Karek Kang Yani nu nambahan rekomendasi, can aya deui rekomendasi ti nu sejenna nya. Koanon enya? Haoream kitu, atawa bosen, hasilna sarua-rua keneh? Hehehe.
Bari ngadagoan rekomendasi nu leuwih hade ti nu sejen, uing rek neruskeun "rekomendasi" nu kaimpleng na pikiran: 3. Rekomendasi keur koran Pikiran Rakyat (PR) Ieu rekomendasi ditujukeun lain ngan ukur ka PR, tapi oge ka media citak sejenna, nu aya di Tatar Sunda. Mun di-data sacara gemet, tangtu loba media masa nu ngadon hirup, ngala kauntungan unggal usik di Tatar Sunda. Lolobana media masa make basa panganteur ku basa Indonesia, salaku basa nasional. Ceuk rarasaan uing, asa wajar lamun unggal media nu nagadon usaha di Tatar Sunda ngalokasikeun rubrik khusus nu ditulis make basa Sunda dina tiap terbitanana. Nya rubrik model "Mang Ohle" lah. Ngan wae aya dua catetan pakait jeung ieu rubrik. Kahijina ngan ukur terbit tiap minggu. Kaduana ieu rubrik bahasana direumbeuy. Hadena mah rubrikna migunakeun basa Sunda sagemblengna, ngarah bisa dipake pikeun media diajar basa Sunda ku masyarakat umum. 4. Rekomendasi keur RRI Bandung jeung TVRI Bandung Aya hadena fungsi RRI jeung TVRI ngeunteung ka BBC, VOA, ABC, atawa nu sejenna. Salah sahiji faktor keur ngamasayarakatkeun basa Sunda teh, tangtu kudu nyadiakeun bahan pikeun diajar nu cukup, nu bisa dikases ku balarea. Mun urang ngulampreng ka situs BBC, VOA, atawa ABC, bahan keur diajar basa Inggris teh apan sakitu ngaleuyana. Kadar daek we diajarna. Nu matak teu heran, basa Inggris bisa jadi basa Internasional oge, da juru da'wahna tara ieuh nyingsieunan ku dosa, atawa naraka, tapi dibibita ku sarana nu lengkep. Ku kituna, aya hadena mun RRI Bandung jeung TVRI Bandung, bisa nyadiakeun situs nu bisa ngamuat bahan keur diajar basa Sunda. Keur garapan awal mah, bisi teu kabedag niayana, gunakeun we sarana nu aya, nu haratis, jiga YouTube. Tah sabangsaning koleksi dokumentasi RRI aya hadena mun diawurkeun ka YouTube ngarah bisa dipikawnaoh ku balarea. Sakitu heula. 2011/7/14 Ki Hasan <[email protected]> > Dina serelek di handap, aya 7 rekomendasi salaku hasil KBS IX kamari, nu > ditujukeun ka rupa-rupa instansi. Mun para pamilon KBS geus sukses > ngahasilkeun rekomendasi, ayeuna kira-kirana aya teu "rekomendasi" ti para > tukang noong di Internet, pakait jeung kongres tea. Cing dina raraga "lauk > buruk milu jadi tarasi" eh "lauk buruk milu mijah", rekomendasi naon > kira-kirana nu masih perlu ditambahkeun kana eta nu 7 tea. > > Bari ngadagoan rekomendasi ti nu sejen, uing rek ngalungkeun sababaraha > "rekomendasi" ka paguron umum nu aya di Tatar Sunda: > > 1. Rekomendai keur UPI > > Di FPBS UPI aya sababaraha jurusan, toong di handap, aya nu aneh dina cara > mere ngaran jurusanana. Aya jurusan Bahasa Inggris, Jerman, Arab, Jepang, > Prancis, jeung Bahasa jeung Sastra Indonesia. Palebah "Jurusan/Program Studi > Pendidikan Bahasa Daerah" kaciri teu teges ngarannna. Hadena sing teges we > mere ngaran teh, jiga jurusan sejen, ngarah kaciri identitasna. Kaduana eta > widang ukur mangrupa Program Studi. Leuwih hade misalna mun jadi "Jurusan > Pendidikan Bahasa Sunda" atawa "Jurusan Pendidikan Bahasa jeung Sastra > Sunda". > > Alesanana, mun bahasa teh nuduhkeun ka bangsa/seler/etnis, pan nu lain mah > jelas. Bahasa Arab misalna, ngarujuk kana bahasana urang Arab. Ari "Bahasa > Daerah" ngarujuk ka bangsa naon? Na aya kitu "Bangsa Daerah", "Seler > Daerah", atawa "Etnis Daerah". Masing nepi ka dugul ge jigana moal kungsi > aya nya. Hehehe. > > FPBS UPI > Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Indonesia > Jurusan/Program Studi Pendidikan Bahasa Daerah > Jurusan Pendidikan Bahasa Inggris > Jurusan Pendidikan Bahasa Jerman > Jurusan Pendidikan Bahasa Arab > Jurusan Pendidikan Bahasa Jepang > Jurusan Pendidikan Bahasa Prancis > > Sumber: http://fpbs.upi.edu > > > 2. Rekomendasi keur UI > > Di FIB UI ge jiga di UPI, aya sababaraha jurusan bahasa, jiga dina > berendelan di handap. > Nu anehna, najan UI teh ayana di Tatar Sunda, tapi euweuh Program Studi > Sastra Sunda. Nu aya malah Program Studi Sastra Jawa. Tangtu leuwih merenah > jeung tumaninah, mun di UI aya Program Studi Sastra Dunda. > > FIB UI > Program Studi Arab > Program Studi Bahasa dan Kebudayaan Korea > Program Studi Belanda > Program Studi Cina > Program Studi Inggris > Program Studi Jepang > Program Studi Jerman > Program Studi Prancis > Program Studi Rusia > Program Studi Sastra Daerah/Jawa > Program Studi Sastra Indonesia > > Sumber: http://www.fib.ui.ac.id/ > > Ari di UNPAD mah ngaranna geus teges, Jurusan Sastra Sunda, jadi teu aya > "rekomendasi". Hehehe. > > 2011/7/13 Ki Hasan <[email protected]> > >> Pemprov Diminta Terjemahkan Perda ke Bahasa Sunda >> Rabu, 13 Juli 2011 | 17:36 WIB >> >> *BOGOR, TRIBUN* - Kongres Basa Sunda IX yang berlangsung selama akhirnya >> menghasilkan 7 sasaran rekomendasi. Rekomendasi yang diberi judul Panggeuing >> Cipayung itu dibacakan Ketua Tim Perumus Yayat Hendayana SS MHum sebelum >> kongres ditutup saecara resmi oleh Gubernur Jabar, Ahmad Heryawan di Hotel >> Grand Jaya Raya, Rabu (13/7) sore. >> >> Rekomendasi yang ditujukan pada 7 lembaga itu masing-masing kepada Lembaga >> Basa jeung Sastra Sunda (LBSS), Pemprov Jabar, DPRD Jabar, Pemkab/Pemkot di >> Jabar, Disdik Jabar, Disdik Kabupaten/Kota, dan Disparbud Jabar. Namun yang >> paling utama terlihat ditujukan kepada Pemprov Jabar dan LBSS sendiri. >> >> Seperti yang dikatakan Yayat Hendayana, Pemprov Jabar diminta >> memfasilitasi program 'ngamumule' basa, sastra dan aksara Sunda dengan >> mengalokasikan anggarannya di APBD setiap tahun sesuai pasal 11 Perda Jabar >> No 5/2003 yang dikelola oleh LBSS. >> >> Pemprov juga diminta melaksanakan amanat Perda 5/2003 tentang pemeliharaan >> bahasa, sastra, dan aksara daerah, khususnya tentang perlunya basa Sunda >> dipakai sebagai bahasa pengantar pembelajaran di sekolah mulai tingkat >> taman kanak-kanak (TK) dan Sekolah Dasar sampai kelas 3. >> >> Selain itu, Pemprov juga diminta untuk menerjemahkan semua peraturan yang >> dikeluarkan Provinsi Jabar ke bahasa Sunda, memberi beasiswa kepada >> mahasiswa S1, S2, dan S3 bahasa dan sastra Sunda, serta memfasilitasi semua >> penelitian tentang kesundaan, kemudian Pemprov juga harus mengadakan >> kerjasama dengan pemerintah luar Jabar untuk mengajarkan basa Sunda di >> sekolah yang masyarakatnya menggunakan basa sunda. >> >> Sedangkan untuk LBSS, kata Yayat Hendayana, harus mendorong dibuatnya >> Kamus Basa Sunda lengkap sesuai jaman, mendirikan laboratorium Basa Sunda >> yang menjadi pusat pengembangan bahasa, sastra dan aksara. LBSS juga harus >> menerbitkan berita berkala terkait informasi terbaru bahasa, sastra dan >> aksara Sunda, serta menghidupkan kembali hadiah sastra LBSS setiap tahun. >> >> Sementara untuk DPRD Jabar hanya diharuskan untuk mendukung dan >> mengingatkan Pemprov Jabar dalam menjalankan rekomendasi hasil Kongres Basa >> Sunda IX. *(ddh)* >> >> *Dapatkan artikel ini di URL:* >> http://jabar.tribunnews.com/57137/Pemprov Diminta Terjemahkan Perda ke >> Bahasa Sunda >> >> >> >
