hahaha.... langkung sae ulah wungkul diserat di milis geura mang. tapi oge media sanes: facebook, kompasiana, sugan pikiran rakyat, kompas jabar. di dieu mah raraosan asa moal tepi tah rekomendasi teh. heureut teuing....
nu sanesna: kuring mah teu gaduh rekomendasi (eh, nu di luhur ge sok wae mun bade dijadikeun rekomendasi mah ketang haha) 2011/7/15 Ki Hasan <[email protected]> > ** > > > Karek Kang Yani nu nambahan rekomendasi, can aya deui rekomendasi ti nu > sejenna nya. Koanon enya? Haoream kitu, atawa bosen, hasilna sarua-rua > keneh? Hehehe. > > Bari ngadagoan rekomendasi nu leuwih hade ti nu sejen, uing rek neruskeun > "rekomendasi" nu kaimpleng na pikiran: > > 3. Rekomendasi keur koran Pikiran Rakyat (PR) > > Ieu rekomendasi ditujukeun lain ngan ukur ka PR, tapi oge ka media citak > sejenna, nu aya di Tatar Sunda. Mun di-data sacara gemet, tangtu loba media > masa nu ngadon hirup, ngala kauntungan unggal usik di Tatar Sunda. Lolobana > media masa make basa panganteur ku basa Indonesia, salaku basa nasional. > Ceuk rarasaan uing, asa wajar lamun unggal media nu nagadon usaha di Tatar > Sunda ngalokasikeun rubrik khusus nu ditulis make basa Sunda dina tiap > terbitanana. > > Nya rubrik model "Mang Ohle" lah. Ngan wae aya dua catetan pakait jeung ieu > rubrik. Kahijina ngan ukur terbit tiap minggu. Kaduana ieu rubrik bahasana > direumbeuy. Hadena mah rubrikna migunakeun basa Sunda sagemblengna, ngarah > bisa dipake pikeun media diajar basa Sunda ku masyarakat umum. > > 4. Rekomendasi keur RRI Bandung jeung TVRI Bandung > > Aya hadena fungsi RRI jeung TVRI ngeunteung ka BBC, VOA, ABC, atawa nu > sejenna. Salah sahiji faktor keur ngamasayarakatkeun basa Sunda teh, tangtu > kudu nyadiakeun bahan pikeun diajar nu cukup, nu bisa dikases ku balarea. > Mun urang ngulampreng ka situs BBC, VOA, atawa ABC, bahan keur diajar basa > Inggris teh apan sakitu ngaleuyana. Kadar daek we diajarna. Nu matak teu > heran, basa Inggris bisa jadi basa Internasional oge, da juru da'wahna tara > ieuh nyingsieunan ku dosa, atawa naraka, tapi dibibita ku sarana nu lengkep. > > > Ku kituna, aya hadena mun RRI Bandung jeung TVRI Bandung, bisa nyadiakeun > situs nu bisa ngamuat bahan keur diajar basa Sunda. Keur garapan awal mah, > bisi teu kabedag niayana, gunakeun we sarana nu aya, nu haratis, jiga > YouTube. Tah sabangsaning koleksi dokumentasi RRI aya hadena mun diawurkeun > ka YouTube ngarah bisa dipikawnaoh ku balarea. > > Sakitu heula. > 2011/7/14 Ki Hasan <[email protected]> > >> Dina serelek di handap, aya 7 rekomendasi salaku hasil KBS IX kamari, nu >> ditujukeun ka rupa-rupa instansi. Mun para pamilon KBS geus sukses >> ngahasilkeun rekomendasi, ayeuna kira-kirana aya teu "rekomendasi" ti para >> tukang noong di Internet, pakait jeung kongres tea. Cing dina raraga "lauk >> buruk milu jadi tarasi" eh "lauk buruk milu mijah", rekomendasi naon >> kira-kirana nu masih perlu ditambahkeun kana eta nu 7 tea. >> >> Bari ngadagoan rekomendasi ti nu sejen, uing rek ngalungkeun sababaraha >> "rekomendasi" ka paguron umum nu aya di Tatar Sunda: >> >> 1. Rekomendai keur UPI >> >> Di FPBS UPI aya sababaraha jurusan, toong di handap, aya nu aneh dina cara >> mere ngaran jurusanana. Aya jurusan Bahasa Inggris, Jerman, Arab, Jepang, >> Prancis, jeung Bahasa jeung Sastra Indonesia. Palebah "Jurusan/Program Studi >> Pendidikan Bahasa Daerah" kaciri teu teges ngarannna. Hadena sing teges we >> mere ngaran teh, jiga jurusan sejen, ngarah kaciri identitasna. Kaduana eta >> widang ukur mangrupa Program Studi. Leuwih hade misalna mun jadi "Jurusan >> Pendidikan Bahasa Sunda" atawa "Jurusan Pendidikan Bahasa jeung Sastra >> Sunda". >> >> Alesanana, mun bahasa teh nuduhkeun ka bangsa/seler/etnis, pan nu lain mah >> jelas. Bahasa Arab misalna, ngarujuk kana bahasana urang Arab. Ari "Bahasa >> Daerah" ngarujuk ka bangsa naon? Na aya kitu "Bangsa Daerah", "Seler >> Daerah", atawa "Etnis Daerah". Masing nepi ka dugul ge jigana moal kungsi >> aya nya. Hehehe. >> >> FPBS UPI >> Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Indonesia >> Jurusan/Program Studi Pendidikan Bahasa Daerah >> Jurusan Pendidikan Bahasa Inggris >> Jurusan Pendidikan Bahasa Jerman >> Jurusan Pendidikan Bahasa Arab >> Jurusan Pendidikan Bahasa Jepang >> Jurusan Pendidikan Bahasa Prancis >> >> Sumber: http://fpbs.upi.edu >> >> >> 2. Rekomendasi keur UI >> >> Di FIB UI ge jiga di UPI, aya sababaraha jurusan bahasa, jiga dina >> berendelan di handap. >> Nu anehna, najan UI teh ayana di Tatar Sunda, tapi euweuh Program Studi >> Sastra Sunda. Nu aya malah Program Studi Sastra Jawa. Tangtu leuwih merenah >> jeung tumaninah, mun di UI aya Program Studi Sastra Dunda. >> >> FIB UI >> Program Studi Arab >> Program Studi Bahasa dan Kebudayaan Korea >> Program Studi Belanda >> Program Studi Cina >> Program Studi Inggris >> Program Studi Jepang >> Program Studi Jerman >> Program Studi Prancis >> Program Studi Rusia >> Program Studi Sastra Daerah/Jawa >> Program Studi Sastra Indonesia >> >> Sumber: http://www.fib.ui.ac.id/ >> >> Ari di UNPAD mah ngaranna geus teges, Jurusan Sastra Sunda, jadi teu aya >> "rekomendasi". Hehehe. >> >> 2011/7/13 Ki Hasan <[email protected]> >> >>> Pemprov Diminta Terjemahkan Perda ke Bahasa Sunda >>> Rabu, 13 Juli 2011 | 17:36 WIB >>> >>> *BOGOR, TRIBUN* - Kongres Basa Sunda IX yang berlangsung selama akhirnya >>> menghasilkan 7 sasaran rekomendasi. Rekomendasi yang diberi judul Panggeuing >>> Cipayung itu dibacakan Ketua Tim Perumus Yayat Hendayana SS MHum sebelum >>> kongres ditutup saecara resmi oleh Gubernur Jabar, Ahmad Heryawan di Hotel >>> Grand Jaya Raya, Rabu (13/7) sore. >>> >>> Rekomendasi yang ditujukan pada 7 lembaga itu masing-masing kepada >>> Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS), Pemprov Jabar, DPRD Jabar, >>> Pemkab/Pemkot di Jabar, Disdik Jabar, Disdik Kabupaten/Kota, dan Disparbud >>> Jabar. Namun yang paling utama terlihat ditujukan kepada Pemprov Jabar dan >>> LBSS sendiri. >>> >>> Seperti yang dikatakan Yayat Hendayana, Pemprov Jabar diminta >>> memfasilitasi program 'ngamumule' basa, sastra dan aksara Sunda dengan >>> mengalokasikan anggarannya di APBD setiap tahun sesuai pasal 11 Perda Jabar >>> No 5/2003 yang dikelola oleh LBSS. >>> >>> Pemprov juga diminta melaksanakan amanat Perda 5/2003 tentang >>> pemeliharaan bahasa, sastra, dan aksara daerah, khususnya tentang perlunya >>> basa Sunda dipakai sebagai bahasa pengantar pembelajaran di sekolah mulai >>> tingkat taman kanak-kanak (TK) dan Sekolah Dasar sampai kelas 3. >>> >>> Selain itu, Pemprov juga diminta untuk menerjemahkan semua peraturan yang >>> dikeluarkan Provinsi Jabar ke bahasa Sunda, memberi beasiswa kepada >>> mahasiswa S1, S2, dan S3 bahasa dan sastra Sunda, serta memfasilitasi semua >>> penelitian tentang kesundaan, kemudian Pemprov juga harus mengadakan >>> kerjasama dengan pemerintah luar Jabar untuk mengajarkan basa Sunda di >>> sekolah yang masyarakatnya menggunakan basa sunda. >>> >>> Sedangkan untuk LBSS, kata Yayat Hendayana, harus mendorong dibuatnya >>> Kamus Basa Sunda lengkap sesuai jaman, mendirikan laboratorium Basa Sunda >>> yang menjadi pusat pengembangan bahasa, sastra dan aksara. LBSS juga harus >>> menerbitkan berita berkala terkait informasi terbaru bahasa, sastra dan >>> aksara Sunda, serta menghidupkan kembali hadiah sastra LBSS setiap tahun. >>> >>> Sementara untuk DPRD Jabar hanya diharuskan untuk mendukung dan >>> mengingatkan Pemprov Jabar dalam menjalankan rekomendasi hasil Kongres Basa >>> Sunda IX. *(ddh)* >>> >>> *Dapatkan artikel ini di URL:* >>> http://jabar.tribunnews.com/57137/Pemprov Diminta Terjemahkan Perda ke >>> Bahasa Sunda >>> >>> >>> >> > > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
