nu kabayang ku kuring mah kang asep, muka korupsi teu jiga nyingkabkeun
anderok (heuheu), nu saur jonathan rigg (kamus nu ayeuna deukeut jeung
kuring) hartina to lift up a little, to rise on one side. tapi jiga muka
tetenong atawa tudung saji, segemblengkan kabuka/kaangkat, henteu ukur
sakedik, teu ukur sasisi. hanjakalna, 'ungkab' geuning teu aya dina kamus
jonathan rigg. ngan mun make rarasaan kuring mah eta teh geus basa sunda.
katambah, basa bieu nyobaan disusud ka google, nu nganggo eta kecap lumayan
seueur.

sareng kuring sapuk jeung solusi nu disodorkeun ku kang asep. hayu urang
ngadidik generasi saentos urang, ulah kawas urang. nu jiga api lain ka
korupsi. geus dianggap hal nu lumrah. kuring ayeuna saleresna nuju perang
sabil. di lembur indung deuk nyogok sangkan anakna jadi pns. demi minantu
jeung incu, cenah. kuring teu walakaya. teu bisa nulungan nu leuwih ti doa,
sangkan adi kuring geuwat meunang gawe, saacan aya pendaptaran pns anyar!
bilih aya kidulur di dieu gaduh lowongan damel kangge naon wae, pasihan inpo
simkuring.. lah naha jadi curhat nya? punten

balik deui kana upaya modaran (saur kang runa tea mah) korupsi,  dina dangka
saayeunaeun? saur kuring mah salasahijina ngadorong kpk sangkan leuwih kuat
deui. oge ngadorong sangkan pamarentah jeung legislatif gancang ngarobah
palanggeran pikeun ngabeuratkeun hukuman keur koruptor, si maha rampog tea.

