test...test...test....test....
naha lelet kieu yahoo teh nyah? asup angin meureun !

Dari: "[email protected]" <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Dikirim: Rabu, 14 September 2011 14:54
Judul: Re: [kisunda] 'urang sunda' jago? jago mana, eep atawa ahmad?


  
Kang, perkawis kecap, naha nganggo kecap ngungkabkeun? Sanes kecap nyingkabkeun 
sapertos dina "nyingkabkeun lalangse aheng"? 

Perkawis korupsi, nya kedah dicegah ngalangkungan atikan ti SD keneh. 
Salasawios carana kedah diajarkeun ka barudak sakola budaya antri boh 
dipayuneun loket, di payuneun lift, di jalan waktos momobilan/momotoran, dugi 
ka nyiar rejeki di kantor. Dina budaya antri dilarang silih siku silih rebut, 
silih potong.

Pribados mah yakin upami pangandara motor, mobil sae/mewah, mobil butut, sareng 
angkot anu sok ngarebut jalur batur kalayan ngabahayakeun bakal janten koruptor 
upami janten pajabat sanaos ayeuna ceuceuleuweungan anti korupsi.

Kadua barudak kedah diajarkeun kajujuran nebihan linyok bohong sareng 
manipulasi.

Ku dua cara ieu diharepkeun barudak engkena bakal anti koropsi mangsa anjeunna 
janten pajabat atanapi janten masarakat/swasta mitra pajabat.

Katiluna jumlah pagawe nagri kedah dikirangan, gajihna diageungan, kaahlianana 
nu unggul (ku cara seleksi nu ketat pisan). Benchmarking sareng nagara sanes nu 
budaya pamarentahanana sae tiasa digunakeun.

Sakieu heula wae margi cape ngetik ku dua jempol mah.

Hatur nuhun

Aschev 
Powered by Telkomsel BlackBerry®
From: Dudi Herlianto <[email protected]> 
Sender: [email protected] 
Date: Wed, 14 Sep 2011 14:08:04 +0700
To: Urangsunda<[email protected]>; <[email protected]>
ReplyTo: [email protected] 
Subject: [kisunda] 'urang sunda' jago? jago mana, eep atawa ahmad?
  
sanggeus bulan kamari, 22 agustus 2011, bupati teu-aktip subang, eep hidayat, 
nu divonis bebas ku pangadilan tindak pidana korupsi (tipikor) bandung, bulan 
ieu, september 2011, giliran wakil walikota teu-aktip bogor, ahmad ru'yat nu 
meunang berekah sarupa, divonis bebas ku pangadilan nu sarua. 

dua pupucuk kabupaten/kota di jawa barat, nu salawasna diklaim salaku tatar 
sunda tea teh didakwa ku tuduhan nu sarupa: KORUPSI. eep didakwa ku kasus 
korupsi biaya pemungutan pajak bumi dan bangunan (sundana kira-kira: beya 
mulung pajeg lemah jeung wangun. heuheu) taun 2005-2008 sedengkeun ahmad 
didakwa kasus korupsi dana apbd taun 2002.

tah dua vonis bebas nu dikaluarkeun ku pangadilan tipikor teh disababkeun, cek 
hakim, teu aya bukti nu nuduhkeun yen eep ngalakukeun hal nu ngarugikeun 
nagara. atawa ahmad nu teu kabukti ngilu ngalakukeun langsung eta korupsi.

kasus korupsi ahmad ru'yat oge ti mimiti kaungkab di tungtung 2010 henteu 
nyieun bogor harengheng, ukur tinggelentis saeutik, sesana hare-hare. aya eta 
ge demo ngan ti bobotoh ahmad ru'yatna sorangan. jigana kasus nu tumiba ka pa 
wakil teh eleh ku warta nu dijieun ku walikotana. kawin deuina diani budiarto 
di bulan juni 2011 jeung riceuwna pangadegan gareja di wilayah kota bogor bisa 
nyilep kasus ahmad ka handap. beritana eleh saing jeung berita ngeunaan pa 
walikota sorangan.

