Bah Willy, memang aya kaanehan dina hal sidak ieu. Kuduna sidak ti kelompok
eta teh "fair" ulah beurat sabeulah, ulah ukur ka anu teu puasa. Jeung deui,
tina sabagean anu teu puasa teh boa-boa tina golongan anu dimeunangkeun
batal ku agama/syare'at. Dimana nya Islam anu rahmatan lil 'alamin teh?

manar

2011/8/21 Ki Hasan <[email protected]>

> **
>
>
> Beu, mani ebreh kitu nya dieksposena
>
> Boa-boa, ari prositusi jiga kitu mah, pedah peuting-peuting nya, jadi teu
> ngabatalkeun puasa meureun Bah Willy. Hehehe.
>
>
> 2011/8/21 Waluya <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>> Subuh-subuh tas saur kuring mukaan millis, aya posting di millis
>> wanita_muslimah nu mere alamat reportase France 24 TV (cenah mah Televisi
>> beja siga BBC) perkara Sex Tourism In Indonesia (
>> http://www.altmuslimah.com/a/b/a/sex_tourism_in_indonesia/). Reportase
>> ieu nyaritakeun kumaha Indonesia jadi tempat "wisata Seks" urang Arab Saudi.
>> Cilakana nu disorot jeung diwawancara teh para pelacurna jeung suasana
>> kaawasan PUNCAK. Pas urang Arab Saudina mah malah gambarna diteu-jelaskeun.
>> Rada ngaheunggeu oge nempo lembur sorangan dibejakeun ku TV Internasional
>> jadi tempat "Wisata Seks", sanajan keur kuring beja ieu teu aneh deui, sabab
>> geus loba dibejakeuun ku media lokal. Nu rada Istimewa teh pedah anyar keneh
>> dsiarkeunana tanggal 13 Agustus, jadi pas bulan Puasa (Duka ari kajadianana
>> mah).
>>
>> Sanggeus nempo pilem reportase eta, kuring lalayaran deui, breh teh
>> manggih beja cenah kamari (20 Agustus 2011), warung-makan di PUNCAK
>> disweeping, teu meunang buka ti beurang salila bulan Puasa.
>> http://www.tempointeraktif.com/hg/kriminal/2011/08/21/brk,20110821-352751,id.html
>>
>> Tina dua beja eta, kuring nagarasa bet aya ironi. Ironina asa can kungsi
>> ngadenge/ beja aya massa nu sweeping di kantong prostitusi langganan urang
>> Timur Tengah di PUNCAK, tapi malah nu kabejakeun teh bet sweeping warung
>> makan nu notabene mah usaha nu halal teu ngalanggar aturan naon-naon. Naha
>> nya bet diskriminatif kitu? Enya diskriminatif, siga "diksriminatip"na
>> saurang ungkluk (pelacur) nu diwawancara dina reportasi France 24 TV :
>> "Kuring leuwih resep lalaki Arab Saudi, tinimbang lalaki Indonesia, sabab
>> lalaki Saudi mah loba duit ......"
>>
>> Baktos,
>> WALUYA
>>
>>
>  
>

Kirim email ke