walah mantap pisan kang deni. ngan kuring mah statistisi, jadi daek teu daek
kudu percaya ka statistik. haha. tangtu nu jalan dina metode nu bener.

ningali penomena darsem, kuring make elmuning aakalan, masih manusawi pisan.

gerakan sosial kamanusan kasus darsem teh aya semu nu sarua jeung kasus koin
keadilan prita atawa koin cinta bilqis. duit nu kakumpul tina katilu gerakan
eta teu nepi kana maksud mimiti. gantipati darsem ditaur sapuratina ku
pamarentah, vonis ma prita teu kudu naur kahayang rs omni, kitu deui bilqis
kabujeng maot saacan koin nu kakumpul dipake keur operasi. tapi angger,
kabeh sumbangan ti masarakat tepi ka pribadi nu ngarandapan kasus,
sahenteuna kulawargana.

saterusna mah lain kasangtukang etnis nu mangaruhan laku saterusna si
pribadi tadi sanggeus nampa duit sumbangan hanteu saeutik. tapi cek kuring
mah leuwih ka masalah kasangtukang atikan jeung tempat cicing (lembur-kota).

prita mulyasari, indungna bilqis dewi farida, oge darsem teh kabeh urang
sunda (jawa barat jeung banten). mun teu lepat, prita, make dana sumbangan
deuk nyieun lsm advokasi keur masalah nu sarupa. dewi nyieun yayasan keur
nulungan nu boga kasakit jiga budakna. sedengkeun darsem dipake meuli
taneuh, ngomean imah, nyunatan anakna, meuli emas.

prita jeung dewi ti kalangan kelas menengah jeung urang kota. atikanna
luhur, pagaweanna hade. sedengkeun darsem ti kalangan handap jeung urang
lembur. atikan kurang, pagawean ge kapaksa kudu ka nagri deungeun jadi tkw.

jadi rada jauh cek kuring mah, mun mawa darsem ka ranah etnis (naon ieu
haha). oge rada beda jeung kasus agama saperti nu dipadungdengkeun ku mang
maman jeung kang deni.

tapi ieu mah meumeureunan kang, kuring nu urang eksak nyoba-nyoba
aanalisisan masalah sosial.

:p

2011/8/8 Deni Indra Kelana <[email protected]>

> **
>
>
> Sapuk Kang Dud, memang kedah aya panalungtikan objektif supados teu kajebak
> ku stereotype tea. Nanging angger da hasil statistik oge masih kapangaruhan
> unsur-unsur sanes utamina metode sareng sampling-na, janten teu cekap mung
> ngandelkeun data statistik wungkul...
>
> Ari abdi mah ngalungkeun isu ieu teh kumargi aya kacenderungan pami ningali
> batur kitu kieu teh gampil pisan nyimpulkeun yen eta alatan goreng
> budaya-na, alatan moyodok agamana, alatan butut turunannana, jst. Geuningan
> ari dibalikkeun ka diri urang mah aya wae anu ngagarabag majar eta mah lain
> urang, atuh nu ngamasalahkeunnana gelo burung. Keun we da pami teu aya nu
> gelo mah moal aya nu waras...hehe :D
>
> Janten emut dua puluh taun kalangkung, pan pami aya anu ngalungkeun isu
> korupsi teh ampir sadayana nyebatkeun yen eta mah sanes budaya urang anu
> pancasilais, eta mah mung kalakuan oknum. Geuning ayeuna buktosna? naha
> urang bade mungkir pami eta teh tos bagian tina kanyataan hirup urang
> sadidinten? malah tos aya anu ngaproklamirkeun yen korupsi teh tos janten
> budaya. Pon kitu deui Nyi Darsem, naha urang bade mungkir yen eta teh bagian
> tina kalakuan masyarakat urang anu henteu nutup kamungkinan pami diantepkeun
> mah hiji waktos bakal diagem ku mayoritas masyarakat urang?
>
> Bola beureumna panginten tibatan nyalahkeun budaya deungeun, naha urang teu
> nyobian ngeunteung kanyataan budaya urang ayeuna siga kumaha? teras
> ngamumule tur ngomean sabisa-bisa supados stereotype nu ditapelkeun ka urang
> Sunda teh ulah seueur teuing anu gorengna.
>
> Cag heula ah, wilujeng buka sadayana...:))
>
> ------------------------------
> *From:* Dudi Herlianto <[email protected]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Monday, 8 August 2011 5:31 PM
>
> *Subject:* Re: [kisunda] Budaya urang Sunda
>
>
> hiji-hijina cara keur ngumumkeun (generalisir) nyaeta ayakeun panalungtikan
> kuantitatif. alatna statistik. saperti naon nu dilakukeun bps. atawa
> sababara lembaga survei sospol partikelir nu keur koncara. lamun ukur
> ningali kana kasus darsem mah lumpatna paling-paling ka stereotipikasi urang
> sunda (jawa barat). ketang: meureun ieu mah. haha...
>
> Pada 8 Agustus 2011 13:22, Deni Indra Kelana <[email protected]>menulis:
>
> **
>
>
>

-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke