"Dudi mengatakan, pesawat buatan Indonesia, yakni CN-235, masih lebih bagus
karena telah lolos sertifikasi FAA. CN-235 bahkan dioperasikan oleh US Coast
Guard, South Korean Air Force, French Air Force, dan Merpati."

Salengkepna:
http://nasional.kompas.com/read/2011/05/08/08270274/Pembelian.Pesawat.MA60.Pernah.Ditolak.JK

2011/5/8 Waluya <[email protected]>

>
>
> Aya beja pikasedihan, kapal udara Merpati ragrag di Papua. Kapal ragrag
> sabenerna lain beja nu teu biasa sanajan tetep pikasediheun. Nu teu pati
> biasa
> teh eta kapal udara nu ragrag teh buatan China anyar keneh, riwayat proses
> meulina oge bulat-beulit, pakait kaditu-kadieu jeung nu paling penting
> kapal
> udara MA-60 buatan Cina teh teu boga sertipikat "laik terbang" ti Amerika
> Serikat (FAA), sanajan boga sertpikat laik terbang ti nagara nu nyieun
> (China)
> jeung ti nagara urang sorangan.
>
> Tah kulantaran teu boga "Sertipikat ti Amerika" ieu, loba nu rada
> nyalahkeun
> kanu meuli (pamarentah da Merpati teh BUMN) , naha wawanian meuli kapal
> udara nu
> teu boga sertipikat ti Amerika? Loba nu ngaragukeun kana mutu barang
> jijieunan
> Cina, komo nu geus ngalaman meuli "mocin" mah (= motor china). Tangtu
> barang
> jijieunan Cina aya nu alus, tapi umumna nu merekna merek pausahaan
> multi-nasional nu pabrikna aya di Cina, tapi nu merek Cina sorangan mah
> ...hehehe... nya kitu tea.
>
> Tangtu teu pati masalah umpama barangna ukur handphone atawa "mocin" mah,
> tapi
> umpama kapal hiber? Sigana dina soal kasalametan hiber mah, wayahna kudu
> nempo
> heula "sertipikat Amerika" .....
>
> WLY
>
>

Kirim email ke