piraku parantos tutup lawang sigotaka mah



________________________________
From: Ii Sumirat <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Fri, July 22, 2011 4:41:24 PM
Subject: RE: [kisunda] Re: Bharata Yudha ka 75

  
Ngadago dago Bharata Yudha salajengna. : D
 
From:[email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of 
Waluya
Sent: Saturday, July 16, 2011 6:39 PM
To: [email protected]
Subject: [kisunda] Re: Bharata Yudha ka 75
 
  
> MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...> wrote:
> Jigana wae, jaman baheula anu ngarang carita Bharata Yudha, make 
> pola pikir "hitam-putih". Para tokoh ideal picontoeun aya di 
> Pandawa, sedengkeun tokoh jahat/goreng aya di Kurawa. 

Ari ceuk kuring mah, dongeng Bharata Yudha malah HENTEU HIDEUNG BODAS, tapi 
ABU-ABU. Contona wae dimana aya nu perang (hartina silih paehan) anu jujur teu 
dibarengan ku licik? Dongeng Bharata Yudha mere pieunteungeun yen perang teh 
pinuh ku kalicikan. Oge, kulantaran dongeng ieu dongeng Hindhu nu teu leupas 
tina HUKUM KARMA. Para pahlawan nu perlaya (dilicikan) teh perlaya kulantaran 
ku 
pagaweanana (karmana) baheula. Karna baheulana doraka ka saurang resi, tepika 
manehna "dikutuk" bakal perlaya kulantaran kareta kudana tibebes dina leutak. 
Kitu deui nu sarejen nu hirup mamawa "kutukan". Dina Perang Bharata Yudha 
"kutukan2" ieu jadi kanyataan. 


Dibandingkeun jeung dongeng Hindhu nu sejenna RAMAYANA, Mahabarata leuwih 
kompleks jeung leuwih abu-abu. Ti awal derna wae geus pinuh ku kontroversi. 
Kumaha riwayat Bhisma, riwayat Destarata jeung Panduwinata tepika pangakhirna 
perlayana Prabu Parikesit (Anak Abimanyu nu jadi Raja Hastina). Tapi nu paling 
kamashur mah dialog Batara Kresna jeung Arjuna waktu rek mimiti Bharata Yudha, 
Arjuna ragu-ragu arek perang, sabab nu rek dilawan teh dulur-dulurna jeung 
guru-guruna. Kresna (nu titisan Dewa Wisnu) mere wejangan ka Arjuna nu sok 
disebut syair Bhagawadgita, ieu salah sahiji inti falsafah dina Agama Hindhu.

Cenah, ieu salah sahiji kunaon dongeng Mahabahrata dipikaresep wae, tepika 
terus 
didongengkeun deui, didongengkeun deui .......

Baktos,
WALUYA
s

Kirim email ke