Hayoh para Jawara, geura singkil, geura jaraga lembur. Peupeuriheun milis
"Jaga Lembur" geus nghaiyang. Hehehe.


2011/7/19 oman abdurahman <[email protected]>

> **
>
>
> Baraya,
>
>
> Kasus parebut lahan SMAK Dago di Jl. Ir. H. Juanda (ti heula: Jl. Dago)
> kamari, ngerakeun pisan. Ngerakeunana teh eta nepi ka buk-bek silih babuk
> jeung silih tonjok di pakarangan sakola jeung di Jl Dago, jajalaneun jelema
> rea di Kota Bandung anu nelah kota Asia-Afrika, kawentar ku Dasasila
> Bandung-na anu ngahalakeun katengtreman.
>
> Naha nya eta lahan nepi ka diparebutkeun ku dua golongan? Tetela geuning di
> Bandung oge loba preman anu bisa dihucuhkeun pikeun nyingsieunan sangkan
> kahontal hiji tujuan (ngarebut lahan)? Kunaon henteu make jalur pengadilan?
> Asa kacida teuing deui dua kelompok anu garelut teh loba preman siga
> garelutna dua kelompok geng preman di Jakarta anyar-anyar ieu. Naha rek
> diekspor ka Bandung kitu perang model preman di Jakarta anu umumna
> diluluguan ku urang sebrang teh? Beu...bakal cilaka ka hareupna Bandung
> lamun bibit peperangan model preman kieu rek diwanohkeun di Bandung. Kudu ti
> ayeuna keneh dihulag.
>
>
> manar
>

Kirim email ke