satuju....
________________________________ Dari: oman abdurahman <[email protected]> Kepada: [email protected] Cc: urang sunda <[email protected]> Dikirim: Selasa, 19 Juli 2011 9:06 Judul: [kisunda] Kasus Parebut Lahan di Jl Dago 18 Juli 2011 Baraya, Kasus parebut lahan SMAK Dago di Jl. Ir. H. Juanda (ti heula: Jl. Dago) kamari, ngerakeun pisan. Ngerakeunana teh eta nepi ka buk-bek silih babuk jeung silih tonjok di pakarangan sakola jeung di Jl Dago, jajalaneun jelema rea di Kota Bandung anu nelah kota Asia-Afrika, kawentar ku Dasasila Bandung-na anu ngahalakeun katengtreman. Naha nya eta lahan nepi ka diparebutkeun ku dua golongan? Tetela geuning di Bandung oge loba preman anu bisa dihucuhkeun pikeun nyingsieunan sangkan kahontal hiji tujuan (ngarebut lahan)? Kunaon henteu make jalur pengadilan? Asa kacida teuing deui dua kelompok anu garelut teh loba preman siga garelutna dua kelompok geng preman di Jakarta anyar-anyar ieu. Naha rek diekspor ka Bandung kitu perang model preman di Jakarta anu umumna diluluguan ku urang sebrang teh? Beu...bakal cilaka ka hareupna Bandung lamun bibit peperangan model preman kieu rek diwanohkeun di Bandung. Kudu ti ayeuna keneh dihulag. manar
