Tah lamun kieu kudu sakalian kopdar atuh... Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: Sp Saprudin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 25 Aug 2011 12:14:33 To: [email protected]<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] PIKNIK KA LEMBUR KURING YUU, ULIN KA BASISIR Dulur....baraya.....kunaon kuring lahir di lembur sanes di kota? Ceuk Mang Ubro tanyakeun ka indung siah kunaon make lahir di lembur. Dulur....baraya....kunaon kiwari jalan raya loba anu barolong teu di kota teu di Desa jiga guyangan kebo? Ceuk Mang Dadang tanyakeun ku siah ka PU kunaon jalan make barolong Dulur....baraya.....kunaon kiwari loba jelema sarakah, wani ngadahar duit nagara kujalan korupsi? Ceuk Mang Toha tanyakeun ku siah ka SBY kuanon make ljelema loba korupsi Dulur....baraya.....anu pinter, anu boga titel, anu teu boga tiel, anu jadi guru anu jadi dosen, anu jadi buruh, anu jadi pangusaha, anu jadi PNS anu jadi tukang ojek, kunaon kiwari jelema loba anu palinter, mun jelema loba anu palinter pastina nagara jadi gemah ripah repeh rapih, Tapi kunaon kiwari kacida loba teuing masalah? Ceuk jeleme anu keur nyeuri huntu : gandeng siah ngacaprak bae, teu nyaho sirah aing asa tenggleng!!! Dulur ...baraya....aya tempat anu cukup lumayan endah pikeun niiskeun pikiran, tempat anu kudu dijujug nyaeta Pantai Sawarna di Kec. Bayah, Kab. Lebak - Banten. Bilihna aya resep touring, cig cobian jalur-jalu anu dihandap ieu : Ti arah Bandung - Sukabumi - Pelabuhan Ratu - Bayah - Pantai Sawarna Ti arah Bogor - Pelabuhan Ratu - Bayah - Pantai Sawarna Ti arah Jakarta - Serang - Pandeglang - Malingping - Bayah - Pantai Sawarna Ti arah Jakarta - Bogor - Pelabuhan Ratu - Bayah - Pantai Sawarna Ti Arah Amerika - Indonesia (Soekarno - Hatta Airport International) Ti Arah Eropa - Indonesia (Soekarno - Hatta Airport International) Kangge informasi, mangga nyuhunkeun bantosan ka Mbah Google, rea balatak informasi ngenaan eta pantai Sawarna. Hatur nuhun
