Ongkoh palercaya puasa teh parentah Allah, keun we sanggakeun ka Mantena urusan nu teu paruasa mah naha arek di siksa di dunia keneh, di beuleum di naraka jaga di aherat atawa bisa jadi oge teu dikukumaha ku Mantena. Urang salaku jelema mah teu maci ngahukuman nu sejen sabab teu ngajalankeun parentah Allah, da teu dibere mandat ti Mantena keur ngahukuman makhluk Mantena.
________________________________ From: Waluya <[email protected]> To: [email protected] Sent: Wednesday, August 10, 2011 12:23 PM Subject: [kisunda] Re: Sweeping Warung Pas Puasa Sweeping warung makan teh ayeuna mah resmi dilakukeun ku aparat pamarentah (Satpol PP) siga di Ciamis jeung di Sukabumi. Uing boga usul, tinimbang nutup warung makan nu hartina nutup pakasaban rahayat mending pamarentah medalkeun SURAT IZIN BOLEH MAKAN MINUM. Surat ijin ieu dibikeun ka: 1. Non Muslim 2. Muslim nu musafir 3. Muslim nu keur gering 4. Awewe nu keur boga halangan Warung makan tetep buka, tapi ngan ngalayanan nu boga surat ijin boleh makan minum, anu teu boga mah teu meunang dilayanan. Duka mujarab henteuna mah usul ieu teh, ngan nu pasti nagara urang bakal asup Guinness World Record, hiji-hijina nagara nu ngaluarkeun surat ijin makan dan minum ....hehehehe WLY --- In [email protected], "Mang Kabayan" <dkabayan@...> wrote: > > Lain euy asa araraneh di urang mah... Nempe di media loba daerah >utamana mah tatar sunda anu ngalakukeun sweeping warung beurang pas > bulan puasa. > > Ari pamikiran kuring mah naha bet warung dahar bet ditutup? Atawa dilarang > buka? Pan laina di daerah eta teh teu sakabehna puasa lin? Loba oge anu teu > paruasa aya anu lain Islam, aya awewe nu keur halangan, gering, jrrd... > Ceunah ngaganggu? Ah ma enya? Nganganggu belahmana na ari geus niat puasa mah > bisina disuguhan sangu tutug oncom + gurame bakar + jamal roti + karedok moal > kagoda ujug-2 kudu buka pan henteu lin? >