hatur nuhun

dudi

2011/9/14 <[email protected]>

> **
>
>
> ** Kang, perkawis kecap, naha nganggo kecap ngungkabkeun? Sanes kecap
> nyingkabkeun sapertos dina "nyingkabkeun lalangse aheng"?
>
> Perkawis korupsi, nya kedah dicegah ngalangkungan atikan ti SD keneh.
> Salasawios carana kedah diajarkeun ka barudak sakola budaya antri boh
> dipayuneun loket, di payuneun lift, di jalan waktos momobilan/momotoran,
> dugi ka nyiar rejeki di kantor. Dina budaya antri dilarang silih siku silih
> rebut, silih potong.
>
> Pribados mah yakin upami pangandara motor, mobil sae/mewah, mobil butut,
> sareng angkot anu sok ngarebut jalur batur kalayan ngabahayakeun bakal
> janten koruptor upami janten pajabat sanaos ayeuna ceuceuleuweungan anti
> korupsi.
>
> Kadua barudak kedah diajarkeun kajujuran nebihan linyok bohong sareng
> manipulasi.
>
> Ku dua cara ieu diharepkeun barudak engkena bakal anti koropsi mangsa
> anjeunna janten pajabat atanapi janten masarakat/swasta mitra pajabat.
>
> Katiluna jumlah pagawe nagri kedah dikirangan, gajihna diageungan,
> kaahlianana nu unggul (ku cara seleksi nu ketat pisan). Benchmarking sareng
> nagara sanes nu budaya pamarentahanana sae tiasa digunakeun.
>
> Sakieu heula wae margi cape ngetik ku dua jempol mah.
>
> Hatur nuhun
>
> Aschev
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * Dudi Herlianto <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Wed, 14 Sep 2011 14:08:04 +0700
> *To: *Urangsunda<[email protected]>; <[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *[kisunda] 'urang sunda' jago? jago mana, eep atawa ahmad?
>
>
>
> sanggeus bulan kamari, 22 agustus 2011, bupati teu-aktip subang, eep
> hidayat, nu divonis bebas ku pangadilan tindak pidana korupsi (tipikor)
> bandung, bulan ieu, september 2011, giliran wakil walikota teu-aktip bogor,
> ahmad ru'yat nu meunang berekah sarupa, divonis bebas ku pangadilan nu
> sarua.
>
> dua pupucuk kabupaten/kota di jawa barat, nu salawasna diklaim salaku tatar
> sunda tea teh didakwa ku tuduhan nu sarupa: KORUPSI. eep didakwa ku kasus
> korupsi *biaya pemungutan pajak bumi dan bangunan* (sundana kira-kira:
> beya mulung pajeg lemah jeung wangun. heuheu) taun 2005-2008 sedengkeun
> ahmad didakwa kasus korupsi dana apbd taun 2002.
>
> tah dua vonis bebas nu dikaluarkeun ku pangadilan tipikor teh disababkeun,
> cek hakim, teu aya bukti nu nuduhkeun yen eep ngalakukeun hal nu ngarugikeun
> nagara. atawa ahmad nu teu kabukti ngilu ngalakukeun langsung eta korupsi.
>
> kasus korupsi ahmad ru'yat oge ti mimiti kaungkab di tungtung 2010 henteu
> nyieun bogor harengheng, ukur tinggelentis saeutik, sesana hare-hare. aya
> eta ge demo ngan ti bobotoh ahmad ru'yatna sorangan. jigana kasus nu tumiba
> ka pa wakil teh eleh ku warta nu dijieun ku walikotana. kawin deuina diani
> budiarto di bulan juni 2011 jeung riceuwna pangadegan gareja di wilayah kota
> bogor bisa nyilep kasus ahmad ka handap. beritana eleh saing jeung berita
> ngeunaan pa walikota sorangan.
>
> beda jeung nu tumiba ka eep hidayat. pa bupati nu resep make iket sunda teh
> hasil nyieun subang harengheng. diantara nu pangpalingna nyaeta basa manehna
> di awal taun 2011 ngajak pupuhu dprd subang, wakil bupati subang, pns eselon
> 2 jeung tilu malah staf jeung guru ge kawartakeun ngilu keur ngademo
> ditetepkeunna eep jadi kadakwa korupsi ku pangadilan. malah basa vonis bebas
> ge aya rarancang keur ngarak eep numpak sisingaan ngurilingan kota subang.
> cek pupuhu humas kabupaten subang, rarancang eta teh kahayang masarakat keur
> manjatkeun sukur. duh, bupati nu luar biasa hebat nya?
>
> --
>
> vonis bebas tina dakwaan korupsi memang lain wae jadi berekah dua pupuhu
> wilayah sunda eta. masih di tatar nu sarua, dina bulan agustus 2011,
> pangadilan tipikor bandung ge geus ngetok palu bebas keur kapala dinas
> budaya jeung pariwisata kota bandung, priatna wirasaputra, nu kalibet kasus
> korupsi relokasi padagang emperan.
>
> jeung lamun urang ngasupkeun kecap konci '*terdakwa korupsi bebas*' ka
> mesin panyusud google, di kaca hareup urang bakal manggihan, di luar tilu
> kasus nu geus disebut, sahenteuna hiji kasus bebasna kadakwa korupsi di
> bulan september 2011, dua kasus di bulan agustus 2011, jeung aya warta nu
> nyebutkeun di pangadilan tipikor surabaya, ti mimiti ngadeg, aya 16 kasus nu
> sarupa kitu.
>
> data-data di luhur nuduhkeun yen kasus korupsi teh kasus hese. ku kaayaan
> indonesia cara ayeuna bakal kacida susahna keur ngabuktikeun korupsina para
> mahamaling jeung megarampog ieu di pangadilan. hal ieu teu lepas ti sistem
> hukum jeung politik di indonesia. hukum nu teu seukeut jeung politik nu
> riweuh ngurus sorangan. jadina mahamalingmegarampog leuwih palinceng dina
> susulumputan jeung luak-leok nyingkahan panggetok hukuman. pakakas hukum
> (polisi jeung jaksa) mintul, teu sanggup leuwih rohaka dina nyiar bukti.
> kitu deui politikus nu ukur rame riceuw di media koncara.
>
> rea nu mere jalan kaluar keur ieu kaayaan. ti mimiti ngarobah istilah keur
> rampog duit rahayat ieu, ulah deui koruptor nu kareungeuna hade, sabab
> ahiran -tor cenah ngeunaheun persis cara mun urang ngadenge kecap editor
> atawa aktor. ganti we cenah ku ahiran -pret, korupret ngarang karengeuna
> goreng cara kampret.
>
> aya oge nu ngusahakeun sangkan komisi pemberantasan korupsi (kpk) dikuatan
> deui. sabab sanggeus dicehcer ku kasus pupuhuna, antasari azhar taun 2009
> alatan dituduh maehan nu dijerona aya carita salingkuh, kpk ditiley
> kakuatanna nyirorot. beuki rea jalma nu wani nambalang malah hayang mareuman
> ka lembaga nu dijieun sabab rohakana korupsi di indonesia teh.
>
> teu hilap rea nu hayang sangkan undang-undang ngeunaan korupsi dirobah.
> hukuman keur rampog ieu ditambahan, metode ngabuktikeunna dibalik, lain deui
> jaksa nu kudu ngabuktikeun aya henteuna korupsi, tapi nu didakwa nu kudu
> ngabuktikeun duit eta meunang ti mana jeung rea-rea deui.
>
> tah ayeuna, kuring kalah bingung mikiran tungtungna. kudu dikumahakeun tah
> si korupsi teh atuh?
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> paciringan.wordpress.com
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>
>    __.,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke