nuhun kang saprudin. jadi beuki rea yeuh kosaakecap sunda kuring.

kecap-kecap: nyamuni, timu, ocon, nyakclak, cawene, kami, ngahiang jeung
pasingsal mah kecap nu oge aya jeung sarua hartina jeung basa sunda nu
digunakeun di lembur kuring, di tutugan gunung balukbuk di banjarasih
sumedang.

sedengkeun kecap:kojor, seundeuh, narindak, nongtorogan, jeung langlang
sarua aya ngan beda harti. kojor di lembur kuring mah paeh-->
kokojoran=papaehan; seundeuh-->kaseundeuhan=kaanjangan, kadatangan;
narindak=*bertindak* (indonesia); nongtorogan=maksa kacida;
langlang=ngideran bari ningalian hiji patempatan.

kecap: kancolah, gogodoh, jeung dia mah (geus) teu aya nu make. aya ge
gegedoh nu hartina *ampas*. gegedoh kopi = *ampas kopi.*

nuhun kang, sareng dianti kecap sunda banten lianna. :d

2011/9/15 Sp Saprudin <[email protected]>

> **
>
>
> ieu bahasa sunda tingkat tinggi nyah, kuring urang Banten sok mindeng tara
> ngarti kana kosa kata sunda. Maklum basa sunda anu aya di daerah Banten
> bahasa sunda pasaran.
> conto kalimat anu ku kuring teu ngarti :
> 1. NGALUUHAN
> 2. WAWADI
> 3. AWEUHAN
> 4. RENGGAT
> 5. PANGGALIH
>
> Dihandap ieu conto basa sunda Banten :
> 1. NYAMUNI = NYUMPUT
> 2. TIMU = PANGGIH / TIMUAN = PANGGIHAN
> 3. KANCOLAH = HEUREUY/ELEG
> 4. OCON = HEUREUY/ELEG/BANYOL
> 5. GOGODOH = GORENG CAU
> 6. NYAKCLAK = RAGAG/MURAG
> 7. KOKOJORAN = SASAREAN
> 8. CAWENE = BIKANG/ISTERI
> 9. DIA = SIA/MANEH
> 10. KAMI = KURING/AING
> 11. NARINDAK = INDIT/LEUMPANG
> 12. SEUNDEUHAN = NYALINDUNG/
> 13. NGAHIANG = NGALEUNGIT
> 14.  PASINGSAL = ACAK-ACAKAN
> 15. NONGTOROGAN = NURUSTUNJUNG
> 16. LANGLANG = BELA / DILANGLANG = DIBELAAN
>
> tah eta basa sunda banten, loba keneh can katimu
> Conto basa sunda Banten :
> Ti mana asalna éta budak? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia
> éta budak! Jig geura narindak!
>  **
> *
> *
> 
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke