Sawarna? kuring mah ingetna kana sale cau jeung salah sahiji kafe steak di 
jalan Cilaki Bandung nu bogana urang Sawarna (Lamuj teu salah mah lurah 
Sawarna) .....

WLY 

--- In [email protected], Sp Saprudin <udarider@...> wrote:
>
> Dulur....baraya.....kunaon kuring lahir di lembur sanes di kota? Ceuk Mang 
> Ubro tanyakeun ka indung siah kunaon make lahir di lembur.
> Dulur....baraya....kunaon kiwari  jalan raya loba anu barolong teu di kota 
> teu di Desa jiga guyangan kebo? Ceuk Mang Dadang tanyakeun ku siah ka PU 
> kunaon jalan make barolong
> Dulur....baraya.....kunaon kiwari loba jelema sarakah, wani ngadahar duit 
> nagara kujalan korupsi? Ceuk Mang Toha tanyakeun ku siah ka SBY kuanon make 
> ljelema loba korupsi
>  
> Dulur....baraya.....anu pinter, anu boga titel, anu teu boga tiel, anu jadi 
> guru anu jadi dosen, anu jadi buruh, anu jadi pangusaha, anu jadi PNS anu 
> jadi tukang ojek, kunaon kiwari jelema loba anu palinter, mun jelema loba anu 
> palinter pastina nagara jadi gemah ripah repeh rapih, Tapi kunaon kiwari 
> kacida loba teuing masalah? Ceuk jeleme anu keur nyeuri huntu : gandeng siah 
> ngacaprak bae, teu nyaho sirah aing asa tenggleng!!!
>  
> Dulur ...baraya....aya tempat anu cukup lumayan endah pikeun niiskeun 
> pikiran, tempat anu kudu dijujug nyaeta
> Pantai Sawarna di Kec. Bayah, Kab. Lebak - Banten. Bilihna aya resep touring, 
> cig cobian jalur-jalu anu dihandap ieu :
>  
> Ti arah Bandung - Sukabumi - Pelabuhan Ratu - Bayah - Pantai Sawarna
>  
> Ti arah Bogor - Pelabuhan Ratu - Bayah - Pantai Sawarna
>  
> Ti arah Jakarta - Serang - Pandeglang - Malingping - Bayah - Pantai Sawarna
>  
> Ti arah Jakarta - Bogor - Pelabuhan Ratu - Bayah - Pantai Sawarna
>  
> Ti Arah Amerika - Indonesia (Soekarno - Hatta Airport International)
>  
> Ti Arah Eropa - Indonesia (Soekarno - Hatta Airport International)
>  
> Kangge informasi, mangga nyuhunkeun bantosan ka Mbah Google, rea balatak 
> informasi ngenaan eta pantai Sawarna.
>  
> Hatur nuhun
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke