Ngadago dago Bharata Yudha salajengna. : D
From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Waluya Sent: Saturday, July 16, 2011 6:39 PM To: [email protected] Subject: [kisunda] Re: Bharata Yudha ka 75 > MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...> wrote: > Jigana wae, jaman baheula anu ngarang carita Bharata Yudha, make > pola pikir "hitam-putih". Para tokoh ideal picontoeun aya di > Pandawa, sedengkeun tokoh jahat/goreng aya di Kurawa. Ari ceuk kuring mah, dongeng Bharata Yudha malah HENTEU HIDEUNG BODAS, tapi ABU-ABU. Contona wae dimana aya nu perang (hartina silih paehan) anu jujur teu dibarengan ku licik? Dongeng Bharata Yudha mere pieunteungeun yen perang teh pinuh ku kalicikan. Oge, kulantaran dongeng ieu dongeng Hindhu nu teu leupas tina HUKUM KARMA. Para pahlawan nu perlaya (dilicikan) teh perlaya kulantaran ku pagaweanana (karmana) baheula. Karna baheulana doraka ka saurang resi, tepika manehna "dikutuk" bakal perlaya kulantaran kareta kudana tibebes dina leutak. Kitu deui nu sarejen nu hirup mamawa "kutukan". Dina Perang Bharata Yudha "kutukan2" ieu jadi kanyataan. Dibandingkeun jeung dongeng Hindhu nu sejenna RAMAYANA, Mahabarata leuwih kompleks jeung leuwih abu-abu. Ti awal derna wae geus pinuh ku kontroversi. Kumaha riwayat Bhisma, riwayat Destarata jeung Panduwinata tepika pangakhirna perlayana Prabu Parikesit (Anak Abimanyu nu jadi Raja Hastina). Tapi nu paling kamashur mah dialog Batara Kresna jeung Arjuna waktu rek mimiti Bharata Yudha, Arjuna ragu-ragu arek perang, sabab nu rek dilawan teh dulur-dulurna jeung guru-guruna. Kresna (nu titisan Dewa Wisnu) mere wejangan ka Arjuna nu sok disebut syair Bhagawadgita, ieu salah sahiji inti falsafah dina Agama Hindhu. Cenah, ieu salah sahiji kunaon dongeng Mahabahrata dipikaresep wae, tepika terus didongengkeun deui, didongengkeun deui ....... Baktos, WALUYA
<<image001.jpg>>
<<image002.jpg>>
