leres kang,ieu teh tos kabiasan abdi pribadi ti bubudak,duka lepat duka leres kabiasaan ieu teh. hapunten didieu maksadna bilih aya seratan anu lepat, nyuhunkeun dimaklum.
hatur nuhun di wartosan gagak hideung ________________________________ Dari: "[email protected]" <[email protected]> Kepada: Urang Sunda <[email protected]>; Kisunda <[email protected]>; Baraya Sunda <[email protected]> Dikirim: Rabu, 8 Juni 2011 19:57 Judul: [kisunda] Punten/ maap - Re: [Urang Sunda] Riwayat Nabi Muhammad 03 Kang Gagak oge sejena ieu mah ceuk mamang teuing bener teuing henteu.... Lamun ngirim info naon wae teh ulah make punten ah hehehe... Urang Sunda kudu PD... teuneung ludeung gede wawanen... Ulah make punten ah hehehe... Di Indonesia oge sarua loba maaf na jadi katinggalina teh teu PD kitu hehehe padahal mah kajeuuun Kang istilahna mah hajaar bleh weh. Mun di bule mah pan sok nulis regards... Di urang loba nu nulis salam... Urang sunda sok nulis baktos... Ari baktos naon hartina? Baktos ~ bakti kitu? Sembah pangabaktos hehehe... Naonnya nu pas? Kumaha lamun nuhuns? Ah teuing ketang... Ngan lamun punten asana mah kurang pas euy hehehe... Nuhuns... Sent from my BlackBerry® powered by Sinyal Kuat INDOSAT ________________________________ From: Gagak Hideung <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Wed, 8 Jun 2011 20:42:25 +0800 (SGT) To: [email protected]<[email protected]>; [email protected]<[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Riwayat Nabi Muhammad 03 Riwayat Nabi Muhammad bagian ka 03 Mangga nyanggakeun: 27. Muhammad watekna jujur Budi parangina lembut Sareng ngartos sopan santun Pinter tur ngauban batur 28. Wit yuswa kadua belas Muhammad dilatih dagang Dicandak dagang ku paman Icalan ka Nagara Syam 29. Di perjalanan Bushara Rahib Bahira unjukan Dina salira Muhammad Aya tawis kanabian 30. Numutkeun Injil Barnabas Cirri tawis kanabian Di nu panas dipayungan Ditutur-tutur ku mega 31. Waktos yuswa dua lima Muhammad ngawitan nikah Nikah ka putri sodagar Istri geulis sae manah 32. Hodijah binti Khuwalid Yuswa opat puluh warsih Lintang geulis oge surti Manawi diangkat istri 33. Jenengan putra Muhammad Qosim,Abdullah,Zainab Umu Kulsum tur Rukoyah Anu bungsuna Fatimah 34. Yuswa opat puluh warsih Muhammad ngawitan nampi Wahyu-Na anu kahiji Ti Gusti Nu Mahasuci 35. Guha Hiro tempat nyepi Waktos nampi wahyu Gusti Lima ayat kalam suci Al ‘Alaq surat kahiji 36. Wahyu sumpingna ti Allah Ping tujuh belas Ramadan Ngalangkungan malaikat Jibril anu nyanggakeunna 37. Ti waktos eta Muhammad Resmi janten Nabiyullah Nabi Allah nu pamungkas Nu kadua puluh lima 38. Sabada pupus geureuha Nabi angkat isro mi’raj Ti harita seueur pisan Nu ngamusuhan Muhammad 39. Muhammad nyebarkeun Islam Panceg sanaos diserang Dihina dimarusuhan Bade pada narelasan ................. Teraskeuneun Hapunten gagak hideung ________________________________ Dari: Gagak Hideung <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]>; "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Rabu, 8 Juni 2011 18:53 Judul: [Urang Sunda] Riwayat Nabi Muhammad 02 Riwayat Nabi Muhammad bagian ka 2 Mangga nyanggakeun: 14. Di perjalanan patepang Sareng urang Etophia Muhammad bade dicandak Haturkeuneun ka nagara 15. Nu bade nyandak uninga Tanda-tandana Muhammad Nu aya ‘na salirana Pibakaleun janten jalma 16. Renjag Halimah Sa’diyah Embanan bade dicandak Muhammad dicandak lumpat Nebihan nu bade nyandak 17. Nuju yuswa lima taun Muhammad aya nu nuyun Duaan jalmi salangkung Dicandak katempat jauh 18. Muhammad dibuligiran Dibelek patuanganna Lebetna diberesihan Ku jalmi nu nuyun tea 19. Putra Halimah ningali Muhammad dicandak tadi Enggal anjeunna pupulih Ka ibu rama di bumi 20. Halimah kadua raka Rurusuhan ararangkat Muhammad dibujeng enggal Luyu panuduhan putra 21. Muhammad tepang di jalan Dipararios lambutna Ku Halimah sareng raka Lita teu aya tilasna 22. Margi seueur kahariwang Halimah ngurus Muhammad Nya disanggakeun Muhammad Ka ibu sareng eyangna 23. Waktos yuswa genep warsih Muhammad di ibu linggih Ti harita henteu lami Jarah ka rama pribadi 24. Samulihna tina jarah Ibu Muhammad Aminah Anjeunna di perjalanan Mulih ka Anu Kagungan 25. Eyangna nu mikaasih Ngantunkeun Muhammad deui Nuturkeun mantu nu mulih Bentenna mung dua warsih 26. Pamanna nu lajeng ngaping Jenenganna Abu Tholib Muhammad dipikaasihDiatik sareng diaping Hapunten gagak hideung ________________________________ Dari: Gagak Hideung <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]>; "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Rabu, 8 Juni 2011 17:36 Judul: [kisunda] Riwayat Nabi Muhammad dina rarangka mayunan Isra Mi'raj Nabi Muhammad SAW, ieu aya puisi kanggo ngemutkeun deui riwayat Anjeunna 01. Muhammadur Rosulullah Rosul nu nyebarkeun Islam Ramana Sayid Abdullah Ibuna Siti Aminah 02. Genep sasih na kandungan Muhammad ditilar rama Dikantun ka kalanggengan Nu dipendem di Madinah 03. Siti Aminah binti Wahab Pupus caroge teu sesah Margi disambat mertua Linggih kedah di anjeunna 04. Muhammad dibabarkeunna Dina kaping dua belas Rabiul Awal sasihna Dinten Senen taun Gajah 05. Muhammad warsih Masehi Anjeunna ka dunya lahir Kaping dua puluh April Lima ratus tujuh hiji 06. Abdul Mutholib eyangna Eyang Muhammad ti rama Asih nyaah ka putuna Langkung langkung ti ka putra 07. Waktos lahirna Muhammad Rupi rupi ka ahengan Cahaya mancur manceran Katingali ku nu babar 08. Teu sesah dibabarkeunna Bersih taya kokotoran Orok seungitna kalintang Sareng tos kenging nyepitan 09. Aturan Mekah harita 0rok entong diinangan Ku ibu anu ngandungna Muhammad lajeng dipisah 10. Halimah Sa’diyah kersa Nampi titipan Aminah Kedah nginangan Muhammad Ngarawat sanes kantenna 11. Dua taun nya lamina Muhammad diinanganna Ku Halimatusa’diyah Disanggakeun ka ibuna 12. Kasakit nular keur usum Di wewengkon linggih ibu Halimah Sa’diyah usul Muhammad wios bade dibantun 13. Sapagodos pamadegan Ibuna sareng eyangna Dicandak deui Muhammad Ku Halimatusa’diyah ..........Teraskeuneun Mangga bilih aya nu meryogikeun Hapunten Gagak Hideung ________________________________
