Hahah...lieur nya Mang... Jadi teu salah ceuk kuring oge..ayeuna mah nu bener hayang boga pangaruh, nu nyaram neangan kahirupan...atuh pabeulit.Kuduna nu bener jeung nu nyaram kudu sauyunan.Duka kunaon kieu.....lila teuing dijajah jigana.......(sarua sunda oge eukeur dijieun kitu) Lain neangan pangaruh jeung lain neangan kahirupan TM
--- Pada Ming, 21/8/11, Waluya <[email protected]> menulis: Dari: Waluya <[email protected]> Judul: [kisunda] Ironina Lembur Urang .... Kepada: [email protected] Tanggal: Minggu, 21 Agustus, 2011, 4:47 AM Subuh-subuh tas saur kuring mukaan millis, aya posting di millis wanita_muslimah nu mere alamat reportase France 24 TV (cenah mah Televisi beja siga BBC) perkara Sex Tourism In Indonesia (http://www.altmuslimah.com/a/b/a/sex_tourism_in_indonesia/). Reportase ieu nyaritakeun kumaha Indonesia jadi tempat "wisata Seks" urang Arab Saudi. Cilakana nu disorot jeung diwawancara teh para pelacurna jeung suasana kaawasan PUNCAK. Pas urang Arab Saudina mah malah gambarna diteu-jelaskeun. Rada ngaheunggeu oge nempo lembur sorangan dibejakeun ku TV Internasional jadi tempat "Wisata Seks", sanajan keur kuring beja ieu teu aneh deui, sabab geus loba dibejakeuun ku media lokal. Nu rada Istimewa teh pedah anyar keneh dsiarkeunana tanggal 13 Agustus, jadi pas bulan Puasa (Duka ari kajadianana mah). Sanggeus nempo pilem reportase eta, kuring lalayaran deui, breh teh manggih beja cenah kamari (20 Agustus 2011), warung-makan di PUNCAK disweeping, teu meunang buka ti beurang salila bulan Puasa. http://www.tempointeraktif.com/hg/kriminal/2011/08/21/brk,20110821-352751,id.html Tina dua beja eta, kuring nagarasa bet aya ironi. Ironina asa can kungsi ngadenge/ beja aya massa nu sweeping di kantong prostitusi langganan urang Timur Tengah di PUNCAK, tapi malah nu kabejakeun teh bet sweeping warung makan nu notabene mah usaha nu halal teu ngalanggar aturan naon-naon. Naha nya bet diskriminatif kitu? Enya diskriminatif, siga "diksriminatip"na saurang ungkluk (pelacur) nu diwawancara dina reportasi France 24 TV : "Kuring leuwih resep lalaki Arab Saudi, tinimbang lalaki Indonesia, sabab lalaki Saudi mah loba duit ......" Baktos, WALUYA
