Kang Ilen, haturan, diantos kasumpinganana. Sigana waktosna pas, sabab acara HBH ieu dikawitan siang, kl tbh 13.
manar 2011/8/28 ilen kardani <[email protected]> > ** > > > Kang Oman, > > Hatur nuhun kana bewarana, manawi diparengkeun sim kuring bade ngaluuhan > acara mung dongkapna rada siangan margi enjing-enjingna ngariung heula > sakulawargi di Lengkong. > > Baktosna, > > ilen kardani > > ------------------------------ > *From:* oman abdurahman <[email protected]> > *To:* [email protected] > *Cc:* urang sunda <[email protected]> > *Sent:* Sunday, August 28, 2011 6:44 AM > *Subject:* Re: [kisunda] HBH 2011? > > > Nuhun Mh., > > Baraya sadaya, konfirmasi wae ieu mah jeung sakalian ngalengkepan informasi > ti Mh. Enya, urang ngariung leutik atawa itung-itung siduru isuk, minangkana > mah HBH bari tepung sono silaturahim ku geus lawas teu ruang-riung. Mangga > dihaturanan kasumpinganana di/dina: > > Poe/Tanggal : Saptu, 3 September 2011 > Waktu : Pk 13.00 nepi ka rengse (ancer-ancer pk 17.30) > Tempat : > > Wisma Geologi, Jl. Taman Cempaka No 1 Bandung (lebet ti Jl. Gandapura, Jl. > Gandapura tiasa disorang ti Jl. Riau atawa Jl. RE.Martadina lebet tipayuneun > Taman Pramuka. Wisma Geologi henteu tebih ti Stadion Persib Jln Aceh. Ka anu > apalna ktr Geologi di Jl Diponegoro, teu nanaon, wartosan wae panitia (Kang > Agus Roche, HP: 02292166111) upama geus nepi ka di Jl Diponegoro. > > Agenda: > Silaturahim, rarancang ngadegkeun paguyuban Raksa Citarum, jsb. > > ------------ > > Mang Kabayan, abah Aqis, Kang Tirta, Kang Rachmat Rawyani, Kang Ilen, Abah > Abbas oge nu sanesna mangga diantos kasumpinganana dina waktosna. Kang Agus > Roche ti distro Sunda bade mawa balad aya 10 urang, saurna. Oge aya > sababaraha balad ti Paguyuban Raksa Citarum anu seja hadir. Teu kakantun, > Ceui Ida ti JRSP insya Alloh hadir dina waktuna. > > Ka anu bade hadir, mangga diantos konfrimasina. > > > baktosna, > pun > manar > > 2011/8/27 Ki Hasan <[email protected]> > > ** > > Baraya, perkara usulan HBH tea. > Tadi uing ngobrol jeung Kang Oman. > Noong usulan Kang Yani, Kang Ilen, oge baraya sejenna. > Upama rek ngarumpul silaturahmi lebaran, Kang Oman sareng Kang Agus Roche, > sadia nyayagikeun tempat: > > Tanggal: Saptu, 3 September 2011 > Tempat: Wisma Geologi, Jl Diponegoro Bandung > Jam: jigana pabeubeurang nepi ka sore nya > > Ngan wae, kulantaran ngadadak, panitiana ge saayana wae, > Perkara konsumsi, wayahna tong kudu disuguhan ku panitia nya. > Marekel we masing-masing kakaren lebaran, purak babarengan. > Hehehe. > > Baktosna, > pun uing, > -mh- > > > > > >
