Ngiring nyundul gan hehehe Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: Ki Hasan <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Mon, 16 May 2011 08:57:55 To: Ki Sunda<[email protected]>; Baraya Sunda<[email protected]>; Urang Sunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [Baraya_Sunda] Bahasa - Gan? Dina paguneman urang Sunda jadul, sapaan "gan", "agan", atawa "juragan" biasa dipake ku badega ka dununganana. Contona kieu, "Juragan Maman, Juragan Ilen, Juragan Abas, Juragan Imun, sareng Juragan Willy, wilujeng rawuh di Ki Sunda." kitu ceuk Ki Lengser ngabageakeun nu anyar datang. Jenatna Abah Surya, ka saha wae, upama nyeluk ka batur ngobrolna sok dibumbuan ku sapaan "gan". "Kumaha Gan Oman, Gan Tirta, damang?" si Abah nalek ka Kang Oman oge Kang Tirta. Kiwari mun nitenan paguneman di Internet, boh di forum, facebook, koran, majalah online jeung sajabana, ieu kecap sapaan "gan" jeung "agan" teh geus populer pikeun nyeluk batur diskusi. Fenomena di luhuir, jurus jitu pikeun mopulerkeun kosakata basa Sunda ka jagat Nusantara. -mh-
