Nuhun kang Saprudin Infona, Insya Alloh abdi hiji waktu seja nganjang ka
basisir Sawarna. Atuh lamun tea mah anggota milist sapuk kopdar didinya
(sigana KT panitiana), Insya Alloh sugan pareng waktuna, si kuring miluan.
Oge "Geomagz, Majalah Geologi Populer" anu baris terbit sigana mah rek muat
foto2 basisir Sawarna, hasil jepretan kang Oki.

Aeh, ari kang Saprudin sorangan dumuk di wewengkon basisir pakidulan? di
bayah atawa di Sawarna.


salam sono,
manar

2011/8/25 Sp Saprudin <[email protected]>

> **
>
>
> Dulur....baraya.....kunaon kuring lahir di lembur sanes di kota? Ceuk Mang
> Ubro tanyakeun ka indung siah kunaon make lahir di lembur.
> Dulur....baraya....kunaon kiwari  jalan raya loba anu barolong teu di kota
> teu di Desa jiga guyangan kebo? Ceuk Mang Dadang tanyakeun ku siah ka PU
> kunaon jalan make barolong
> Dulur....baraya.....kunaon kiwari loba jelema sarakah, wani ngadahar duit
> nagara kujalan korupsi? Ceuk Mang Toha tanyakeun ku siah ka SBY kuanon make
> ljelema loba korupsi
>
> Dulur....baraya.....anu pinter, anu boga titel, anu teu boga tiel, anu jadi
> guru anu jadi dosen, anu jadi buruh, anu jadi pangusaha, anu jadi PNS anu
> jadi tukang ojek, kunaon kiwari jelema loba anu palinter, mun jelema loba
> anu palinter pastina nagara jadi gemah ripah repeh rapih, Tapi kunaon kiwari
> kacida loba teuing masalah? Ceuk jeleme anu keur nyeuri huntu : gandeng siah
> ngacaprak bae, teu nyaho sirah aing asa tenggleng!!!
>
> Dulur ...baraya....aya tempat anu cukup lumayan endah pikeun niiskeun
> pikiran, tempat anu kudu dijujug nyaeta
> Pantai Sawarna di Kec. Bayah, Kab. Lebak - Banten. Bilihna aya resep
> touring, cig cobian jalur-jalu anu dihandap ieu :
>
> Ti arah Bandung - Sukabumi - Pelabuhan Ratu - Bayah - Pantai Sawarna
>
> Ti arah Bogor - Pelabuhan Ratu - Bayah - Pantai Sawarna
>
> Ti arah Jakarta - Serang - Pandeglang - Malingping - Bayah - Pantai Sawarna
>
> Ti arah Jakarta - Bogor - Pelabuhan Ratu - Bayah - Pantai Sawarna
>
> Ti Arah Amerika - Indonesia (Soekarno - Hatta Airport International)
>
> Ti Arah Eropa - Indonesia (Soekarno - Hatta Airport International)
>
> Kangge informasi, mangga nyuhunkeun bantosan ka Mbah Google, rea balatak
> informasi ngenaan eta pantai Sawarna.
>
> Hatur nuhun
>
>  
>

Kirim email ke