Baraya, perkara usulan HBH tea.
Tadi uing ngobrol jeung Kang Oman.
Noong usulan Kang Yani, Kang Ilen, oge baraya sejenna.
Upama rek ngarumpul silaturahmi lebaran, Kang Oman sareng Kang Agus Roche,
sadia nyayagikeun tempat:

Tanggal: Saptu, 3 September 2011
Tempat: Wisma Geologi, Jl Diponegoro Bandung
Jam:  jigana pabeubeurang nepi ka sore nya

Ngan wae, kulantaran ngadadak, panitiana ge saayana wae,
Perkara konsumsi, wayahna tong kudu disuguhan ku panitia nya.
Marekel we masing-masing kakaren lebaran, purak babarengan.
Hehehe.

Baktosna,
pun uing,
-mh-

Kirim email ke