Rumasa dewek mah teu miluan nyumbang ka nyi darsem teh, jadi moal miluan 
ngomentar ah, era jeung heurin ku letah


________________________________
From: Dudi Herlianto <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, August 9, 2011 6:57 PM
Subject: Re: [kisunda] Budaya urang Sunda


  
walah mantap pisan kang deni. ngan kuring mah statistisi, jadi daek teu daek 
kudu percaya ka statistik. haha. tangtu nu jalan dina metode nu bener.

ningali penomena darsem, kuring make elmuning aakalan, masih manusawi pisan.

gerakan sosial kamanusan kasus darsem teh aya semu nu sarua jeung kasus koin 
keadilan prita atawa koin cinta bilqis. duit nu kakumpul tina katilu gerakan 
eta teu nepi kana maksud mimiti. gantipati darsem ditaur sapuratina ku 
pamarentah, vonis ma prita teu kudu naur kahayang rs omni, kitu deui bilqis 
kabujeng maot saacan koin nu kakumpul dipake keur operasi. tapi angger, kabeh 
sumbangan ti masarakat tepi ka pribadi nu ngarandapan kasus, sahenteuna 
kulawargana.

saterusna mah lain kasangtukang etnis nu mangaruhan laku saterusna si pribadi 
tadi sanggeus nampa duit sumbangan hanteu saeutik. tapi cek kuring mah leuwih 
ka masalah kasangtukang atikan jeung tempat cicing (lembur-kota).

prita mulyasari, indungna bilqis dewi farida, oge darsem teh kabeh urang sunda 
(jawa barat jeung banten). mun teu lepat, prita, make dana sumbangan deuk 
nyieun lsm advokasi keur masalah nu sarupa. dewi nyieun yayasan keur nulungan 
nu boga kasakit jiga budakna. sedengkeun darsem dipake meuli taneuh, ngomean 
imah, nyunatan anakna, meuli emas.

prita jeung dewi ti kalangan kelas menengah jeung urang kota. atikanna luhur, 
pagaweanna hade. sedengkeun darsem ti kalangan handap jeung urang lembur. 
atikan kurang, pagawean ge kapaksa kudu ka nagri deungeun jadi tkw.

jadi rada jauh cek kuring mah, mun mawa darsem ka ranah etnis (naon ieu haha). 
oge rada beda jeung kasus agama saperti nu dipadungdengkeun ku mang maman jeung 
kang deni.

tapi ieu mah meumeureunan kang, kuring nu urang eksak nyoba-nyoba aanalisisan 
masalah sosial.

:p


2011/8/8 Deni Indra Kelana <[email protected]>

 
>  
>Sapuk Kang Dud, memang kedah aya panalungtikan objektif supados teu kajebak 
ku stereotype tea. Nanging angger da hasil statistik oge masih kapangaruhan 
unsur-unsur sanes utamina metode sareng sampling-na, janten teu cekap mung 
ngandelkeun data statistik wungkul...
>
>
>Ari abdi mah ngalungkeun isu ieu teh kumargi aya kacenderungan pami ningali 
batur kitu kieuteh gampil pisan nyimpulkeun yen eta alatan goreng budaya-na, 
alatan moyodok agamana, alatan butut turunannana, jst. Geuningan ari 
dibalikkeun ka diri urang mah aya wae anu ngagarabag majar eta mah lain urang, 
atuh nu ngamasalahkeunnana gelo burung. Keun we da pami teu aya nu gelo mah 
moal aya nu waras...hehe :D
>
>
>
>Janten emut dua puluh taun kalangkung, pan pami aya anu ngalungkeun isu 
korupsi teh ampir sadayana nyebatkeun yen eta mah sanes budaya urang anu 
pancasilais, eta mah mung kalakuan oknum. Geuning ayeuna buktosna? naha urang 
bade mungkir pami eta teh tos bagian tina kanyataan hirup urang sadidinten? 
malah tos aya anu ngaproklamirkeun yen korupsi teh tos janten budaya. Pon kitu 
deui Nyi Darsem, naha urang bade mungkir yen eta teh bagian tina kalakuan 
masyarakat urang anu henteu nutup kamungkinan pami diantepkeun mah hiji waktos 
bakal diagem ku mayoritas masyarakat urang?
>
>
>
>Bola beureumna panginten tibatan nyalahkeun budaya deungeun, naha urang teu 
nyobian ngeunteung kanyataan budaya urang ayeuna siga kumaha? teras ngamumule 
tur ngomean sabisa-bisa supados stereotype nu ditapelkeun ka urang Sunda teh 
ulah seueur teuing anu gorengna.
>
>
>
>Cag heula ah, wilujeng buka sadayana...:))
>
>
>>________________________________
>>From: Dudi Herlianto <[email protected]>
>>To: [email protected]
>>Sent: Monday, 8 August 2011 5:31 PM
>>
>>Subject: Re: [kisunda] Budaya urang Sunda
>>
>>
>>
>>  
>>hiji-hijina cara keur ngumumkeun (generalisir) nyaeta ayakeun 
panalungtikan kuantitatif. alatna statistik. saperti naon nu dilakukeun bps. 
atawa sababara lembaga survei sospol partikelir nu keur koncara. lamun ukur 
ningali kana kasus darsem mah lumpatna paling-paling ka stereotipikasi urang 
sunda (jawa barat). ketang: meureun ieu mah. haha...
>>
>>
>>Pada 8 Agustus 2011 13:22, Deni Indra Kelana 
<[email protected]> menulis:
>>
>> 
>>>  
>>>
>>>

-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

 

Kirim email ke