Pami judul acara na ieu naon kang? kanggo di warta keun dina undangan ,...

--- In [email protected], oman abdurahman <omanarah@...> wrote:
>
> Nuhun Mh.,
> 
> Baraya sadaya, konfirmasi wae ieu mah jeung sakalian ngalengkepan informasi
> ti Mh. Enya, urang ngariung leutik atawa itung-itung siduru isuk, minangkana
> mah HBH bari tepung sono silaturahim ku geus lawas teu ruang-riung. Mangga
> dihaturanan kasumpinganana di/dina:
> 
> Poe/Tanggal       : Saptu, 3 September 2011
> Waktu               : Pk 13.00 nepi ka rengse (ancer-ancer pk 17.30)
> Tempat              :
> 
> Wisma Geologi, Jl. Taman Cempaka No 1 Bandung (lebet ti Jl. Gandapura, Jl.
> Gandapura tiasa disorang ti Jl. Riau atawa Jl. RE.Martadina lebet tipayuneun
> Taman Pramuka. Wisma Geologi henteu tebih ti Stadion Persib Jln Aceh. Ka anu
> apalna ktr Geologi di Jl Diponegoro, teu nanaon, wartosan wae panitia (Kang
> Agus Roche, HP: 02292166111) upama geus nepi ka di Jl Diponegoro.
> 
> Agenda:
> Silaturahim, rarancang ngadegkeun paguyuban Raksa Citarum, jsb.
> 
> ------------
> 
> Mang Kabayan, abah Aqis, Kang Tirta, Kang Rachmat Rawyani, Kang Ilen, Abah
> Abbas oge nu sanesna mangga diantos kasumpinganana dina waktosna. Kang Agus
> Roche ti distro Sunda bade mawa balad aya 10 urang, saurna. Oge aya
> sababaraha balad ti Paguyuban Raksa Citarum anu seja hadir. Teu kakantun,
> Ceui Ida ti JRSP insya Alloh hadir dina waktuna.
> 
> Ka anu bade hadir, mangga diantos konfrimasina.
> 
> 
> baktosna,
> pun
> manar
> 
> 2011/8/27 Ki Hasan <khs579@...>
> 
> > **
> >
> >
> > Baraya, perkara usulan HBH tea.
> > Tadi uing ngobrol jeung Kang Oman.
> > Noong usulan Kang Yani, Kang Ilen, oge baraya sejenna.
> > Upama rek ngarumpul silaturahmi lebaran, Kang Oman sareng Kang Agus Roche,
> > sadia nyayagikeun tempat:
> >
> > Tanggal: Saptu, 3 September 2011
> > Tempat: Wisma Geologi, Jl Diponegoro Bandung
> > Jam:  jigana pabeubeurang nepi ka sore nya
> >
> > Ngan wae, kulantaran ngadadak, panitiana ge saayana wae,
> > Perkara konsumsi, wayahna tong kudu disuguhan ku panitia nya.
> > Marekel we masing-masing kakaren lebaran, purak babarengan.
> > Hehehe.
> >
> > Baktosna,
> > pun uing,
> > -mh-
> >
> >  
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke