Hade pisan kang Saprudin eta kontribusi basa Sunda Banten ka ieu milist,
jadi nambahan kosa kata basa Sunda. Lamun bisa mah rada mindeng (sering
rutin) kang Saprudin posting basa Sunda Banten ka ieu milist. Taya lian
pikeun ngabeungharan babandaan urang Sunda ngeunaan basa.

Anapon basa Sunda anu ti kang Engkus jeung kang Ilen memang eta kaasup basa
Sunda Priangan anu geus rada heubeul atawa arang dipake jaman ayeuna,
khususna ku barudak ngora atawa entragan anyar. Muga kawidian, si kuring rek
nyoba-nyoba - miheulaan kang Ilen - nerangkeun naon anu kang Saprudin teu
ngarti dina tulisan kang Ilen samemehna :

1. Ngaluuhan = ngahadiran (hadir), ngadatangan (datan). Conto: Ngaluuhan
acara = ngahadiran acara, datang/hadir ka acara

2. Wawadi = talatah, pesen, omat-omatan

3. Aweuhan = gaungna (bs Indonesia: gema), atawa, dina seratan kang Ilen
lamun ditarjamahkeun rada populer, "aweuhan" eta bisa = aura atawa atmosfir

4. Renggat (asana aya oge anu nulis "Rengat") = codeka (?) atawa cacat? (
padanan bs Indonesia = retak), harti anu dituju : ngaganggu

5. Panggalih atawa galih = pikiran, emutan

nomer 4-5 biasa oge dihijkeun jadi sakalimat, conto: "Mugia henteu renggat
galih". Jadi, maksud kang Ilen, mugia henteu tiasa sumpingna anjeunna
nohonan (memenuhi) eta undangan, henteu ngaganggu pikiran anu ngulem.

Sakitu heula.
Cag,
manar





2011/9/15 Sp Saprudin <[email protected]>

> **
>
>
> ieu bahasa sunda tingkat tinggi nyah, kuring urang Banten sok mindeng tara
> ngarti kana kosa kata sunda. Maklum basa sunda anu aya di daerah Banten
> bahasa sunda pasaran.
> conto kalimat anu ku kuring teu ngarti :
> 1. NGALUUHAN
> 2. WAWADI
> 3. AWEUHAN
> 4. RENGGAT
> 5. PANGGALIH
>
> Dihandap ieu conto basa sunda Banten :
> 1. NYAMUNI = NYUMPUT
> 2. TIMU = PANGGIH / TIMUAN = PANGGIHAN
> 3. KANCOLAH = HEUREUY/ELEG
> 4. OCON = HEUREUY/ELEG/BANYOL
> 5. GOGODOH = GORENG CAU
> 6. NYAKCLAK = RAGAG/MURAG
> 7. KOKOJORAN = SASAREAN
> 8. CAWENE = BIKANG/ISTERI
> 9. DIA = SIA/MANEH
> 10. KAMI = KURING/AING
> 11. NARINDAK = INDIT/LEUMPANG
> 12. SEUNDEUHAN = NYALINDUNG/
> 13. NGAHIANG = NGALEUNGIT
> 14.  PASINGSAL = ACAK-ACAKAN
> 15. NONGTOROGAN = NURUSTUNJUNG
> 16. LANGLANG = BELA / DILANGLANG = DIBELAAN
>
> tah eta basa sunda banten, loba keneh can katimu
> Conto basa sunda Banten :
> Ti mana asalna éta budak? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia
> éta budak! Jig geura narindak!
>  **
> *Dari:* ilen kardani <[email protected]>
> *Kepada:* "[email protected]" <[email protected]>
> *Dikirim:* Kamis, 15 September 2011 8:06
> *Judul:* Re: [kisunda] Trs: Undangan HUT - Budi Daya
>
>
>  Rahayu kang Engkus,
>
> Hatur nuhun kana pangangkirna pamugi ulah renggat panggalih wirehna sim
> kuring teu tiasa ngaluuhan dina waktosna margi nuju teu di lembur, mung
> parantos wawadi ka para wargi supados ngawakilan sim kuring.
>
> Pamugi sadayana aya dina kalancaran sinareng nyandak aweuhan anu sae ka
> payunna.
>
> Baktosna,
>
> ilen kardani
>
>  *From:* engkus ruswana <[email protected]>
> *To:* Kisunda <[email protected]>
> *Sent:* Thursday, September 15, 2011 2:07 AM
> *Subject:* [kisunda] Trs: Undangan HUT - Budi Daya [2 Attachments]
>
>
>
>  ----- Pesan yang Diteruskan -----
> *Dari:* engkus ruswana <[email protected]>
> *Kepada:* pusat bkok <[email protected]>; Eddy SUMARAH <
> [email protected]>; Jawa Dwipa <[email protected]>; Retno
> Gunawan <[email protected]>; Puji Astono Ir. <
> [email protected]>; Puji Astono Ir. <[email protected]>; Bagjo
> Indrijanto SH <[email protected]>; Bambang Sapta Darma <
> [email protected]>; Bakti <[email protected]>; Naen Soeryono SH.
> MH. <[email protected]>; Isnur Saat <[email protected]>; Eliyadi <
> [email protected]>; Ilen Kardani <[email protected]>; Ilen Kardani
> Kardani <[email protected]>; Roza Kalasunda <
> [email protected]>
> *Dikirim:* Selasa, 13 September 2011 3:57
> *Judul:* Undangan HUT - Budi Daya
>
>    Sampurasun.
>
> Dengan kerendahan hati, kami mengundang Ibu/bapak/saudara untuk menghadiri
> pangeling-ngeling (Peringatan) ajaran kepenghayatan Organisasi kami yang
> ke-84, yang akan kami langsungkan pada hari Jumat/16 September pukul 19.00
> s/d selesai, bertempat di Gedung Auditorium RRI Bandung, Jl. Dipenogoro
> Nomor 61 (dekat Gedung Sate Bandung).
>
> Besar harapan kami akan kehadiran Ibu/bapak/sdr ke acara dimaksud, dan atas
> kehadirannya kami ucapkan terimakasih.
>
> Rahayu.
> Engkus.
>
>
>
>
>
>
>  
>

Kirim email ke