Lain euy asa araraneh di urang mah... Nempe di media loba daerah utamana mah 
tatar sunda anu ngalakukeun sweeping warung beurang pas bulan puasa. 

Ari pamikiran kuring mah naha bet warung dahar bet ditutup? Atawa dilarang 
buka? Pan laina di daerah eta teh teu sakabehna puasa lin? Loba oge anu teu 
paruasa aya anu lain Islam, aya awewe nu keur halangan, gering, jrrd... Ceunah 
ngaganggu? Ah ma enya? Nganganggu belahmana na ari geus niat puasa mah bisina 
disuguhan sangu tutug oncom + gurame bakar + jamal roti + karedok moal kagoda 
ujug-2 kudu buka pan henteu lin? 

Ceuk kuring lamun nu ngarana daerah wisata komo wajiiib buka warung kadaharan, 
pan loba nu datang teu paruasa aya bule, aya non Islam, jrrd... Siga kuring 
pernah nganteur bule bulan puasa sales call... Beres presentasi ku kuring 
dianteur ka rumah makan dan ngeus meujeuhna dahar... Tah kuring mah kusabab 
puasa nya nungguan weh. Sori ceuk kuring teh kuring keur puasa sok weh kadinyah 
dalahar, nu mayarna kuring hehehe.

Soalna pan eta warung/ rumah makan pan meureun boga karyawan lin? Kudu mayar 
THR lamun di sweeping kitu mah pan asa teh teu merenah euy. Disisi lain manehna 
boga kawajiban ngabiayaan karyawan tapi rek usaha keur neangan duit kalahka 
ditutup. 

Teuing bener teuing henteu... Tapi ari ceuk kuring mah lamun jelema ngeus niat 
puasa mah godaan naon wae oge moal ngaruh :D.

Geus kitu nu nga razia jeung sweeping na teh aya Jawara, aya ormas, jrrd... Asa 
ku teu merenah euy...

powered by dkabayan.com

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke