Sumuhun kang. Ungkap, ungkapan, mengungkapkan sareng mengungkap dina basa Indonesia langkung caket kana nu kaluar tina baham. Mengungkap caket kana maksa ngaku.
Saleresna dina basa Indonesia oge aya kecap menyingkapkan. Kapungkur mah abdi sering mendakan eta kecap dina tulisan-tulisan. Tapi kadieunakeun seuer dianggo kecap mengungkap. Tos heula nya hese ngetikna ari bari lalampahan the. He he he. Powered by Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: Dudi Herlianto <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Wed, 14 Sep 2011 16:21:19 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] 'urang sunda' jago? jago mana, eep atawa ahmad? nuhun kang asep. janten saleresna mah, mun ningal kana dua kamus eta, singkab langkung sah diangge. komo da dina jonathan rigg mah kecap ungkab teh teu aya geuning. ngan jigana kuring milih ungkab teh leuwih ka masalah rasa. ongkoh sateuacan nulis kuring teu kungsi heula mukaan kamus. cekeng teh, kecap singkab, jigana gara gara ngandung hurup i, asana teh ngan saeutik. leutik. jiga 'i' dina kutil, atawa pentil. makana terus kuring milih kecap ungkab, nu asa leuwih badag, leuwih rohaka. cocog jeung korupsi nu keur mahabu... 2011/9/14 <[email protected]> > ** > > > ** Upami dana kamus R. R. Hardjadibratamah singkap teh hartosna > diantawisna: > 1. Turned open, > 2. Be blown up / be open / be opened > > Powered by Telkomsel BlackBerry® > ------------------------------ > *From: * Dudi Herlianto <[email protected]> > *Sender: * [email protected] > *Date: *Wed, 14 Sep 2011 15:18:19 +0700 > *To: *<[email protected]> > *ReplyTo: * [email protected] > *Subject: *Re: [kisunda] 'urang sunda' jago? jago mana, eep atawa ahmad? > > > > nu kabayang ku kuring mah kang asep, muka korupsi teu jiga nyingkabkeun > anderok (heuheu), nu saur jonathan rigg (kamus nu ayeuna deukeut jeung > kuring) hartina to lift up a little, to rise on one side. tapi jiga muka > tetenong atawa tudung saji, segemblengkan kabuka/kaangkat, henteu ukur > sakedik, teu ukur sasisi. hanjakalna, 'ungkab' geuning teu aya dina kamus > jonathan rigg. ngan mun make rarasaan kuring mah eta teh geus basa sunda. > katambah, basa bieu nyobaan disusud ka google, nu nganggo eta kecap lumayan > seueur. > > sareng kuring sapuk jeung solusi nu disodorkeun ku kang asep. hayu urang > ngadidik generasi saentos urang, ulah kawas urang. nu jiga api lain ka > korupsi. geus dianggap hal nu lumrah. kuring ayeuna saleresna nuju perang > sabil. di lembur indung deuk nyogok sangkan anakna jadi pns. demi minantu > jeung incu, cenah. kuring teu walakaya. teu bisa nulungan nu leuwih ti doa, > sangkan adi kuring geuwat meunang gawe, saacan aya pendaptaran pns anyar! > bilih aya kidulur di dieu gaduh lowongan damel kangge naon wae, pasihan inpo > simkuring.. lah naha jadi curhat nya? punten > > balik deui kana upaya modaran (saur kang runa tea mah) korupsi, dina > dangka saayeunaeun? saur kuring mah salasahijina ngadorong kpk sangkan > leuwih kuat deui. oge ngadorong sangkan pamarentah jeung legislatif gancang > ngarobah palanggeran pikeun ngabeuratkeun hukuman keur koruptor, si maha > rampog tea. > > hatur nuhun > > dudi > > 2011/9/14 <[email protected]> > >> ** >> >> >> ** Kang, perkawis kecap, naha nganggo kecap ngungkabkeun? Sanes kecap >> nyingkabkeun sapertos dina "nyingkabkeun lalangse aheng"? >> >> Perkawis korupsi, nya kedah dicegah ngalangkungan atikan ti SD keneh. >> Salasawios carana kedah diajarkeun ka barudak sakola budaya antri boh >> dipayuneun loket, di payuneun lift, di jalan waktos momobilan/momotoran, >> dugi ka nyiar rejeki di kantor. Dina budaya antri dilarang silih siku silih >> rebut, silih potong. >> >> Pribados mah yakin upami pangandara motor, mobil sae/mewah, mobil butut, >> sareng angkot anu sok ngarebut jalur batur kalayan ngabahayakeun bakal >> janten koruptor upami janten pajabat sanaos ayeuna ceuceuleuweungan anti >> korupsi. >> >> Kadua barudak kedah diajarkeun kajujuran nebihan linyok bohong sareng >> manipulasi. >> >> Ku dua cara ieu diharepkeun barudak engkena bakal anti koropsi mangsa >> anjeunna janten pajabat atanapi janten masarakat/swasta mitra pajabat. >> >> Katiluna jumlah pagawe nagri kedah dikirangan, gajihna diageungan, >> kaahlianana nu unggul (ku cara seleksi nu ketat pisan). Benchmarking sareng >> nagara sanes nu budaya pamarentahanana sae tiasa digunakeun. >> >> Sakieu heula wae margi cape ngetik ku dua jempol mah. >> >> Hatur nuhun >> >> Aschev >> >> >> -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