beda jeung nu tumiba ka eep hidayat. pa bupati nu resep make iket sunda teh 
hasil nyieun subang harengheng. diantara nu pangpalingna nyaeta basa manehna di 
awal taun 2011 ngajak pupuhu dprd subang, wakil bupati subang, pns eselon 2 
jeung tilu malah staf jeung guru ge kawartakeun ngilu keur ngademo 
ditetepkeunna eep jadi kadakwa korupsi ku pangadilan. malah basa vonis bebas ge 
aya rarancang keur ngarak eep numpak sisingaan ngurilingan kota subang. cek 
pupuhu humas kabupaten subang, rarancang eta teh kahayang masarakat keur 
manjatkeun sukur. duh, bupati nu luar biasa hebat nya?

--

vonis bebas tina dakwaan korupsi memang lain wae jadi berekah dua pupuhu 
wilayah sunda eta. masih di tatar nu sarua, dina bulan agustus 2011, pangadilan 
tipikor bandung ge geus ngetok palu bebas keur kapala dinas budaya jeung 
pariwisata kota bandung, priatna wirasaputra, nu kalibet kasus korupsi relokasi 
padagang emperan.

jeung lamun urang ngasupkeun kecap konci 'terdakwa korupsi bebas' ka mesin 
panyusud google, di kaca hareup urang bakal manggihan, di luar tilu kasus nu 
geus disebut, sahenteuna hiji kasus bebasna kadakwa korupsi di bulan september 
2011, dua kasus di bulan agustus 2011, jeung aya warta nu nyebutkeun di 
pangadilan tipikor surabaya, ti mimiti ngadeg, aya 16 kasus nu sarupa kitu.

data-data di luhur nuduhkeun yen kasus korupsi teh kasus hese. ku kaayaan 
indonesia cara ayeuna bakal kacida susahna keur ngabuktikeun korupsina para 
mahamaling jeung megarampog ieu di pangadilan. hal ieu teu lepas ti sistem 
hukum jeung politik di indonesia. hukum nu teu seukeut jeung politik nu riweuh 
ngurus sorangan. jadina mahamalingmegarampog leuwih palinceng dina susulumputan 
jeung luak-leok nyingkahan panggetok hukuman. pakakas hukum (polisi jeung 
jaksa) mintul, teu sanggup leuwih rohaka dina nyiar bukti. kitu deui politikus 
nu ukur rame riceuw di media koncara.

rea nu mere jalan kaluar keur ieu kaayaan. ti mimiti ngarobah istilah keur 
rampog duit rahayat ieu, ulah deui koruptor nu kareungeuna hade, sabab ahiran 
-tor cenah ngeunaheun persis cara mun urang ngadenge kecap editor atawa aktor. 
ganti we cenah ku ahiran -pret, korupret ngarang karengeuna goreng cara kampret.

aya oge nu ngusahakeun sangkan komisi pemberantasan korupsi (kpk) dikuatan 
deui. sabab sanggeus dicehcer ku kasus pupuhuna, antasari azhar taun 2009 
alatan dituduh maehan nu dijerona aya carita salingkuh, kpk ditiley kakuatanna 
nyirorot. beuki rea jalma nu wani nambalang malah hayang mareuman ka lembaga nu 
dijieun sabab rohakana korupsi di indonesia teh.

teu hilap rea nu hayang sangkan undang-undang ngeunaan korupsi dirobah. hukuman 
keur rampog ieu ditambahan, metode ngabuktikeunna dibalik, lain deui jaksa nu 
kudu ngabuktikeun aya henteuna korupsi, tapi nu didakwa nu kudu ngabuktikeun 
duit eta meunang ti mana jeung rea-rea deui.

tah ayeuna, kuring kalah bingung mikiran tungtungna. kudu dikumahakeun tah si 
korupsi teh atuh?

-- 
d-: dudi herlianto :-q 
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke