Saterusna, Ibu Aminah maea kuring jeung rombongan jalan-jalan ningalian proses 
nyieun benang tina haramay katut ka produk akhirna (raksukan anu geus kari make 
anu bahan benangna tina haramay). Di kompleks pengembangan usaha anjeunna di 
Wanaraja, kumplit pisan ti mimiti kebon haramay, mesin paragi ngolah haramay ti 
mimiti motong, nepi ka jadi benang, tur mesin pemintalan/tenun. Anjeunna harita 
nyaur kl kieu:"Anu masih jadi masalah teh eta mesin-mesin keur nyieun benang 
tina haramay masih mesin-mesin anu spec bahan bakuna kapas. Jadi wae bahan 
pibenangeun anu tadina paranjang (sakumaha tangkal haramay) anu bisa sapanjang 
hiji baju, ku mesin spec kapas ieu jadina kudu diteukteukan, padahal engke 
disambung-sambung deui. Jadi loba gawe anu muter-muter", saurna. Bari nutup 
obrolan di rohangan pemintalan benang, anjeunna ngaharepkeun aya ahli mesin 
bangsa urang anu bisa ngarancang mesin pemintalan benang khusus pikeun bahan 
baku haramay.
 
Usaha Ibu Aminah sabenerna kungsi dideugdeug ku Presiden SBY nalika ibu Aminah 
pameran di Bandung. Pon kitu keneh, gubernur Jabar mustahil lamun henteu terang 
kana ieu kagiatan ibu Aminah. Nyawang ayeuna jeung kahareup urang bakal werit 
ku 
urusan tekstil ieu, aya hadena naon rupa anu tos prak dilakonan ku Ibu Aminah 
teh ditiron terus dibudayakeun jadi hiji teknologi mandiri bangsa urang dina 
urusan sandang. Masaalah permesinan dicoba diungkulan, piraku euweuh nu nu 
bisa?. Sugan wae kahontal hiji budaya anu bisa bertahan tina masalah bahan baku 
tekstil dunia, industri tekstil daerah (heula, Jabar, upanana) jeung nasional 
anu bahan bakuna henteu gumantung ka nagara sejen.
 
Aya anu katantang ku haramay? mangga tepangan wae Ibu Aminah di Wanaraja (sugan 
aya keneh dikieuna eta usaha anjeuna teh). Sugan jadi ketak ti Jabar tea.
 
manar
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 

Kirim email ke