Sok teraskeun Kang Gagak, sing ngelak, resep ngabandunganana.

2011/6/8 Gagak Hideung <[email protected]>

>
>
> dina rarangka mayunan Isra Mi'raj Nabi Muhammad SAW, ieu aya puisi kanggo
> ngemutkeun deui riwayat Anjeunna
>
> 01.   Muhammadur Rosulullah
> Rosul nu nyebarkeun Islam
> Ramana Sayid Abdullah
> Ibuna Siti Aminah
>
> 02.   Genep sasih na kandungan
> Muhammad ditilar rama
> Dikantun ka kalanggengan
> Nu dipendem di Madinah
>
> 03.   Siti Aminah binti Wahab
> Pupus caroge teu sesah
> Margi disambat mertua
> Linggih kedah di anjeunna
>
> 04.   Muhammad dibabarkeunna
> Dina kaping dua belas
> Rabiul Awal sasihna
> Dinten Senen taun Gajah
>
> 05.   Muhammad  warsih Masehi
> Anjeunna ka dunya  lahir
> Kaping dua puluh April
> Lima ratus tujuh hiji
>
> 06.   Abdul Mutholib eyangna
> Eyang Muhammad ti rama
> Asih nyaah ka putuna
> Langkung langkung ti ka putra
>
> 07.   Waktos lahirna Muhammad
> Rupi rupi ka ahengan
> Cahaya mancur manceran
> Katingali ku nu babar
>
> 08.   Teu sesah dibabarkeunna
> Bersih taya kokotoran
> Orok seungitna kalintang
> Sareng tos kenging nyepitan
>
> 09.   Aturan Mekah harita
> 0rok entong diinangan
> Ku ibu anu ngandungna
> Muhammad lajeng dipisah
>
> 10.   Halimah Sa’diyah kersa
> Nampi titipan Aminah
> Kedah nginangan Muhammad
> Ngarawat sanes kantenna
>
> 11.   Dua taun nya lamina
> Muhammad diinanganna
> Ku Halimatusa’diyah
> Disanggakeun ka ibuna
>
> 12.   Kasakit nular keur usum
> Di wewengkon linggih ibu
> Halimah Sa’diyah usul
> Muhammad wios bade dibantun
>
> 13.   Sapagodos pamadegan
> Ibuna sareng eyangna
> Dicandak deui Muhammad
> Ku Halimatusa’diyah
>
> ..........Teraskeuneun
>
> Mangga bilih aya nu meryogikeun
>
> Hapunten
> Gagak Hideung
>
> ------------------------------
>
>
>
>
>  
>

Kirim email ke