Urang teruskeun perkara "gan, agan, juragan" tea. Mun diimuetan ieu kecap
panggero teh tetela unik. Geura ieu kaunikanana:

Kahijina bebas gender, jiga nu kungsi dipadungdengkeun, ieu kecap bisa
dilarapkeun keur awewe oge lalaki. Keur negeskeun gender, sok ditambahan
jadi "juragan istri" keur awewe, jeung "juragan pameget" keur lalaki.

Kaduana bebas umur, bisa dipake keur panyeluk keur budak ngora oge keur
kolot. Aya sebutan nu ilahar, "juragan anom" jeung "juragan sepuh"

Katiluna bebas kalungguhan, bisa dipake keur naon wae posisi kalungguhan.
Misalna wae "juragan lurah", "juragan camat", jsb



2011/5/16 Ki Hasan <[email protected]>

> Dina paguneman urang Sunda jadul, sapaan "gan", "agan", atawa "juragan"
> biasa dipake
> ku badega ka dununganana. Contona kieu, "Juragan Maman, Juragan Ilen,
> Juragan Abas,
> Juragan Imun, sareng Juragan Willy, wilujeng rawuh di Ki Sunda." kitu ceuk
> Ki Lengser
> ngabageakeun nu anyar datang.
>
> Jenatna Abah Surya, ka saha wae, upama nyeluk ka batur ngobrolna sok
> dibumbuan ku
> sapaan "gan". "Kumaha Gan Oman, Gan Tirta, damang?" si Abah nalek ka Kang
> Oman
> oge Kang Tirta.
>
> Kiwari mun nitenan paguneman di Internet, boh di forum, facebook, koran,
> majalah online
> jeung sajabana, ieu kecap sapaan "gan" jeung "agan" teh geus populer pikeun
> nyeluk batur
> diskusi.
>
> Fenomena di luhuir, jurus jitu pikeun mopulerkeun kosakata basa Sunda ka
> jagat Nusantara.
>
> -mh-
>
>
>

Kirim email ke