Sapuk Kang Dud, memang kedah aya panalungtikan objektif supados teu kajebak ku 
stereotype tea. Nanging angger da hasil statistik oge masih kapangaruhan 
unsur-unsur sanes utamina metode sareng sampling-na, janten teu cekap mung 
ngandelkeun data statistik wungkul...

Ari abdi mah ngalungkeun isu ieu teh kumargi aya kacenderungan pami ningali 
batur kitu kieuteh gampil pisan nyimpulkeun yen eta alatan goreng budaya-na, 
alatan moyodok agamana, alatan butut turunannana, jst. Geuningan ari 
dibalikkeun ka diri urang mah aya wae anu ngagarabag majar eta mah lain urang, 
atuh nu ngamasalahkeunnana gelo burung. Keun we da pami teu aya nu gelo mah 
moal aya nu waras...hehe :D


Janten emut dua puluh taun kalangkung, pan pami aya anu ngalungkeun isu korupsi 
teh ampir sadayana nyebatkeun yen eta mah sanes budaya urang anu pancasilais, 
eta mah mung kalakuan oknum. Geuning ayeuna buktosna? naha urang bade mungkir 
pami eta teh tos bagian tina kanyataan hirup urang sadidinten? malah tos aya 
anu ngaproklamirkeun yen korupsi teh tos janten budaya. Pon kitu deui Nyi 
Darsem, naha urang bade mungkir yen eta teh bagian tina kalakuan masyarakat 
urang anu henteu nutup kamungkinan pami diantepkeun mah hiji waktos bakal 
diagem ku mayoritas masyarakat urang?


Bola beureumna panginten tibatan nyalahkeun budaya deungeun, naha urang teu 
nyobian ngeunteung kanyataan budaya urang ayeuna siga kumaha? teras ngamumule 
tur ngomean sabisa-bisa supados stereotype nu ditapelkeun ka urang Sunda teh 
ulah seueur teuing anu gorengna.


Cag heula ah, wilujeng buka sadayana...:))


>________________________________
>From: Dudi Herlianto <[email protected]>
>To: [email protected]
>Sent: Monday, 8 August 2011 5:31 PM
>Subject: Re: [kisunda] Budaya urang Sunda
>
>
>  
>hiji-hijina cara keur ngumumkeun (generalisir) nyaeta ayakeun panalungtikan 
>kuantitatif. alatna statistik. saperti naon nu dilakukeun bps. atawa sababara 
>lembaga survei sospol partikelir nu keur koncara. lamun ukur ningali kana 
>kasus darsem mah lumpatna paling-paling ka stereotipikasi urang sunda (jawa 
>barat). ketang: meureun ieu mah. haha...
>
>
>Pada 8 Agustus 2011 13:22, Deni Indra Kelana <[email protected]> menulis:
>
> 
>>  
>>Hahah, sigana mah kitu...
>>Kantos abdi ge curat-coret ngeunaan pernyandungan teh, tiasa ditoong di dieu: 
>>http://dkelana.wordpress.com/2009/08/06/should-polygamy-be-completely-banned-%E2%80%93-a-discourse-towards-polygamy-practice-in-indonesia-prepared-by-deni-indra-kelana/
>>kasimpulan lalawora abdi mah, yen moal aya pernyandungan pami teu aya unsur 
>>kapanujuan anu dicandungna, dina hal ieu anu ngora, boh karana cinta, namung 
>>seuseueurna pagaliwota dina urusan ekonomi. janten salah sawios jalan 
>>kaluarna panginten teu tebih ti pemberdayaan para wanoja dina widang ekonomi 
>>supados gaduh kamandirian. Pami tos mandiri masih keneh keresa diwayuh, nya 
>>eta mah panginten pilihan tea, sanes kapaksa atanapi dipaksa...:D
>>
>>
>>Uih deui ka Nyi Darsem, kumaha tah? naha urang nampi pami disebatkeun yen 
>>urang Sunda teh teu apal ti tangel waler atanapi kautamaan moral, bari gampil 
>>kagoda ku owah gingsir. Pan dihenteu-henteu oge Nyi Darsem teh urang Subang 
>>pami teu lepat mah...
>>
>>
>>
>>
>>>________________________________
>>>From: JeBe <[email protected]>
>>>To: "[email protected]" <[email protected]>
>>>Sent: Monday, 8 August 2011 3:54 PM
>>>
>>>Subject: Re: [kisunda] Budaya urang Sunda
>>>
>>>
>>>
>>>  
>>>leres pisan ki, tong boro nagara tatangga, nu jauh oge kitu apanan, di arab 
>>>bareukieun, di eropa oge bareukieun. 
>>>ditapelkeun ka urang sunda teh pedah weh meureun urang sunda mah terkenal 
>>>bin kasohor
>>>lain kasohor nyandung-na, tapi kasohor kasundaanna 
>>>meureun
>>>hahah...
>>>
>>>
>>> 
>-- 
>d-: dudi herlianto :-q
>paciringan.wordpress.com
>kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>
> 
>
>

Kirim email ke