Teu sapuk kang yani. Mun enya ksatria pasti karna mela anu bener. 

Sent from my BlackBerry®
powered by | Ki  Runa Inawan™ |
Twitter: @runainawan Fb: Runa Inawan
www.lipi.go.id www.biologi.lipi.go.id

-----Original Message-----
From: MRachmat Rawyani <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Fri, 15 Jul 2011 04:13:25 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Bharata Yudha ka 75

Ceuk kuring mah, carita perang Bharata Yudha anu paling "dramatis", nya bagian 
dihandap anu dicarioskeun ku Bah Abbas Amin. Teu biasana Yudistira ngambek jiga 
kitu. Da sabenerna mah ceuk kuring mah, pasifatan ksatria anu kumplit mah aya 
di 
diri  Karna. Yudistira keuna kagoda ku maen judi.

mrachmatrawyani






________________________________
From: Abbas Amin <[email protected]>
To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]>
Sent: Fri, July 15, 2011 12:17:46 AM
Subject: [kisunda] Bharata Yudha ka 75

  
Barang nepi ka nu dituju nya eta tempat Karna lastari, sadaya sami heran, 
lantaran siga aya sora awewe nu ceurik. mani siga nu nyeri hate pisan. Terus 
wae 
dideukeutan ; kaciri eta awewe teh geus kolot; saha nya nu diceungceurikan? 
Jeun 
naon sababna ceurik ?
Barabf beuki deukeut ka tingal nu diceungceuriken teh waruga Karna ! Atuh beuki 
kaget we Pandaw teh; katingal sirah Karna geus disambung deui ku boeh bods; 
beuki kaget we Para Pandawa Lima teh.

Nya akhirna mah disampeurkeun we  sakali; barang deukeut dua pihakanana beuki 
kaget !
Pandawa kaget ti na teu nyangka nu nyeungceurikan layon Karna teh nyata ibu 
Para 
Pandawa nya eta Dewi Kunthi Nalibrata; DewiKunthi oge kaget rehna teu nyangka 
Pandawa bakal ka tempat layon Karna.

Teras wae atuhPara Pandawa nyembah ka Ibu Dewi  Kunthi; teras Yudhistira 
tumaros 
naon margana Dewi Kunthi nyeungceurikan layon Karna. layon musuh Pandawa.

Dewi Kunthi mung ukur ngabangingik; teu tiasa sasauran.
Keur kitu Kresna sasauran :" Bibi; rupina ayeuna tos cunduk waktuna; bibi bruk 
brak ka para putra !"

Beuki heran para Pandawa;enggal bae Dewi Kuthi sasauean :" saenyana mah anak 
ibu 
teh lain 5 tapi genep ."

Yudhistira:" Aya gebep !? Kamana atuh nu hiji deui !?"

Dewi Kunthi :" Samemeh Ibu ngarangkep karama hidep, Ibu teh boda anak; jadi 
lanceuk sampeyan sakabeh."

Yudhistira:" Sok atuh carioskeun, ibu ! Sareng naon hubunganana sareng ieu 
layon 
Karna !?"

Dewi Kunthi :" Bareto ibu teh kadatangan ku Resi anu sakti nu biasa ngajar ka 
sadaya' th eta Resi teh mawa Cupu. nu ngaranna Cupu Manik; dipenta ku iu 
akhirna 
dibikeun; kade cenah ulah gagabah. Tah ibu teh na hiji waktu nyoba eta kasakten 
CUPU ! Ibu reuwas lantaran kasumpingan ku Bhatara Surya nu teras  masihan OROK 
ka Ibu ! Atuh ngadadak ibu tehngandeg. Nya Rama Prabu Kuntiboja kalintang 
reuasna; teras manggil Resi nu tad; nya akhirna diusahakeun kaluar tina ceuli 
ibu. Ku sabab kalaurna ti na ceulo eta OROK teh dingaranan KARNA !!"

Teu acan ge tama, Dewi Kunthi nyariosna Yudhitirabari rada ngageter naros:"Jadi 
ieu Karna teh Putra ibu !?

Dewi Kunthi:" Teu kapindo gawe; terus ku ibu ieu OROK teh dipaLIDKEUN KA 
WALUNGAN nepi ka kaoanggih ku kusir Adhirata.

Yudhistira katingal bendu; rarayna beureum; nu tara2 ti sasari; Bhima oge 
ngarasa yen ingkang raka nuju bendu; Bhima ngaraos sieun terus wae nebihan 
tidinya; padahal Bhima teh taya kasieun tapi ningali Yudhistira bendu mah; 
anjeunna ngaraos sieun pisan.

Bhima teh memng ka sasaha oge tara nurut kitu wae; tapi ari ku Yudhistira mah 
Bhima teu pisan hayang mantangul. lantaran ti leuleutik keneh Bhima teh diurus 
ku Yudhistira; dimemenan pisan. Can ngajaran sakali ge dicarekan;  komo dijewer 
mah tara pisan. Estu Yudhistira nyaah pisan ka Bhima teh. Mun langlayangan 
atawa 
naon wae kalangenan Yudhistira ruksak ku Bhima; terus Bhima ceurik lantaran 
sieun diseueul; eh malah diusapan, pajarkun teh keun we loba kaulinan kitu2 wae 
mah; geus tong ceurik. jeungna deui Yudhistira teh sering ngelehan wae ka Bhima 
mah; ulah pisan nempo Bhima sedih terus we dihibur ku Yudhistira. Nu matak 
Bhima 
ngarasa hormat pisan ka Yudhistira teh. Ayeuna Yudhistira kakara ayeuna 
katingal 
BENDU; Bhima mani ngadegdeg; gancang ngolesed ti dinya ! Sigana Bhima leuwih 
sieun ku Yudhistira ti batan ku naon wae oge !

Yudhistira ngalahir :" Ti semet ayeuna Kaula sacara pribadi nyuhunkeun ka DEWA 
supaya sakabeh kaum wanita teu bisa nyekel rusiah deui !"

Dewi Kunthi :" Aduh hampura ibu; geus ngajadikeun saperti ieu; ibu ge geus 
usaha; tapi Karna teu daekeunjalir jangji. Sanyatana Karana teh Sakti pisan; 
lantaran ti barang lahir mawa anting2; kere nu  rapt jeung kulitna katambah ku 
gobdewa ti Bathara Surya."

Arjuna enggal nyembah:"Duuh ibu ari kitu mah kuring teh geus maehan lanceuk 
sirangan ibu; ku naon atuh ibu teu bruk brak !?"

Dewi Kunthi:" Lantaran Karna nyuhunkeun ka Ibu nutup ieu rusiah teu meunang 
dibuka ka sampeyan. Karna menta ibu sumpah. Ku sabab kitu Ibu teu wasa nyarita 
waktu Bharata Yudha rek dimimitian." Ibu ngan ukur bisa sedih.

HANCA


  
 

Kirim email ke