Khusus pikeun Surat Ijin Merokok, syaratnya kudu beurat.
salah sahijina nyaeta, kudu bisa nyiksa jelema. Dibuktikeun ku video
rekaman.
Sabab ngaroko teh nyiksa batur ku haseup rokok. Tah kawani pikeun nyiksa
batur ieu, kudu di buktikeun heula.
he..he..he...
On 08/10/2011 11:30 AM, Ki Hasan wrote:
Hehehe, mun rek ngalamar gawe, bakal nambahan syarat-syarat surat
kelengkapan teh:
1. Surat Katerangan Dokter
2. Surat Katerangan Pulisi
3. Surat Katerangan Lurah
4. Surat Ijin Mngemudi
5. Surat Ijin Mondok
6. Surat Ijin Makan/Minum
7. Surat Ijin Ngarokok
2011/8/10 Waluya <[email protected] <mailto:[email protected]>>
Sweeping warung makan teh ayeuna mah resmi dilakukeun ku aparat
pamarentah (Satpol PP) siga di Ciamis jeung di Sukabumi. Uing boga
usul, tinimbang nutup warung makan nu hartina nutup pakasaban
rahayat mending pamarentah medalkeun SURAT IZIN BOLEH MAKAN MINUM.
Surat ijin ieu dibikeun ka:
1. Non Muslim
2. Muslim nu musafir
3. Muslim nu keur gering
4. Awewe nu keur boga halangan
Warung makan tetep buka, tapi ngan ngalayanan nu boga surat ijin
boleh makan minum, anu teu boga mah teu meunang dilayanan.
Duka mujarab henteuna mah usul ieu teh, ngan nu pasti nagara urang
bakal asup Guinness World Record, hiji-hijina nagara nu
ngaluarkeun surat ijin makan dan minum ....hehehehe
WLY
--- In [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com>,
"Mang Kabayan" <dkabayan@...> wrote:
>
> Lain euy asa araraneh di urang mah... Nempe di media loba daerah
>utamana mah tatar sunda anu ngalakukeun sweeping warung beurang pas
> bulan puasa.
>
> Ari pamikiran kuring mah naha bet warung dahar bet ditutup?
Atawa dilarang buka? Pan laina di daerah eta teh teu sakabehna
puasa lin? Loba oge anu teu paruasa aya anu lain Islam, aya awewe
nu keur halangan, gering, jrrd... Ceunah ngaganggu? Ah ma enya?
Nganganggu belahmana na ari geus niat puasa mah bisina disuguhan
sangu tutug oncom + gurame bakar + jamal roti + karedok moal
kagoda ujug-2 kudu buka pan henteu lin?
>