Sweeping warung makan teh ayeuna mah resmi dilakukeun ku aparat pamarentah 
(Satpol PP) siga di Ciamis jeung di Sukabumi. Uing boga usul,  tinimbang nutup 
warung makan nu hartina nutup pakasaban rahayat mending pamarentah medalkeun 
SURAT IZIN BOLEH MAKAN MINUM. Surat ijin ieu dibikeun ka:

1. Non Muslim
2. Muslim nu musafir
3. Muslim nu keur gering
4. Awewe nu keur boga halangan

Warung makan tetep buka, tapi ngan ngalayanan nu boga surat ijin boleh makan 
minum, anu teu boga mah teu meunang dilayanan. 

Duka mujarab henteuna mah usul ieu teh, ngan nu pasti nagara urang bakal asup 
Guinness World Record, hiji-hijina nagara nu ngaluarkeun surat ijin makan dan 
minum ....hehehehe


WLY


--- In [email protected], "Mang Kabayan" <dkabayan@...> wrote:
>
> Lain euy asa araraneh di urang mah... Nempe di media loba daerah 
>utamana mah tatar sunda anu ngalakukeun sweeping warung beurang pas 
> bulan puasa. 
> 
> Ari pamikiran kuring mah naha bet warung dahar bet ditutup? Atawa dilarang 
> buka? Pan laina di daerah eta teh teu sakabehna puasa lin? Loba oge anu teu 
> paruasa aya anu lain Islam, aya awewe nu keur halangan, gering, jrrd... 
> Ceunah ngaganggu? Ah ma enya? Nganganggu belahmana na ari geus niat puasa mah 
> bisina disuguhan sangu tutug oncom + gurame bakar + jamal roti + karedok moal 
> kagoda ujug-2 kudu buka pan henteu lin? 
> 




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke