Ari ceuk kuring mah, kedah ditingkatkeun deui cara ngamumule basa sunda ku 
media 
online/internet sareng media audio visual. Ngarah narik minat para siswa, 
kumaha 
upama ngadamel video pelajaran basa Sunda, para pemerana teh bangsa deungeun. 
Model dina video eta teh diantarana para tokoh selebritis, ilmuwan, kang 
Mikihiro  urang Jepang, urang Walanda (Edwin Juriens, anu kungsi nulis buku 
migransi urang Sunda). Atuh lokasina oge entong di Indonesia, tapi di nagri 
deungeun. Waragadna mahal? Pastilah. Tapi dampakna/pangaruhna beda upama ngan 
sakadar jadi buku.

Video ieu dibagi-bagikeun ka sakola (Sd?SMP/SMA sa Jawa Barat), jadi video 
instruksional, minangka gaganti buku cetak. Buku Keom Sakedapna Kang Syam 
ridwan, jadi buku pelajaran dina migunakeun basa Sunda kiwari. Tibatan anggaran 
danana dikorupsi ku oknum Dinas Pendidikan, mending ngabeungharkeun urang 
KUSnet.

Milis Urangsunda atawa kisunda (milis basa Sunda anu paling rame sajagat) , 
jadi 
hiji alat pikeun ngamaherkeun basa Sunda para siswa. Sing saha para siswa anu 
sok sering cheting di milis eta, nilai palajaran basa sundana tujuh. Anu sok 
sering ngiirim cerpen atawa puisi dina basa sunda, peunteunna dalapan di rapor. 
Atuh para moderatorna oge kedah digaji ngarah rajin nitenan & ngariksa eusi 
milis. Soal-soal ulangan atawa tugas-tugas pelajaran basa sunda ditangkodkeun 
dina milis ieu. Jiga upama perkara ieu diusulkeun ka pamarentah provinsi Jawa 
Barat, kira-kirana bakal ditedunan heunteu nya? Upama diusulkeun ka Rektor 
Unpad 
mah, pasti disaluyuan.

Perkara ieu ngahaja diwacanakeun di dieu, kapangaruhan ku carita anak kuring 
anu 
kamari sakolan pindah ka SMP di wewengkon Jakarta Selatan. Kamari teh aya 
guruna 
anu ngabewarakeun ka para siswana, cenah juragan guru eta teh mere tugas ka 
para 
muridna make emil. Nya kitu oge para muridna dina ngajawab tugas-tugas ti 
juragan guru ngaliwatan imil guruna. Jadi sakabeh muridna teh dibejaan  imil 
jeung password guru eta. Darajat barudak sakola SMP, ngalaksanakeun tugas-tugas 
palajaran ngaliwatan internet,  hebat pisan!

baktos,

mrachmatrawyani







________________________________
From: Ki Hasan <[email protected]>
To: Ki Sunda <[email protected]>
Cc: Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda 
<[email protected]>
Sent: Wed, July 13, 2011 9:06:55 PM
Subject: [kisunda] "Rekomendasi" Kongres Bahasa Sunda IX?

  
Dina serelek di handap, aya 7 rekomendasi salaku hasil KBS IX kamari, nu 
ditujukeun ka rupa-rupa instansi. Mun para pamilon KBS geus sukses ngahasilkeun 
rekomendasi, ayeuna kira-kirana aya teu "rekomendasi" ti para tukang noong di 
Internet, pakait jeung kongres tea. Cing dina raraga "lauk buruk milu jadi 
tarasi" eh "lauk buruk milu mijah", rekomendasi naon kira-kirana nu masih perlu 
ditambahkeun kana eta nu 7 tea.

Bari ngadagoan rekomendasi ti nu sejen, uing rek ngalungkeun sababaraha 
"rekomendasi" ka paguron umum nu aya di Tatar Sunda:

1. Rekomendai keur UPI

Di FPBS UPI aya sababaraha jurusan, toong di handap, aya nu aneh dina cara mere 
ngaran jurusanana. Aya jurusan Bahasa Inggris, Jerman, Arab, Jepang, Prancis, 
jeung Bahasa jeung Sastra Indonesia. Palebah "Jurusan/Program Studi Pendidikan 
Bahasa Daerah" kaciri teu teges ngarannna. Hadena sing teges we mere ngaran 
teh, 
jiga jurusan sejen, ngarah kaciri identitasna. Kaduana eta widang ukur mangrupa 
Program Studi. Leuwih hade misalna mun jadi "Jurusan Pendidikan Bahasa Sunda" 
atawa "Jurusan Pendidikan Bahasa jeung Sastra Sunda".

Alesanana, mun bahasa teh nuduhkeun ka bangsa/seler/etnis, pan nu lain mah 
jelas. Bahasa Arab misalna, ngarujuk kana bahasana urang Arab. Ari "Bahasa 
Daerah" ngarujuk ka bangsa naon? Na aya kitu "Bangsa Daerah", "Seler Daerah", 
atawa "Etnis Daerah". Masing nepi ka dugul ge jigana moal kungsi aya nya. 
Hehehe.
 
FPBS UPI
Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Indonesia
Jurusan/Program Studi Pendidikan Bahasa Daerah
Jurusan Pendidikan Bahasa Inggris
Jurusan Pendidikan Bahasa Jerman
Jurusan Pendidikan Bahasa Arab
Jurusan Pendidikan Bahasa Jepang
Jurusan Pendidikan Bahasa Prancis 

Sumber: http://fpbs.upi.edu


2. Rekomendasi keur UI

Di FIB UI ge jiga di UPI, aya sababaraha jurusan bahasa, jiga dina berendelan 
di 
handap.
Nu anehna, najan UI teh ayana di Tatar Sunda, tapi euweuh Program Studi Sastra 
Sunda. Nu aya malah Program Studi Sastra Jawa. Tangtu leuwih merenah jeung 
tumaninah, mun di UI aya  Program Studi Sastra Dunda.

FIB UI
Program Studi Arab
Program Studi Bahasa dan Kebudayaan Korea
Program Studi Belanda
Program Studi Cina
Program Studi Inggris
Program Studi Jepang
Program Studi Jerman
Program Studi Prancis
Program Studi Rusia
Program Studi Sastra Daerah/Jawa
Program Studi Sastra Indonesia

Sumber: http://www.fib.ui.ac.id/

Ari di UNPAD mah ngaranna geus teges, Jurusan Sastra Sunda, jadi teu aya 
"rekomendasi". Hehehe.


.

Kirim email ke