Kamana bagean ka 74 na nya kang? dikorehan dina tutungkusan tapi teu kapendak




________________________________
From: Ki Hasan <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Fri, July 15, 2011 9:26:21 PM
Subject: Re: [kisunda] Bharata Yudha ka 75

  
Ari ceuk uing mah, kabeh tokoh pandawa, ukur aya dina tataran ideal, tataran 
imajinatif, nu rada hese manggih dina alam realita. Tokoh-tokoh nu aya di 
kurawa, asa leuwih "manusiawi", leuwih deukeut jeung karakter manungsa nu sok 
katepaan owah jeung gingsir.


2011/7/15 MRachmat Rawyani <[email protected]>

  
>Ceuk kuring mah, carita perang Bharata Yudha anu paling "dramatis", nya bagian 
>dihandap anu dicarioskeun ku Bah Abbas Amin. Teu biasana Yudistira ngambek 
>jiga 
>kitu. Da sabenerna mah ceuk kuring mah, pasifatan ksatria anu kumplit mah aya 
>di 
>diri  Karna. Yudistira keuna kagoda ku maen judi.
>
>mrachmatrawyani
>
>
>
>
>
>
>
________________________________
From: Abbas Amin <[email protected]>
>To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]>
>Sent: Fri, July 15, 2011 12:17:46 AM
>Subject: [kisunda] Bharata Yudha ka 75
>
>
>  
>Barang nepi ka nu dituju nya eta tempat Karna lastari, sadaya sami heran, 
>lantaran siga aya sora awewe nu ceurik. mani siga nu nyeri hate pisan. Terus 
>wae 
>dideukeutan ; kaciri eta awewe teh geus kolot; saha nya nu diceungceurikan? 
>Jeun 
>naon sababna ceurik ?
>Barabf beuki deukeut ka tingal nu diceungceuriken teh waruga Karna ! Atuh 
>beuki 
>kaget we Pandaw teh; katingal sirah Karna geus disambung deui ku boeh bods; 
>beuki kaget we Para Pandawa Lima teh.
>
>Nya akhirna mah disampeurkeun we sakali; barang deukeut dua pihakanana beuki 
>kaget !
>Pandawa kaget ti na teu nyangka nu nyeungceurikan layon Karna teh nyata ibu 
>Para 
>Pandawa nya eta Dewi Kunthi Nalibrata; DewiKunthi oge kaget rehna teu nyangka 
>Pandawa bakal ka tempat layon Karna.
>
>Teras wae atuhPara Pandawa nyembah ka Ibu Dewi Kunthi; teras Yudhistira 
>tumaros 
>naon margana Dewi Kunthi nyeungceurikan layon Karna. layon musuh Pandawa.
>
>Dewi Kunthi mung ukur ngabangingik; teu tiasa sasauran.
>Keur kitu Kresna sasauran :" Bibi; rupina ayeuna tos cunduk waktuna; bibi bruk 
>brak ka para putra !"
>
>Beuki heran para Pandawa;enggal bae Dewi Kuthi sasauean :" saenyana mah anak 
>ibu 
>teh lain 5 tapi genep ."
>
>Yudhistira:" Aya gebep !? Kamana atuh nu hiji deui !?"
>
>Dewi Kunthi :" Samemeh Ibu ngarangkep karama hidep, Ibu teh boda anak; jadi 
>lanceuk sampeyan sakabeh."
>
>Yudhistira:" Sok atuh carioskeun, ibu ! Sareng naon hubunganana sareng ieu 
>layon 
>Karna !?"
>
>Dewi Kunthi :" Bareto ibu teh kadatangan ku Resi anu sakti nu biasa ngajar ka 
>sadaya' th eta Resi teh mawa Cupu. nu ngaranna Cupu Manik; dipenta ku iu 
>akhirna 
>dibikeun; kade cenah ulah gagabah. Tah ibu teh na hiji waktu nyoba eta 
>kasakten 
>CUPU ! Ibu reuwas lantaran kasumpingan ku Bhatara Surya nu teras masihan OROK 
>ka 
>Ibu ! Atuh ngadadak ibu tehngandeg. Nya Rama Prabu Kuntiboja kalintang 
>reuasna; 
>teras manggil Resi nu tad; nya akhirna diusahakeun kaluar tina ceuli ibu. Ku 
>sabab kalaurna ti na ceulo eta OROK teh dingaranan KARNA !!"
>
>Teu acan ge tama, Dewi Kunthi nyariosna Yudhitirabari rada ngageter 
>naros:"Jadi 
>ieu Karna teh Putra ibu !?
>
>Dewi Kunthi:" Teu kapindo gawe; terus ku ibu ieu OROK teh dipaLIDKEUN KA 
>WALUNGAN nepi ka kaoanggih ku kusir Adhirata.
>
>Yudhistira katingal bendu; rarayna beureum; nu tara2 ti sasari; Bhima oge 
>ngarasa yen ingkang raka nuju bendu; Bhima ngaraos sieun terus wae nebihan 
>tidinya; padahal Bhima teh taya kasieun tapi ningali Yudhistira bendu mah; 
>anjeunna ngaraos sieun pisan.
>
>Bhima teh memng ka sasaha oge tara nurut kitu wae; tapi ari ku Yudhistira mah 
>Bhima teu pisan hayang mantangul. lantaran ti leuleutik keneh Bhima teh diurus 
>ku Yudhistira; dimemenan pisan. Can ngajaran sakali ge dicarekan; komo dijewer 
>mah tara pisan. Estu Yudhistira nyaah pisan ka Bhima teh. Mun langlayangan 
>atawa 
>naon wae kalangenan Yudhistira ruksak ku Bhima; terus Bhima ceurik lantaran 
>sieun diseueul; eh malah diusapan, pajarkun teh keun we loba kaulinan kitu2 
>wae 
>mah; geus tong ceurik. jeungna deui Yudhistira teh sering ngelehan wae ka 
>Bhima 
>mah; ulah pisan nempo Bhima sedih terus we dihibur ku Yudhistira. Nu matak 
>Bhima 
>ngarasa hormat pisan ka Yudhistira teh. Ayeuna Yudhistira kakara ayeuna 
>katingal 
>BENDU; Bhima mani ngadegdeg; gancang ngolesed ti dinya ! Sigana Bhima leuwih 
>sieun ku Yudhistira ti batan ku naon wae oge !
>
>Yudhistira ngalahir :" Ti semet ayeuna Kaula sacara pribadi nyuhunkeun ka DEWA 
>supaya sakabeh kaum wanita teu bisa nyekel rusiah deui !"
>
>Dewi Kunthi :" Aduh hampura ibu; geus ngajadikeun saperti ieu; ibu ge geus 
>usaha; tapi Karna teu daekeunjalir jangji. Sanyatana Karana teh Sakti pisan; 
>lantaran ti barang lahir mawa anting2; kere nu rapt jeung kulitna katambah ku 
>gobdewa ti Bathara Surya."
>
>Arjuna enggal nyembah:"Duuh ibu ari kitu mah kuring teh geus maehan lanceuk 
>sirangan ibu; ku naon atuh ibu teu bruk brak !?"
>
>Dewi Kunthi:" Lantaran Karna nyuhunkeun ka Ibu nutup ieu rusiah teu meunang 
>dibuka ka sampeyan. Karna menta ibu sumpah. Ku sabab kitu Ibu teu wasa nyarita 
>waktu Bharata Yudha rek dimimitian." Ibu ngan ukur bisa sedih.
>
>HANCA
>
>  


Kirim email ke