cawenen sebatan ka wanoja/isteri boh tos nikah, randa, atanapi lajang
mung anu ekstrim mah sebatan "ewe" (sanes jorok), maksadna sami 
isteri/wanoja/bikang anu tos gadung salaki
conto Pak lurah naroskeun isterina Pak Komar ka Pak Udin, saurna : Pak Udin, 
ari ewena si Komar kuanon teu datang basa acara PKK. Coba tempoan ka imahna 
bisi keur geuring".
 
hatur nuhun,

Dari: Runa Inawan™ <[email protected]>
Kepada: Millis Urang Sunda <[email protected]>
Dikirim: Kamis, 15 September 2011 11:23
Judul: Re: [kisunda] Trs: Undangan HUT - Budi Daya


  
Cawene teh hartina kabeh istri boh nu tos nikah atawa teu acan? 

Sent from my BlackBerry®
powered by | Ki Runa Inawan™ |
Twitter: @runainawan Fb: Runa Inawan
www.lipi.go.id www.biologi.lipi.go.id
From: Dudi Herlianto <[email protected]> 
Sender: [email protected] 
Date: Thu, 15 Sep 2011 11:12:57 +0700
To: <[email protected]>
ReplyTo: [email protected] 
Subject: Re: [kisunda] Trs: Undangan HUT - Budi Daya
  
nuhun kang saprudin. jadi beuki rea yeuh kosaakecap sunda kuring. 

kecap-kecap: nyamuni, timu, ocon, nyakclak, cawene, kami, ngahiang jeung 
pasingsal mah kecap nu oge aya jeung sarua hartina jeung basa sunda nu 
digunakeun di lembur kuring, di tutugan gunung balukbuk di banjarasih sumedang.

sedengkeun kecap:kojor, seundeuh, narindak, nongtorogan, jeung langlang sarua 
aya ngan beda harti. kojor di lembur kuring mah paeh--> kokojoran=papaehan; 
seundeuh-->kaseundeuhan=kaanjangan, kadatangan; 
narindak=bertindak (indonesia); nongtorogan=maksa kacida; langlang=ngideran 
bari ningalian hiji patempatan.

kecap: kancolah, gogodoh, jeung dia mah (geus) teu aya nu make. aya ge gegedoh 
nu hartina ampas. gegedoh kopi = ampas kopi.

nuhun kang, sareng dianti kecap sunda banten lianna. :d


2011/9/15 Sp Saprudin <[email protected]>

  
>ieu bahasa sunda tingkat tinggi nyah, kuring urang Banten sok mindeng tara 
>ngarti kana kosa kata sunda. Maklum basa sunda anu aya di daerah Banten bahasa 
>sunda pasaran.
>conto kalimat anu ku kuring teu ngarti :
>1. NGALUUHAN
>2. WAWADI
>3. AWEUHAN
>4. RENGGAT
>5. PANGGALIH
> 
>Dihandap ieu conto basa sunda Banten :
>1. NYAMUNI = NYUMPUT
>2. TIMU = PANGGIH / TIMUAN = PANGGIHAN
>3. KANCOLAH = HEUREUY/ELEG
>4. OCON = HEUREUY/ELEG/BANYOL
>5. GOGODOH = GORENG CAU
>6. NYAKCLAK = RAGAG/MURAG
>7. KOKOJORAN = SASAREAN
>8. CAWENE = BIKANG/ISTERI
>9. DIA = SIA/MANEH
>10. KAMI = KURING/AING
>11. NARINDAK = INDIT/LEUMPANG
>12. SEUNDEUHAN = NYALINDUNG/
>13. NGAHIANG = NGALEUNGIT
>14.  PASINGSAL = ACAK-ACAKAN
>15. NONGTOROGAN = NURUSTUNJUNG
>16. LANGLANG = BELA / DILANGLANG = DIBELAAN
> 
>tah eta basa sunda banten, loba keneh can katimu
>Conto basa sunda Banten :
>Ti mana asalna éta budak? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta 
>budak! Jig geura narindak! 
> 
>
>


-- 
d-: dudi herlianto :-q 
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke