Beu, mani ebreh kitu nya dieksposena

Boa-boa, ari prositusi jiga kitu mah, pedah peuting-peuting nya, jadi teu
ngabatalkeun puasa meureun Bah Willy. Hehehe.

2011/8/21 Waluya <[email protected]>

> **
>
>
> Subuh-subuh tas saur kuring mukaan millis, aya posting di millis
> wanita_muslimah nu mere alamat reportase France 24 TV (cenah mah Televisi
> beja siga BBC) perkara Sex Tourism In Indonesia (
> http://www.altmuslimah.com/a/b/a/sex_tourism_in_indonesia/). Reportase ieu
> nyaritakeun kumaha Indonesia jadi tempat "wisata Seks" urang Arab Saudi.
> Cilakana nu disorot jeung diwawancara teh para pelacurna jeung suasana
> kaawasan PUNCAK. Pas urang Arab Saudina mah malah gambarna diteu-jelaskeun.
> Rada ngaheunggeu oge nempo lembur sorangan dibejakeun ku TV Internasional
> jadi tempat "Wisata Seks", sanajan keur kuring beja ieu teu aneh deui, sabab
> geus loba dibejakeuun ku media lokal. Nu rada Istimewa teh pedah anyar keneh
> dsiarkeunana tanggal 13 Agustus, jadi pas bulan Puasa (Duka ari kajadianana
> mah).
>
> Sanggeus nempo pilem reportase eta, kuring lalayaran deui, breh teh manggih
> beja cenah kamari (20 Agustus 2011), warung-makan di PUNCAK disweeping, teu
> meunang buka ti beurang salila bulan Puasa.
> http://www.tempointeraktif.com/hg/kriminal/2011/08/21/brk,20110821-352751,id.html
>
> Tina dua beja eta, kuring nagarasa bet aya ironi. Ironina asa can kungsi
> ngadenge/ beja aya massa nu sweeping di kantong prostitusi langganan urang
> Timur Tengah di PUNCAK, tapi malah nu kabejakeun teh bet sweeping warung
> makan nu notabene mah usaha nu halal teu ngalanggar aturan naon-naon. Naha
> nya bet diskriminatif kitu? Enya diskriminatif, siga "diksriminatip"na
> saurang ungkluk (pelacur) nu diwawancara dina reportasi France 24 TV :
> "Kuring leuwih resep lalaki Arab Saudi, tinimbang lalaki Indonesia, sabab
> lalaki Saudi mah loba duit ......"
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>  
>

Kirim email ke