Dulur....baraya.....kunaon kuring lahir di lembur sanes di kota? Ceuk Mang Ubro
tanyakeun ka indung siah kunaon make lahir di lembur.
Dulur....baraya....kunaon kiwari jalan raya loba anu barolong teu di kota teu
di Desa jiga guyangan kebo? Ceuk Mang Dadang tanyakeun ku siah ka PU kunaon
jalan make barolong
Dulur....baraya.....kunaon kiwari loba jelema sarakah, wani ngadahar duit
nagara kujalan korupsi? Ceuk Mang Toha tanyakeun ku siah ka SBY kuanon make
ljelema loba korupsi
Dulur....baraya.....anu pinter, anu boga titel, anu teu boga tiel, anu jadi
guru anu jadi dosen, anu jadi buruh, anu jadi pangusaha, anu jadi PNS anu jadi
tukang ojek, kunaon kiwari jelema loba anu palinter, mun jelema loba anu
palinter pastina nagara jadi gemah ripah repeh rapih, Tapi kunaon kiwari kacida
loba teuing masalah? Ceuk jeleme anu keur nyeuri huntu : gandeng siah ngacaprak
bae, teu nyaho sirah aing asa tenggleng!!!
Dulur ...baraya....aya tempat anu cukup lumayan endah pikeun niiskeun pikiran,
tempat anu kudu dijujug nyaeta
Pantai Sawarna di Kec. Bayah, Kab. Lebak - Banten. Bilihna aya resep touring,
cig cobian jalur-jalu anu dihandap ieu :
Ti arah Bandung - Sukabumi - Pelabuhan Ratu - Bayah - Pantai Sawarna
Ti arah Bogor - Pelabuhan Ratu - Bayah - Pantai Sawarna
Ti arah Jakarta - Serang - Pandeglang - Malingping - Bayah - Pantai Sawarna
Ti arah Jakarta - Bogor - Pelabuhan Ratu - Bayah - Pantai Sawarna
Ti Arah Amerika - Indonesia (Soekarno - Hatta Airport International)
Ti Arah Eropa - Indonesia (Soekarno - Hatta Airport International)
Kangge informasi, mangga nyuhunkeun bantosan ka Mbah Google, rea balatak
informasi ngenaan eta pantai Sawarna.
Hatur nuhun