dina rarangka mayunan Isra Mi'raj Nabi Muhammad SAW, ieu aya puisi kanggo ngemutkeun deui riwayat Anjeunna
01. Muhammadur Rosulullah Rosul nu nyebarkeun Islam Ramana Sayid Abdullah Ibuna Siti Aminah 02. Genep sasih na kandungan Muhammad ditilar rama Dikantun ka kalanggengan Nu dipendem di Madinah 03. Siti Aminah binti Wahab Pupus caroge teu sesah Margi disambat mertua Linggih kedah di anjeunna 04. Muhammad dibabarkeunna Dina kaping dua belas Rabiul Awal sasihna Dinten Senen taun Gajah 05. Muhammad warsih Masehi Anjeunna ka dunya lahir Kaping dua puluh April Lima ratus tujuh hiji 06. Abdul Mutholib eyangna Eyang Muhammad ti rama Asih nyaah ka putuna Langkung langkung ti ka putra 07. Waktos lahirna Muhammad Rupi rupi ka ahengan Cahaya mancur manceran Katingali ku nu babar 08. Teu sesah dibabarkeunna Bersih taya kokotoran Orok seungitna kalintang Sareng tos kenging nyepitan 09. Aturan Mekah harita 0rok entong diinangan Ku ibu anu ngandungna Muhammad lajeng dipisah 10. Halimah Sa’diyah kersa Nampi titipan Aminah Kedah nginangan Muhammad Ngarawat sanes kantenna 11. Dua taun nya lamina Muhammad diinanganna Ku Halimatusa’diyah Disanggakeun ka ibuna 12. Kasakit nular keur usum Di wewengkon linggih ibu Halimah Sa’diyah usul Muhammad wios bade dibantun 13. Sapagodos pamadegan Ibuna sareng eyangna Dicandak deui Muhammad Ku Halimatusa’diyah ..........Teraskeuneun Mangga bilih aya nu meryogikeun Hapunten Gagak Hideung ________________________________
