Mh saleresna mah aya paubahan khususna calukan alm. Abah Surya ka sim kuring. 
Baheula keur kuliah keneh (keur ngora meureun nya) nu diangge anjeuna 
"Rayi/Ayi" atuh sim kuring jadi ngangge "Akang". Teras kadieunakeun da geus 
kolot, jadi "Gan" nya sim kuring ngangge "Abah".
 
Tah panginten dimensi umur/usia sugan aya pangaruhna dina nerapkeun kecap 
"agan/gan". Tapi numutkeun "rasa" keukeuh agan/gan nepi ka ayeuna diterapkeun 
ka para menak rek ngora rek kolot nu jadi tanda "ngahormat leuwih".
 
Baheula mah aden sareng agan teh sering dipake di  terminal beus Cililitan 
jeung Kebon Kalapa nu diucapkeun ku barangmaen oge tukang dagang. Dina konteks 
ieu tangtuna lain masalah hormat ngan "nempatkeun jalma jadi luhur, genah 
hatena dianggap luhur", supaya hatena kabeuli jeung jadi berehan atawa meula 
barang dagangan.
 
Makarya Mawa Raharja

Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: Ki Sunda <[email protected]>; Baraya Sunda 
<[email protected]>; Urang Sunda <[email protected]>
Dikirim: Sabtu, 21 Mei 2011 8:18
Judul: [kisunda] Re: Bahasa - Gan?


  
Urang teruskeun perkara "gan, agan, juragan" tea. Mun diimuetan ieu kecap 
panggero teh tetela unik. Geura ieu kaunikanana:

Kahijina bebas gender, jiga nu kungsi dipadungdengkeun, ieu kecap bisa 
dilarapkeun keur awewe oge lalaki. Keur negeskeun gender, sok ditambahan jadi 
"juragan istri" keur awewe, jeung "juragan pameget" keur lalaki.

Kaduana bebas umur, bisa dipake keur panyeluk keur budak ngora oge keur kolot. 
Aya sebutan nu ilahar, "juragan anom" jeung "juragan sepuh"

Katiluna bebas kalungguhan, bisa dipake keur naon wae posisi kalungguhan. 
Misalna wae "juragan lurah", "juragan camat", jsb




2011/5/16 Ki Hasan <[email protected]>

Dina paguneman urang Sunda jadul, sapaan "gan", "agan", atawa "juragan" biasa 
dipake
>ku badega ka dununganana. Contona kieu, "Juragan Maman, Juragan Ilen, Juragan 
>Abas, 
>Juragan Imun, sareng Juragan Willy, wilujeng rawuh di Ki Sunda." kitu ceuk Ki 
>Lengser 
>ngabageakeun nu anyar datang.
>
>Jenatna Abah Surya, ka saha wae, upama nyeluk ka batur ngobrolna sok dibumbuan 
>ku 
>sapaan "gan". "Kumaha Gan Oman, Gan Tirta, damang?" si Abah nalek ka Kang Oman
>oge Kang Tirta.
>
>Kiwari mun nitenan paguneman di Internet, boh di forum, facebook, koran, 
>majalah online
>jeung sajabana, ieu kecap sapaan "gan" jeung "agan" teh geus populer pikeun 
>nyeluk batur 
>diskusi. 
>
>Fenomena di luhuir, jurus jitu pikeun mopulerkeun kosakata basa Sunda ka jagat 
>Nusantara.
>
>-mh-
>
>
>

Kirim email ke