2011/8/8 Deni Indra Kelana <[email protected]>

> **
>
>
> Sapuk Kang Dud, memang kedah aya panalungtikan objektif supados teu kajebak
> ku stereotype tea. Nanging angger da hasil statistik oge masih kapangaruhan
> unsur-unsur sanes utamina metode sareng sampling-na, janten teu cekap mung
> ngandelkeun data statistik wungkul...
>
> Ari abdi mah ngalungkeun isu ieu teh kumargi aya kacenderungan pami ningali
> batur kitu kieu teh gampil pisan nyimpulkeun yen eta alatan goreng
> budaya-na, alatan moyodok agamana, alatan butut turunannana, jst. Geuningan
> ari dibalikkeun ka diri urang mah aya wae anu ngagarabag majar eta mah lain
> urang, atuh nu ngamasalahkeunnana gelo burung. Keun we da pami teu aya nu
> gelo mah moal aya nu waras...hehe :D
>

Lebah dieu jigana urang kudu indit ti titik pamiangan nu sarua. Kudu disasar
heula naon nu dimaksud budaya? Mun uing nitenan padungdengan di milis, uing
nyawang nu dimaksud budaya teh nu dianggap hade. Ari nu butut mah jigana
lain budaya nya. Hehehe



>
> Janten emut dua puluh taun kalangkung, pan pami aya anu ngalungkeun isu
> korupsi teh ampir sadayana nyebatkeun yen eta mah sanes budaya urang anu
> pancasilais, eta mah mung kalakuan oknum. Geuning ayeuna buktosna? naha
> urang bade mungkir pami eta teh tos bagian tina kanyataan hirup urang
> sadidinten? malah tos aya anu ngaproklamirkeun yen korupsi teh tos janten
> budaya. Pon kitu deui Nyi Darsem, naha urang bade mungkir yen eta teh bagian
> tina kalakuan masyarakat urang anu henteu nutup kamungkinan pami diantepkeun
> mah hiji waktos bakal diagem ku mayoritas masyarakat urang?
>

Jigana aya benerna oge, yen korupsi teh lain budaya urang. Gampang buktina
mah. Pan aya penolakan dimana-mana. Malah aya lembagana sagala keur
ngungkulanana. Hal ieu nuduhkeun yen korupsi teu diaku salaku budaya.



> Bola beureumna panginten tibatan nyalahkeun budaya deungeun, naha urang teu
> nyobian ngeunteung kanyataan budaya urang ayeuna siga kumaha? teras
> ngamumule tur ngomean sabisa-bisa supados stereotype nu ditapelkeun ka urang
> Sunda teh ulah seueur teuing anu gorengna.
>

Akur nu ieu mah. Pan urang padungdeng di ieu milis teh pikeun tujuan eta.

Kirim email ke