Riwayat Nabi Muhammad bagian ka 2 Mangga nyanggakeun: 14. Di perjalanan patepang Sareng urang Etophia Muhammad bade dicandak Haturkeuneun ka nagara 15. Nu bade nyandak uninga Tanda-tandana Muhammad Nu aya ‘na salirana Pibakaleun janten jalma 16. Renjag Halimah Sa’diyah Embanan bade dicandak Muhammad dicandak lumpat Nebihan nu bade nyandak 17. Nuju yuswa lima taun Muhammad aya nu nuyun Duaan jalmi salangkung Dicandak katempat jauh 18. Muhammad dibuligiran Dibelek patuanganna Lebetna diberesihan Ku jalmi nu nuyun tea 19. Putra Halimah ningali Muhammad dicandak tadi Enggal anjeunna pupulih Ka ibu rama di bumi 20. Halimah kadua raka Rurusuhan ararangkat Muhammad dibujeng enggal Luyu panuduhan putra 21. Muhammad tepang di jalan Dipararios lambutna Ku Halimah sareng raka Lita teu aya tilasna 22. Margi seueur kahariwang Halimah ngurus Muhammad Nya disanggakeun Muhammad Ka ibu sareng eyangna 23. Waktos yuswa genep warsih Muhammad di ibu linggih Ti harita henteu lami Jarah ka rama pribadi 24. Samulihna tina jarah Ibu Muhammad Aminah Anjeunna di perjalanan Mulih ka Anu Kagungan 25. Eyangna nu mikaasih Ngantunkeun Muhammad deui Nuturkeun mantu nu mulih Bentenna mung dua warsih 26. Pamanna nu lajeng ngaping Jenenganna Abu Tholib Muhammad dipikaasihDiatik sareng diaping
Hapunten gagak hideung ________________________________ Dari: Gagak Hideung <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]>; "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Rabu, 8 Juni 2011 17:36 Judul: [kisunda] Riwayat Nabi Muhammad dina rarangka mayunan Isra Mi'raj Nabi Muhammad SAW, ieu aya puisi kanggo ngemutkeun deui riwayat Anjeunna 01. Muhammadur Rosulullah Rosul nu nyebarkeun Islam Ramana Sayid Abdullah Ibuna Siti Aminah 02. Genep sasih na kandungan Muhammad ditilar rama Dikantun ka kalanggengan Nu dipendem di Madinah 03. Siti Aminah binti Wahab Pupus caroge teu sesah Margi disambat mertua Linggih kedah di anjeunna 04. Muhammad dibabarkeunna Dina kaping dua belas Rabiul Awal sasihna Dinten Senen taun Gajah 05. Muhammad warsih Masehi Anjeunna ka dunya lahir Kaping dua puluh April Lima ratus tujuh hiji 06. Abdul Mutholib eyangna Eyang Muhammad ti rama Asih nyaah ka putuna Langkung langkung ti ka putra 07. Waktos lahirna Muhammad Rupi rupi ka ahengan Cahaya mancur manceran Katingali ku nu babar 08. Teu sesah dibabarkeunna Bersih taya kokotoran Orok seungitna kalintang Sareng tos kenging nyepitan 09. Aturan Mekah harita 0rok entong diinangan Ku ibu anu ngandungna Muhammad lajeng dipisah 10. Halimah Sa’diyah kersa Nampi titipan Aminah Kedah nginangan Muhammad Ngarawat sanes kantenna 11. Dua taun nya lamina Muhammad diinanganna Ku Halimatusa’diyah Disanggakeun ka ibuna 12. Kasakit nular keur usum Di wewengkon linggih ibu Halimah Sa’diyah usul Muhammad wios bade dibantun 13. Sapagodos pamadegan Ibuna sareng eyangna Dicandak deui Muhammad Ku Halimatusa’diyah ..........Teraskeuneun Mangga bilih aya nu meryogikeun Hapunten Gagak Hideung ________________________________
