Cawene teh hartina kabeh istri boh nu tos nikah atawa teu acan? Sent from my BlackBerry® powered by | Ki Runa Inawan™ | Twitter: @runainawan Fb: Runa Inawan www.lipi.go.id www.biologi.lipi.go.id
-----Original Message----- From: Dudi Herlianto <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 15 Sep 2011 11:12:57 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Trs: Undangan HUT - Budi Daya nuhun kang saprudin. jadi beuki rea yeuh kosaakecap sunda kuring. kecap-kecap: nyamuni, timu, ocon, nyakclak, cawene, kami, ngahiang jeung pasingsal mah kecap nu oge aya jeung sarua hartina jeung basa sunda nu digunakeun di lembur kuring, di tutugan gunung balukbuk di banjarasih sumedang. sedengkeun kecap:kojor, seundeuh, narindak, nongtorogan, jeung langlang sarua aya ngan beda harti. kojor di lembur kuring mah paeh--> kokojoran=papaehan; seundeuh-->kaseundeuhan=kaanjangan, kadatangan; narindak=*bertindak* (indonesia); nongtorogan=maksa kacida; langlang=ngideran bari ningalian hiji patempatan. kecap: kancolah, gogodoh, jeung dia mah (geus) teu aya nu make. aya ge gegedoh nu hartina *ampas*. gegedoh kopi = *ampas kopi.* nuhun kang, sareng dianti kecap sunda banten lianna. :d 2011/9/15 Sp Saprudin <[email protected]> > ** > > > ieu bahasa sunda tingkat tinggi nyah, kuring urang Banten sok mindeng tara > ngarti kana kosa kata sunda. Maklum basa sunda anu aya di daerah Banten > bahasa sunda pasaran. > conto kalimat anu ku kuring teu ngarti : > 1. NGALUUHAN > 2. WAWADI > 3. AWEUHAN > 4. RENGGAT > 5. PANGGALIH > > Dihandap ieu conto basa sunda Banten : > 1. NYAMUNI = NYUMPUT > 2. TIMU = PANGGIH / TIMUAN = PANGGIHAN > 3. KANCOLAH = HEUREUY/ELEG > 4. OCON = HEUREUY/ELEG/BANYOL > 5. GOGODOH = GORENG CAU > 6. NYAKCLAK = RAGAG/MURAG > 7. KOKOJORAN = SASAREAN > 8. CAWENE = BIKANG/ISTERI > 9. DIA = SIA/MANEH > 10. KAMI = KURING/AING > 11. NARINDAK = INDIT/LEUMPANG > 12. SEUNDEUHAN = NYALINDUNG/ > 13. NGAHIANG = NGALEUNGIT > 14. PASINGSAL = ACAK-ACAKAN > 15. NONGTOROGAN = NURUSTUNJUNG > 16. LANGLANG = BELA / DILANGLANG = DIBELAAN > > tah eta basa sunda banten, loba keneh can katimu > Conto basa sunda Banten : > Ti mana asalna éta budak? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia > éta budak! Jig geura narindak! > ** > * > * > > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
