Nuhun Mh.,

Baraya sadaya, konfirmasi wae ieu mah jeung sakalian ngalengkepan informasi
ti Mh. Enya, urang ngariung leutik atawa itung-itung siduru isuk, minangkana
mah HBH bari tepung sono silaturahim ku geus lawas teu ruang-riung. Mangga
dihaturanan kasumpinganana di/dina:

Poe/Tanggal       : Saptu, 3 September 2011
Waktu               : Pk 13.00 nepi ka rengse (ancer-ancer pk 17.30)
Tempat              :

Wisma Geologi, Jl. Taman Cempaka No 1 Bandung (lebet ti Jl. Gandapura, Jl.
Gandapura tiasa disorang ti Jl. Riau atawa Jl. RE.Martadina lebet tipayuneun
Taman Pramuka. Wisma Geologi henteu tebih ti Stadion Persib Jln Aceh. Ka anu
apalna ktr Geologi di Jl Diponegoro, teu nanaon, wartosan wae panitia (Kang
Agus Roche, HP: 02292166111) upama geus nepi ka di Jl Diponegoro.

Agenda:
Silaturahim, rarancang ngadegkeun paguyuban Raksa Citarum, jsb.

------------

Mang Kabayan, abah Aqis, Kang Tirta, Kang Rachmat Rawyani, Kang Ilen, Abah
Abbas oge nu sanesna mangga diantos kasumpinganana dina waktosna. Kang Agus
Roche ti distro Sunda bade mawa balad aya 10 urang, saurna. Oge aya
sababaraha balad ti Paguyuban Raksa Citarum anu seja hadir. Teu kakantun,
Ceui Ida ti JRSP insya Alloh hadir dina waktuna.

Ka anu bade hadir, mangga diantos konfrimasina.


baktosna,
pun
manar

2011/8/27 Ki Hasan <[email protected]>

> **
>
>
> Baraya, perkara usulan HBH tea.
> Tadi uing ngobrol jeung Kang Oman.
> Noong usulan Kang Yani, Kang Ilen, oge baraya sejenna.
> Upama rek ngarumpul silaturahmi lebaran, Kang Oman sareng Kang Agus Roche,
> sadia nyayagikeun tempat:
>
> Tanggal: Saptu, 3 September 2011
> Tempat: Wisma Geologi, Jl Diponegoro Bandung
> Jam:  jigana pabeubeurang nepi ka sore nya
>
> Ngan wae, kulantaran ngadadak, panitiana ge saayana wae,
> Perkara konsumsi, wayahna tong kudu disuguhan ku panitia nya.
> Marekel we masing-masing kakaren lebaran, purak babarengan.
> Hehehe.
>
> Baktosna,
> pun uing,
> -mh-
>
>  
>

Kirim email ke